CARITA SUNDA
Kabandang Mojang Sumedang (1)
Dina awal taun 70-an pulisi anu aya di kota Bandung ampir 50 % didomnasi ku urang Sumedang, boh nu asalna ti Sumedang kidul, kaler, kulon jeung wetan puguhing ari ti Sumedang kota mah. Ngalantorna aya nu di Komdak Jabar, di komtabes 86 jl.Merdeka boh nu di Deplat 008 Tegallega, jsb. Ari bapa kuring harita numpang hirup teh di asrama Deplat Tegallega (ayeuna SPN), anu 80 % pangeusi asrama ti Sumedang jeung Kadipaten….!! Waktu eta kuring keur meujeuhna jagjag belejag atuh, karesep teh kana maenbal. Milu jeung klub POP LLB, malah kungsi gabung ka Persib junior, jaman kang Dede Rusli harita saparakanca…..
Atuh puguh we sabatae lamun seug aya kariyaan di wewengkon Sumedang nu jaman harita mah ilaharna sok nanggap maenbal puguh deui ari hajat nasional mah, kuring sok diajak ka lemburna sanggeus meunang ijin ti bapa kuring…..basana teh “Kang nginjeum budak lah tilu atawa opat poe mah…., rek sina maen di lembur”. Da kitu geuning baheula mah pulisi teh jiga areuweuh gawe, teu sibuk kawas ayeuna…..????! Cag heula…
Suka · · Berhenti Mengikuti Kiriman · 18 jam yang lalu
Dina awal taun 70-an pulisi anu aya di kota Bandung ampir 50 % didomnasi ku urang Sumedang, boh nu asalna ti Sumedang kidul, kaler, kulon jeung wetan puguhing ari ti Sumedang kota mah. Ngalantorna aya nu di Komdak Jabar, di komtabes 86 jl.Merdeka boh nu di Deplat 008 Tegallega, jsb. Ari bapa kuring harita numpang hirup teh di asrama Deplat Tegallega (ayeuna SPN), anu 80 % pangeusi asrama ti Sumedang jeung Kadipaten….!! Waktu eta kuring keur meujeuhna jagjag belejag atuh, karesep teh kana maenbal. Milu jeung klub POP LLB, malah kungsi gabung ka Persib junior, jaman kang Dede Rusli harita saparakanca…..
Atuh puguh we sabatae lamun seug aya kariyaan di wewengkon Sumedang nu jaman harita mah ilaharna sok nanggap maenbal puguh deui ari hajat nasional mah, kuring sok diajak ka lemburna sanggeus meunang ijin ti bapa kuring…..basana teh “Kang nginjeum budak lah tilu atawa opat poe mah…., rek sina maen di lembur”. Da kitu geuning baheula mah pulisi teh jiga areuweuh gawe, teu sibuk kawas ayeuna…..????! Cag heula…
Suka · · Berhenti Mengikuti Kiriman · 18 jam yang lalu
- Mochamad Dradjat. papap> duh....ngagantung yeuh dina tikoro, asa kabuhulan...!!!18 jam yang lalu · Suka
- Andi Sumirat Hahahaha...apan kdah diemut-emut heula maklum tos lami, pang"na si manehna sami pnginen tos pada incuan ? hahahahahaha18 jam yang lalu · Suka · 1
- Mochamad Dradjat ha ha ha...geus kabayang ti anggalna, sumanget rek ngadongeng tapi poho deui, siga nu mengbal aya keur lumpat euweuh keur najong......!!!18 jam yang lalu · Suka
- Andi Sumirat. Hahaha.....rangka mah tos aya ieu teh da kaalaman, mung utamina konsep nyingkronkeun tokoh srg wewengkon, seueur nu hilap...? hahahaha.....maklum.18 jam yang lalu · Suka
KABANDANG MOJANG SUMEDANG (2)
KALANGKANG JEUNG PANGAALAMAN(1)
- Taun 1977 kang Andi mitembeyan mancen gawe di kota Cianjur, nyakup ka wewengkon Cianjur pakidulan parat notog ka batas laut kidul, nincak kana sabulan gawe kang Andi geus ngalalana milang kori saba desa ka pakidulan. Antarana wae Pasirnangka, Kadupandak, Agrabinta, Pagelaran jeung Tanggeung parat ka Sindbarang ari Cidaun mah da can aya jalan, nyebrang walungan oge masih ku rakit keneh. Nyaba aprak"an dina wadah olah raga maen bal boh ti klub sorangan atawa diajak ku klub sejen nu aya di kota Cianjur. Patalimarga tacan rame jiga ayeuna bur-ber, kendaraan oge karek aya beus Po Priangan jg Pendaringan ditambah we ku oplet bayawak.
- Nepi ka taun 85-an kang Andi larsup ka kidul geus kapincut ku alam nu endah di pakidulan, padahal alm harita ceuk lolobana babaturan lamun gawe dipindahkeun ka pakidulan mangrupa hiji malapetaka anu kacida nistana. Eta we cenah mun seug dipindahkeun ka kidul teh, babaturan sok ngalaman ceurik balilihan di tengah perjalanan bari ngeukeuweuk surat parentah pindah.
- Gambaran wawacan budaya hukum masyarakat pakidulan harita nurutkeun ilo jeung sudut pandang profesi kang Andi, kacida matak pikahariwangeun. Da eta nalembrakna hakekat ancaman kana katertiban masyarakat sawanda hempak rata, ti mimiti tingkah polah para jawara tug nepi ka isu tukang teluh estuning dominan pisan deukeut" jeung hukum rimba. Ngajurung kurun waktu taun 90-an kang Andi geus mimiti loba sobat jeung baraya tur barudak pelajar jeung mahasiswa ti pakidulan anu ngahaja nyaliar elmu panemu dibidangna sewang-sewangan.
- Leuh....aya ku bagja loba geuning kembang harepan ti para nonoman pakidulan nu rarancage nyiar elmu kahirupan malahmandar isuk jaganing pageto bakal ngangkat harkat jeung darajat batur jenuk balarea, dina mangsa kebo mulih pakandangan nerapkeun elmu jeung kawajiban ngeprak nata ngarerema pangwangunan geusan banjarkarang-pamidangan sorangan............! Cag....heula....ah 26 Mei jam 22:36 · Suka · · Berhenti Langganan
- Cilla Riani Hermansyah dan Apep Suherlan menyukai ini.
- Andriyani Cibinong. leh sbraha jam pap, mengarang indah n ? N macana ts cangkel komo n ngetik na, hehehe,26 Mei jam 22:50 · Tidak Suka · 1 orang
- Andi Sumirat. Ah teu lami...spontan, ieu di kntr jg mang Apep Suherlan...hahahahaha26 Mei jam 22:55 · Suka
- Fuzi Lestari. teras kn ath pap asa rame hoyong terang deui tah caritana alam kapungkur heheheheh26 Mei jam 23:28 · Tidak Suka · 1 orang
- Andi Sumirat. Kelanan Geulis..., ngaso heula tangtos diteraskeunana mah, pan kanggo bahan piwangkongeun sarerea. Tah bilih bade nyumbang makalah mangga.....dintos, urang kumpulkeun bahaskeuneun hahahahahaha26 Mei jam 23:31 · Suka
- Fuzi Lestari. mhn leureus pisan, abdi mh banguna teu acan aya siga na th taun 1977 mh...d antos ahc sambungana....26 Mei jam 23:38 · Suka
- Apep Suherlan. pnten we ka Mama..., kdah rutin ah eta bahasn teh spdos hneteun hehe he26 Mei jam 23:45 · Suka
- Tulis komentar...
KALANGKANG JEUNG PANGALAMAN (2)
Wanci akhir taun 90-an kaparengkeun bisa jalan-jalan deui mapay tanjakan jeung pengkolan tapi naha jalan gning jadi tarahal parat sapanjang perjalanan, tapi kang Andi gede rasa jg pangharepan moal boa Cianjur pakidulan geus lilir midang bari dangdan sajajar nguntup Cianjur tatar kulon, kaler jg wetan. Jigana gs dilaan mrn tah taraje nu ngagebay panjang dina biwir lamping pinuh ku tali panyangreud parat kahandap nepi ka dasar tegalan, taraje mangrupa media jasa pangupa jiwa warga lebakeunana nu rek saba ka kota. Cenah moal aya deui ayeuna mah lalakon dur subuh pating kurumuy bray beurang tingkarayap mapay sampalan terus nete taraje nincak tali hambalanana nyurungkuy kebat ka luhur muru puncak lembur Situkiruh, kusabab ceuk beja geus dibuka jalan anyar ngababakan di Lokasi najan jalana mudun nurugtug teu ieuh matak gimbir atawa risi jauh tina kapaur. Anu puguh mah cenah rahayat guligah bungah mapag kahirupan anyar wajar asa leupas tina isolasi zaman feodal.....emh nuhun we.
Pon kitu deui ceuk pamikir kang Andi pasti dina widang kamajuan lianna, geus kacida loba robahna nambah betah tur tumaninah. Ngan hanjakal ari datang kanu diteang bet kawas ngarep-ngarep kalangkang heulang mikahayang jg bari ambon sorangan, kanyataanana mah geuning Pakidulan teh tetep ngajeten dina pakeman seahna jaman, rahayat jiga satuhu satia ngantos dawuhan ti padaleman......padahal ceuk beja mindeng kangjeng Dalem ngalanglang ka unggl pilemburan. Nu puguh mah alam endah malih warni mindah rupa gunung garundul pasir bulistir tegalan ancal-ancalan taya jalma mirosea, patani teu pati singkil anu daragang tinggal itungan saban poe mdal karangsadan malah tangkal cengkeh oge gehgeran ditaluaran......deueueueuehhhh palangsiang Pakidulan teh mundur deui ka pungkur, pupus luntur karahayuan palastra kadangiangan......??!
Naon atuh nu jadi cukang lantaran Pakidulan kalah ngarangrangan leungit budi ilang daya jiga anu teu aroga bapa, padahal mun seug ngaguar carita babad Cidamar cenah Cianjur pakidulan baris boga jati diri loba ambahanana kakoncara kajanapria hegar kota parajana tinggal daraek tur rancage migawena.
Singhoreng teh geuning...lakadalah...para nonoman sobat kang Andi baheula anu teu saeutk geus nyandang gelar dokter, doktorandus, sarjana ekonomi, sarjana bdg pertanian, sarjana hukum, sarjana pendidikan malah aya sarjana pabaliut sagala kalawan geus jaradi inohong ais pangampih sawatara nagri bet lali ka purwadaksi embung pancakaki jeung baligeusan ngajadi. Hilap kana gupay pileuleuyan mangsa wiwitan rek miang ninggalkeun pakarangan bari ngarentes ngangres jero hate pajarkeun teh..." Emmmh ema...bapa du'akeun kuring" , kasaksi ku lamping gunung walungan mawa pangjajap sagara motah jiga nu nitah muga tinekenan sapaneja. Tapi naha atuh pareng pinanggih bagja, bet sulaya tina subaya..........?!
Harepan ukur kalangkang..........! Tumenggung wedalan Tanggeung menak tedak Kadupandak inohong ti Bojongterong, para pamingpin ngarti ti Jayanti kabeh ge taya nu surti. Teu bisa sapuk sauyunan ngawalatrakeun pangwangunan di pakidulan...?
Anu puguh mah kalah tingcalawak pagede-gede huap..........digeberan ku renghap rahayat nu beuki dieu beuki ngarti eces jentre, yen boa-boa Pakidulan teh rek ukur dijieun anak tere.........!!! tos ah, cag heula...........27 Mei jam 16:12 · Suka · · Berhenti Langganan
- Baban Marhaenda, Undang Cece, Tammy Hendrasetiadan3 lainnya menyukai ini.
- Cilla Riani Hermansyah. Cibinonx teu kasebut !!!
t kaci akh :(27 Mei jam 16:16 · Tidak Suka · 1 orang - Andi Sumirat. Cibinongonx mah pan di Cimahi keneh...27 Mei jam 16:27 · Suka
- Cilla Riani Hermansyah. Beueu ,, salah !
ts pulanx khabitat'a tuch :)27 Mei jam 16:33 · Tidak Suka · 1 orang - Andi Sumirat. Hahahaha....Cibinonx teh tilas bawahan Tanggeung, jnten nu tgel walerna Tumenggung Tgn kitu Nyai Ujang calalageurrrrr......?27 Mei jam 16:37 · Suka
- Cilla Riani Hermansyah. Alhmdlh kg andi ...
munx kantonx kahalodoan ..nuhun akh ts ngleubetkeun kana group yeu :)27 Mei jam 16:46 · Suka - Andi Sumirat. Sami atuh da kg Andi ge nuju tigerat yeuh, mulungan kuntung hahahahah....tonx beja" ah.27 Mei jam 16:48 · Suka
- Tulis komentar...
KALANGKANG JEUNG PANGALAMAN (3)
Dina taun 1999 kasamporetnakeun kaayaan nagara keur meujeuhna meuweuh ku kariweuh dina kaayaan can bisa normal paburantak loba pancabaya, malum nagara karek asup kana babak anyar dina enggoning naratas jalan kabagjaan jeung keur mapag karaharjaan rahayat na......cenah kitu oge... Tapi naha atuh sapanjang taun harita mani hurung nangtung siang leumpang lain ku dunya barana, hurung herang kupapaes marakbakna lentab seuneu kahuruan alatan sarana jg prasarana nagara didarurukan teuing kusaha.....piraku ari lain kunu durjana mah. Ti awit level lokal, regional tug nepi ka level internasional.
Tapi da eta mah di kota" gede pusat pamarentahan teu nanaon keun bae da geus aya bagean anu ngarurusna, ieu mah leuleutikan we akibatna ngarambat mapay sumarmbah eunteup di Cianjur parat nepi ka tatar basisir pakidulan. Bet pipilueun gehgeran hayang nurutan film spy di kota bet make aya isu Ninja sagala, nu ceuk beja keur ngancam kasalematan para Ulama katut santri-santrina. Teuing atuh nanahaon maksudna, da memang kitu kanyaanana mangsa harita.
Lantaran kaayaan dianggap daria ku para inohong di padaleman Pancaniti Cianjur nya kang Andi jg ki Sobat (tos almr) diutus ku ratu ngemban panitah raja, miang ti Padepokan Ampera muru pakidulan nu harita geus ngarangrangan. Pancen poko ti
kang jeng ratu amanat ti raja yen kang Andi duaan kdu disagigireun nalungtik beja ayana Ninja, oge kudu ngaroris kasalametan para ulama jg santrina ku cara datang maranan ka tiap wewengkon pasantren nu geus ditangtukeun pepetaanana pikeun mere perlindungan bari nyumput buni dinu caang. Pilampaheun nu disorang teh ka wilayah 5 cnah harita teh nu nyakup 8 Kacamatan pakidulan, dibekelan sa aya-aya teu lugina kwas barudak ayeuna sagala aya. Tapi teu jadi rungsing pusing teu ieuh matak aral subaha..........geus tamaha kumawula ka nagara.
Meunang opat bulan aprak-aprakan lumampah nincak akar ngeumbing jangkar teh lain bobodoan malum jalan gs parna raruksak pisan, manggih peting mondok moek disabudeureun pasantren aya dina saung lisung atw paranggong bedug da teu sae ditawaran oge ku kersa Ajengan piwarang mondok di kobong.
Loba dukana tibatan suka, upamana bae. Kang Andi jg ki Sobat tengah peuting kd ngarayap mapay rawayan rek ka Nyalindung desa Panyindangan, mangkaning dua pting mangkukna tas leumpang panjang ti pasantren Girimukti batas kab Bandung jg wil Tanggeung. Bujeng ning ronda malem harita mah reungit oge pada sarieun rek kaluar ti imah teh, nepi ka sapatu ki Sobat murag sabeulah ka wahangan......ari ras emut...emmhh hapunten ka Aang di Nyalindung kang Andi tos ngarepotkeun..!!
Ari sukana. Alah eta mun seug geus ningali para santri istri anu gareulis andalemi rancunit aramis budi, duuuh kang Andi sok langsung tingsariak kana panon mun seug lain keur mancen gawe jigana unggal poe indit ka imah Lebe. Pareng ka tilu bulan na meureun sabuni na oge nu mungkus tarasi angger we sok ngahiliwir, kitu deui lalampahan kang Andi ka ambeu ku batur teuing ku saha da nu jelas mah kaayaan jadi rada tengtrem ayem lalugina. Mun reup peuting rahayat loba deui nu arulin mapag purnama datang, para santri loba nu ngaderes ngaji bari jjon ditungkulan ku guru na....allhamdulilah Gusti Pangeran abdi..............?????!!!
Tanggal lima Januari taun dua rebu kang ndi jg ki Sobat mulang deui ka padaleman, gupay pileuleuyan santri-santri pakidulan jadi pangjajap ni'matna rasa satutasna ngalakasanakeun pancen gawe ti Nagara........!! Cag kin disambung deui..........28 Mei jam 14:27 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda dan Undang Cece menyukai ini.
- Andi Sumirat. Hatur nuhun ka Aang, parantos kersa rurumpaheun hahahahaha28 Mei jam 18:43 · Suka
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (1)
POE JUMA’AH PASOSORE PANON POE GEUS TUNGGANG GUNUNG SINAR LAYUNG NGENCLONG KONENG NYIROROT NYINARAN MUMUNGGANG KAMPUNG CIPARAJA WEWENGKON DESA BATULAWANG, BI “KARWI” DIUK NYANGHUNJAR LAMBAR DINA PALUPUH DIAMPARAN SAMAK SAHEULAY PANONNA NEUTEUP SEUKEUT KAHAREUP JIGA NU JARAUH PANINEUNGAN.
ANAKNA ANU BUNGSU “NYI INAH” BUDAK AWEWE HIJI-HIJINA KAREK KELAS GENEP SAKOLA DASAR KEUR NGOREHKEUN RUNTAH DIBURUAN, MA’LUM BUDAK BI KARWI ANU DUA DEUI MAH LALAKI "JANG KOMAR" JEUNG ADINA "JANG KOHAR" GEUS RARUMAH TANGGA. NU CIKAL NGUMBARA KA CISEWU GARUT, ANU KADUA KAWIN KA URANG PANGALENGAN DIGAWE DI KEBON ENTEH SUKAMANAH NYAETA SALAHSAHIJI AFDELING TI PERKEBUNAN ENTEH MALABAR.
NYI INAH TERUS ANTENG NGOPREK KEMBANG DIBURUAN BARI DISIRAMAN KUCAI MEUNANG NGALA TISUSUKAN NU KAHALODOAN, ARI SALAKI BI KARWI NYAETA MANG “KARSAN” CENAH KEUR BALIK HEULA KA LEMBURNA DI INDRAMAYU. DA MANG KARSAN TEH KAWIN MEUNANGKEUN BI KARWI ASLI URANG CIPARAJA, PAPANGGIHNA BASA KEUR AYA DI SUMATRA SARUA PAPADA MILU TRANSMIGRASI TI PULO JAWA.
ANGIN MIPIT PABUBURIT NGAHILIWIR NEUMBAG KANA TEPISWIRING MALIK MANCO NGAHEBOS KAKAYON TUKANGEUN IMAH, SORANA NGAHEOS NYINGKABKEUN HATEUP EURIH IMAH BI KARWI. WUWUH IMAH MAKE HATEUP KENTENG SAWAREH TERUS KAHANDAPNA DICAMPUR SULAM WELIT EURIH, MANGRUPA IMAH TITIMANGSA WARISAN TI KOLOTNA BI KARWI NU GEUS TIHAREULA NINGGALKEUN ALAM DUNYA.
BI KARWI BEUKI ANTENG NGALAMUN LELEMBUTANANA NYAWANG ALAM SATAUN KATUKANG, CEUK GERENTES HATENA “REK NYANGHAREUPAN BULAN PUASA TEH TAUN TUKANG MAH BOGA KADU TILU TANGKAL TITINGGAL KOLOT RADA LUMAYAN JADI DUIT AYA KANA RATUS REBUNA. KEUR MODAL SHOLAWAT MUNGGAH TEU WUDU EUYEUB KUDAHAREUN, MAKE JEUNG AYA DAGING GEPUK TILU KEUREUT…SAYUR LODEH…JEUNG SAMBEL GORENG, NYI INAH OGE BISA KABEULI BAJU SASADIAAN KEUR LEBARAN MEUNANG MEULI TI TOKO ABANG DI TANGGEUNG. ATUH KEUR DAHAREUN ANAK JEUNG MINANTU SAKALIEUN DATANG TI PANGUMBARAAN TEU KUDU NGUYANG MEULI KADU KOMO MENTA MAH KA BATUR, TINGGAL NGAJUL SAKAHAYANG KACUMPONAN MURAK KADU BALAKECRAKAN. RESEP JEUNG MILU BUNGAH ARI NENJO ANAK MINANTU MURAK KADU KANA HATE KARASA NIKMAT LADANG KESANG TATANEN NUJADI KOLOT KADAHAR KU ANAK INCUNA.”
KASEBUT DI WEWENGKON LEMBUR MUMUNGGANG, KAITUNG TAMBA TEU BOGA TEUING MEUREUN KOLOT TEH MELAK KADU SATANGKAL DUA TANGKAL MAH, DA BUKTINA GE SAUKUR DIPELAK DIPIPIR JEUNG TUKANGEUN IMAH NU SAWATES JEUNG KEBON KAWUNG’NA “ABAH SUANTA”. BEDA JEUNG NU LIAN APAN MELAKNA OGE DIURUS SALIAN TI TEMPAT AYA KANA HEKTARNA MATAK JADI PAKAYA DIKUMPULKEUN PIKEUN BEKEL NYUBADANAN BOGA NIAT MANGKAT IBADAH HAJI KA BAIT’TULLAH. TEU HERAN LOBA KABEJAKEUN DI PAKIDULAN MAH SOK AYA ANU DISEBUT “HAJI KADU,” DUMEH ETA RIKRIK-GEMI NGUMPULKEUN DUIT LADANG NGAJUAL KADU TINA HASIL TUHU JADI BULU TANEUH GETEN TATANEN BUBUAHAN JEUNG PALAWIJA.
NINGGANG DINA NYANGHAREUPAN BULAN PUASA AYEUNA BI KARWI KACIDA NGAHELAS JEUNG NALANGSANA, SABAB KADU NU TILU TANGKAL TEH UKUR KEMBANGAN WUNGKUL TEU NGAJADI BUAH. SABAB CUACANA TEU PUGUH LOBA HUJAN JEUNG ANGIN TAYA WAKTUNA, CENAH MAH NU KADENGE KU BI KARWI TINA TELEVISI ETA TEH DISEBUTNA CUACA EXSTRIM PAINGAN ATUH TEU NGANYAHOKEUN KANA KASUSAH JELEMA LEUTIK.
MEUNANG SA PANYEUPAHAN NGUMBAR LAMUNAN GEBEG BI KARWI NGAGEBEG KAGAREUWAHKEUN KU NYI INAH ANU NGAJEREWET BARI LUMPAT TUTURUBUN MURU KALEBAK….., SIHORENG TEH MANG “KARSAN” SALAKI BI KARWI DATANG TI PANYABAAN. GEDE HATE MAKE JEUNG NYEWA OJEG SAGALA, SABAB CENAH AYA PERLU HEULA TURUN TINA ELF DI JOBLAGAN. RONGHEAP NYI INAH HANJAT KA BURUAN DITUTURKEUN KU MANG KARSAN, NYI INAH KATEMBONG GUMBIRA NAKER LEUNGEUN RANGGEM KU BABAWAAN OLEH-OLEH MEUNANG BAPANA.
KALACAT MANG KARSAN UNGGAH KANA PALUPUH TEPAS IMAH ANU BOLONGOR TEU DIPINDINGAN, DIPAPAGKEUN ASONGAN DAMPAL LEUNGEUN BI KARWI NGAJAK SASALAMAN KA SALAKINA CELENGOK TONGGONG LEUNGEUN MANG KARSAN DICIUM LALAUNAN BARI NGALIMBA KU’RASA BUNGAH JEUNG NALANGSA. PUGUH ANU DIPIKIRAN SIEUN SALAKI TEU DATANG DINA NYANGHAREUPAN SHOLAWAT MUNGGAH, SANGGEUS DARIUK DINA SAMAK SONG MANG KARSAN MIKEUN DUIT “TILU RATUS REBU” KA BI KARWI MINANGKA REZEKI HASIL TI PANYABAAN TEA.
BI KARWI BEAR MARAHMAY HATENA BUNGAH BUNGANGANG, SABAB GEUS PASTI BISA BARANGBEULI LODEHEUN JEUNG PILAUK’KEUN. DA BEAS MAH GEUS AYA CENAH LIMA LETER PANGIRIM KERSANA “APA USTAD” TI BATULAWANG, CUKUP KEUR BEKEL MUNGGAH JEUNG MAPAG SAUR DAHAR JANARI MUNGGARAN. BI KARWI TUMARIMA JERO HATENA…….”DUH NUHUN…..GUSTI ABDI DIPASIHAN RIZKI”. KABENERAN DEUIH ISUKAN TEH POE SAPTU, BI KARWI NGAJAM REK BALANJA KA PASAR CEPLAK DI WARUNGTILU…..!!!! Cag antos hanca’na…
Jumat pukul 16:30 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, MathBregpersibluphdeath MisidsCduamccoach, Ujang Diman, Undang Cece, dan 3 orang lainnya menyukai ini.
- Ny Evi Koswara. Aduuuh.....hehe. Jumat pukul 14:28 melalui Facebook Seluler · Suka
- Andi Sumirat. Kunaon Geulis...?Jumat pukul 15:53 · Suka · 1 orang
- Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep. aduh janteun emut ka leumbur....hahahahahaaaa....Jumat pukul 16:13 · Tidak Suka · 1 orang
- Ny Evi Koswara. kang andi@ ..janten hyog geura lebaran...hehe,dasep@muhun geura uih atuh,dintos oleh2'a....heheJumat pukul 20:29 · Tidak Suka · 1 orang
- Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep. sanes teu hoyong uih tapi ka jurung ku butuh.....insya allah....Jumat pukul 20:35 · Tidak Suka · 1 orang
- Andi Sumirat. Nenk Evi@ Ulah waka atuh pan teu acan tadarusan....srg bi Karwi...hahahaha..!!! Jang Chonim@ Sawios lebaran di lembur deungeun oge, da makna'na mah sami....malar kenging karahayuan ti Gusti Nu Maha Suci............???Jumat pukul 20:51 · Suka · 1 orang
- Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep. pap Andi Sumirat amin......Jumat pukul 21:03 · Suka
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (2)
DINA POE MINGGU ISUK-ISUK BI KARWI GEUS PAKPIK-PEK POPOLAH PIKEUN BAHAN ASAKANEUN MUNGGAH DIBANTUAN KU NYI INAH NGASUR-NGASUR SEUNEU HAWU, NYASAT DA TEU BOGA KOMPOR GAS. CENAH MAH KOMPOR GAS TI PAMARENTAH BAGEAN KULAWARGA MANG KARSAN SALAH SASARAN, KABIKEUN KA URANG DESA CIKANGKARENG ATUH LAPUR TEU KABAGEAN. TAPI DINA KITUNA DEUI CEUK BI KARWI, MENDING KENEH KU SULUH BARANG ASAKAN TEH. SABAB KAHAREUPNA BORO-BORO BISA KABEULI GAS ELPIJI DALAH KEUR MEULI BEAS SAPOPOE OGE ARANG LANGKA BOGA DUIT, ARI LAIN AYA ANU NGULIKEUN MAH BUBURUH TANDUR DI SAWAH TATANGGA ANU GARUNG KAHALODOAN.
ARI MANG KARSAN NGADEKUL DEUKEUT LAWANG PANTO NU GEUS DENGDEK SABEULAH MESEKAN KALAPA KOLOT, KEUR PARUDEUN REK DIJIEUN SANTEN. ETA CENAH CEUK BI KARWI MANG KARSAN TEH HAYANG DAHAR SAHUR JANARI DEUNGEUN’NA SAYUR SAMBEL GODOG MUN DI LEMBURNA MAH, ATAWA SAYUR LODEH NU DICAMPURAN ONCOM MAKE CABE HEJO JEUNG SIKSIK JENGKOL SEPI KABEUKINA.
PUGUH TEA BASA BI KARWI BALANJA KA PASAR WARUNGTILU, CENAH LAIN TEU HAYANG MEULI DAGING SAPI TAPI DUITNA PAS-PASAN PISAN. TAMBA EUWEUH LAUK CUKUP WE MEULI DAGING HAYAM NAGRI SAKILO SATENGAH JEUNG HUI KUMELI, SAYURAN KATUT SAMARA SAKITU OGE MANI AMPIR BEAK DUA RATUS REBU PERAK’KEUN. KAWANTU KABEH HAHARGAAN DI PASAR CEPLAK OGE NARARAEK TARIK KACIDA TEU BEDA TI MOBIL ELF UMUM JURUSAN KIDUL, ANU DILUMPATKEUN KU SUPIR TARA BOGA “SIM” AJOL-AJOLAN SAKAHAYANGNA. ATUH LAT WE NEPI KA POHO KANA PESENAN “NYI INAH” HAYANG DIPANGMEULIKEUN SAMPO “KODOMO” PAKE’EUN BUDAK, KEUR DIANGIR MANDI POEAN MUNGGAH NGARAH BERARESIH HAMPANG-HIMPING NGAJALANKEUN IBADAH PUASANA. ANU PIKEUN BI KARWI MAH TEU JADI PIKIRAN SOAL KURAMAS BUUK TEU MAKE SAMPO OGE SABAB GEUS TUMAN. DIANGIR ATAWA KURAMAS MAKE LEBU BEULEUM SAPU PARE PAPATAH KOLOT BAHEULA, ANU MATAK BUUK BI KARWI MAH TEU WELEH HIDEUNG PANJANG TUR GALING MUNTANG.
ENYAAN WE NYI INAH NGADAT PESENANANA NYAMOS TEU KABEULI TEH KAPAKSA BI KARWI NGANJUK HEULA SAMPO KODOMO, KA WARUNG “JANG DIMAN” NU KABENARAN AYA BARANGNA. KEUN WE MAYARNA MAH CENAH KE KULI NGABEDUG NGORED, DI KEBON CENGKEHNA “JURAGAN TAMMY” NU SOK BIASA RUTIN DIBERESIHAN DINA BULAN PUASA. MEMEH LOHOR BI KARWI GEUS BERES SASADIAAN ASAKANEUN JANG SHOLAWAT MUNGGAH, DA CENAH ENGKE WE DIASAKEUNANA MAH BADA ASHAR NGARAH HARANEUT DIMANA NGARIUNG HADIAHAN JEUNG KULAWARGANA.
RENGSE BEBERES DIDAPUR BI KARWI NGALUARKEUN ALAT SHOLAT KAYANING SAMAK LEUTIK, SAJADAH, KATUT MUKENA REK DIPOE’AN AMBEH SEGER DIPAKENA. BI KARWI NGAHELAS NEMPOAN “MUKENA” NU GEUS HEUBEUL CAN DIGANTI, ETA OGE BUBUHAN NYEMPILKEUN DUIT LADANG NGAJUAL KADU TILU TAUN KATUKANG. TAPI DASAR BI KARWI KAASUP AWEWE PINUJI SATUHU SATIA TARA NGAROBEDA KA SALAKI NAJAN AMPIR GEUS TEU BOGA MUKENA, SABAB BI KARWI OGE SURTI LAMUN KAPARENGKEUN SALAKINA KEUR MEUNANG REZEKI TARA IEUH NGORETKEUN MUN BI KARWI AYA PAMENTA.
BADA SHOLAT ASHAR KA IMAH BI KARWI AYA ANU DATANG AWEWE TENGAH TUWUH TURUN TINA MOTOR BARI NGAJINGJING RANTANG, MANAHORENG ETA TEH PAMAJIKAN PA “KARLIM” BARAYA MANG KARSAN. SARUA PADA TI INDRAMAYU NU NGUMBARA MILU TRANSLOK KA CIANJUR KIDUL. KALAWAN GEUS BUMEN-BUMEN DI GUNUNG GEULIS, DESA KARYABAKTI WEWENGKON KACAMATAN CIDAUN. NU NYEMAH TEH TEU LILA GEUS BALIK DEUI KA LEMBURNA, DA NIATNA OGE UKUR NEPIKEUN SILATURAHMI RASA KANYAAH ANTARA BARAYA. PUGUH WE BI KARWI SAPIRI UMPI NGARASA BAGJA KADATANGAN BARAYA LAIN PEDAH BARANG BAWANA, TAPI ASA DIAKU JIWA AYA KENEH KAPIKOLOT ANU HA’AT KA KULAWARGANA.
DINA MALEMAN MUNGGAH SAMULANGNA SHOLAT TARAWEH MIMITI BI KARWI JEUNG MANG KARSAN TEU SARE BARENG SAGEBRUG NGAHIJI ILAHARNA RUMAH TANGGA BARUDAK NGORA, BI KARWI MURU KA DAPUR NYOKOT LODONG WADAH CAI KEUR WUDHU DI PANYAWERAN. SANGGEUS DITENGAH IMAH…BRAY BI KARWI MUKAKEUN TILEPAN SAJADAH TERUS DIAMPARKEUN RAP MAKE MUKENA REK SHOLAT SUNAT, DISAKSIAN KU MANG KARSAN ANU SILA MILANG TASBE MACA WIRID ARI NYI INAH TIBARANG BALIK TARAWEH OGE GEUS ASUP KA TEMPAT SARENA. SABADA SHOLAT BI KARWI NGADEKUL TADARUSAN MACA QUR’AN, SORANA HALIMPU OGE BACAANANA ANCA KEUNA KANA TAS’JID JEUNG TANGWIN’NA BUBUHAN KUNGSI DIAJAR NGAJI DI PAMOYANAN.
MEUNANG SAJONGJONAN MAH BI KARWI NGAJINA LANCAR TEU AYA NAON-NAON, TAPI TEU LILA BI KARWI UJUG-UJUG SEGRUK CEURIK NEPI KA EURIH-EURIHEUN SIGA NU MEUNANG KANYENYERIAN. MANG KARSAN KAGET TERUS CENGKAT NGADEUKEUTAN BI KARWI NU ANGGER NYUUH KANA SAJADAH, SANGGEUS LELER TINA CEURIKNA POK BI KARWI NYARITA BARI DAREUDA……
”EMH KANG, ABDI MAH INGET KA BARUDAK URANG ANU DUA SOK SIEUN TEU BISA MUNGGAHAN, KAWANTU HIRUP DI PANGUMBARAAN PAUR TEU BISA MAWA AWAK JEUNG AKHLAK’NA…..”. MANG KARSAN TEU NEMBALAN UKUR NARIK NAPAS PANJANG, BARI TERUS NGUSAPAN SIRAH BI KARWI……….!!!
(Baraya sadaya, lebah dieu natrat’na, sagara kanyaah lautan kadeudeuh indung kanu jadi anak estu taya wates wangen’na. Dina kaayaan kahirupan indung keur kumaha bae sairing-iring dumadi sarengkak saparipolah, teu weleh pinuh kurasa kamelang neneda ka nu Kawasa sangkan anak dipiwelas tur dipiasih Gusti Nu Maha Suci)...!! CAG HEULA.
9 jam yang lalu · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Tammy Hendrasetia, Ny Evi Koswara, Ira Nurani, dan3 orang lainnya menyukai ini.
- Ny Evi Koswara. Kang Andi...! titip saur k bi karwi kin dinten senen urang papajar..8 jam yang lalu melalui Facebook Seluler · Suka
- Andi Sumirat. Insya Alloh...bada maghrib nya, kintun atuh pasakan lauk lautna. Ieu kang Andi nembe dikirim sayur leunca ti Bunda Simata Wayang....hahahahahahahahahahaha....8 jam yang lalu · Suka · 1 orang
- Ny Evi Koswara. Mangga, kin bade ngabedahken laut heula....hehe7 jam yang lalu melalui Facebook Seluler · Tidak Suka · 1 orang
- Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep. atuh dinteun senen mah sanes papajar tapi bade gozdin....hahahahahaaaaa2 jam yang lalu · Suka · 1 orang
- Ny Evi Koswara. Haha....wilujeng saum anu kasep.34 menit yang lalu melalui Facebook Seluler · Suka
- Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep. hehehe..asa mani ngapung pangamung di seubat anu kasep kunu geulis...29 menit yang lalu · Suka
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (3)
GEUS JADI KABIASAAN ABAH SUANTA MUN NYANGHAREUPAN BULAN PUASA SOK TARA AYA DI PADASUKA KITU WE NGALALANA NGAHAJA MANGKALAN MONDOK MOEK DI KEBON KAWUNG’NA, NU SAAMPAR JEUNG TANAH WARISAN BI KARWI KATUT KULAWARGANA DI MUMUNGGANG CIPARAJA. BOH URANG PADASUKA ATAWA URANG CIPARAJA PADA APAL MUN BULAN PUASA ABAH SUANTA NGADON BUBUARA DIDINYA. PAGAWEAN MATUH……, NGALAAN BUAH CARULUK BAHAN CANGKALENG NGAHAJA SOK DIBAGIKEUN HEULA KA ANAK MINANTU JEUNG INCU KATUT WARGA DI MUMUNGGANG CIPARAJA. LUMAYAN CENAH KEUR RUJAKEUN PANGANTEUR INUMAN SIROP WAKTUNA BUKA PUASA, SESANA SOK RAJEUN DIBAWA KA KOTA DIJUAL DIPASAR AMPERA.
SAPERTI AYEUNA DINA POE KAHIJI PUASA, ABAH SUANTA KEUR TATAHAR BEBEKELAN SAPURATINA REK MANGKAT MANGKALAN KA CIPARAJA. AMBU SUANTA BEBERENGKES MUNGKUSAN RANGGINANG JEUNG OPAK ATAHAN, KIRIMKEUNEUN CENAH KA BI “KARWI” KARUNYA JELEMANA RAPEKAN LOBA KADAEK NU SOK RAJIN BEBERESIH NGOREDAN WATES KEBON KAWUNGNA.
SATUTASNA SHOLAT LOHOR ABAH SUANTA INDIT TI PADASUKA NIKREUH LEUMPANG NEPI KA PASAR CIMASKARA, KAWANTU SUWUNG MOTOR OJEG DA TUKANG OJEGNA KEUR PARUASA LIARNA SOK MAJU KASORE BARI NGABUBURIT MURU WAKTUNA BEDUG MAGRIB. TI CIMASKARA ABAH SUANTA MILU NUMPANG KANA WAHON JANG “SUUDIN”, NU NGEPOK KAI REK DIBAWA KA SIMPANG SINDANGBARANG. MEMEH BEDUG MAGRIB NEPI KA PERTELON CIPARAJA ABAH SUANTA TURUN BARI TEU POHO NGANUHUNKEUN KA SUPIR. SATERUSNA ABAH SUANTA GURA-GIRU……SEMU RUSUH, LEUMPANG KATONGGOH’KEUN MURU IMAH BI KARWI JEUNG MANG KARSAN.
ATUH TEU WUDU DI IMAH BI KARWI JEUNG MANG KARSAN TEH JADI HANEUTEUN SABAB AYA ABAH SUANTA SAKALIAN BERJAMA’AH BUKA PUASA, ATUH PEUTINGNA SAMULANGNA TARAWEH ABAH SUANTA BEBEJA KA PRIBUMI REK MILU HEULA NGENDONG SAPEUTING CENAH, SABAB SAUNG DI KEBON KAWUNG’NA ACAN DIBERESAN. BI KARWI DAKAR DEKER NYIEUN CAI KOPI DUA GELAS KEUR MANG KARSAN JEUNG ABAH SUANTA, LALAWUHNA KULUB SAMPEU DIBATURAN KU SEUPAN HUI BOLED MEUNANG NGALI TI PIPIR IMAH.
BARI NGOPI ABAH SUANTA NGOBROL PATUKEUR LUANG JEUNG MANG KARSAN KATUT BI KARWI NU SAKAPEUNG MASIH KENEH KATEMPO HULENG JENTUL, ALATAN INGET BAE KANU JADI ANAKNA DI PANGUMBARAAN. DINA SELA-SELA OBROLAN ANU NYALSE…POK ABAH SUANTA NYARITA DITUJUKEUN KA MANG KARSAN…”Kumaha jang Karsan karasana ngalakonan puasa taun ieu, geus boga pibekeleun keur poe lebaran ?...MANG KARSAN NGAJAWAB DARIA NAKER…DINA LOGAT INDRAMAYU-AN ANU MASIH KENEH NAPEL…”Ah kula mah karo Bi’ne (maksudna jeung bi Karwi) biasa bae Abah, bekel keur lebaran mah sing jare Abah tiheula bae…ora bakalan robah.” ABAH SUANTA SEURI BUNGAH NGADENGE JAWABAN MANG KARSAN KITU TEH…”Hahaha….sukur Jang, moal ngabobodo Abah mah sabab teu hade kitu peta teh.”
SAPULUH TAUN KATUKANG. BASA NGANYARAN PISAN MANG KARSAN JEUNG KULAWARGANA LEBARAN DI CIPARAJA, KABENERAN LEBARAN HARITA TEH MANG KARSAN WAWUH JEUNG ABAH SUANTA. PANGGIHNA KAWAS AYEUNA KEUR USUM MANGKALAN DI SAUNG KEBON KAWUNG, MANG KARSAN BUBURUH MEULEUM CARULUK BARI TERUS MILU DAGANG KA KOTA. PUGUH ASA KATUMBU UMUR. DINA WAKTU ANU RINEH MANG KARSAN DIAJAK NGOBROL KU ABAH SUANTA DISAUNG KEBON, SABAB KATEMPONA MANG KARSAN TEU WELEH LUH-LAH BAE BINGUNG CENAH NEANGAN BEKEL KEUR POE LEBARAN. ABAH SUANTA NANYA KA MANG KARSAN, POKNA….“Jang Karsan, kunaon atuh titadi katempo ku Abah puasa teh ngamarudah luh-lah, jiga anu ngarasula ? ….DIJAWAB KU MANG KARSAN…”Nyeta Abah, kula acan duwe bekel keur lebaran barudak, jeung Bi’ne”.
HARITA MANG KARSAN DIBERE BONGBOLONGAN KU ABAH SUANTA, YEN BEKEL DINA BULAN PUASA PIKEUN NYANGHAREUPAN LEBARAN TEU AYA DEUI IWAL TI TAQ’WA JEUNG TAWAKAL NU AYA DINA DIRI URANG. PERELENA MAH KIEU CEUK ABAH SUANTA, KA MANG KARSAN…..
“Jang Karsan, Raosulluloh saw geus nga’amanatkeun ka ummat’na ngalakonan puasa wajib hukumna, ngaliwatan jasmani, rohani katut make akal anu sehat. Kangjeng Rossull geus nibankeun sapa’at ka ummat kaum muslimin jeung muslimah. Neda anu Maha Kawasa maparin kakiatan dina jeroning ibadah puasa sabulan lilana, tina sagala robeda panggoda setan lahir jeung batin.
Anu mana amanat eta ngandung makna sangkan urang salila bulan puasa bisa ngumpulkeun bebekelan ku mangrupa aci kasajatian diri nu dibawa ti ajali. Urang kudu bisa ngareka kasolehan rasa nu aya dina jiwa lan raga, kucara ngamusnahkeun sagala hawa nafsu kaduniawian. Diganti ku cai katresna’ning ati anu wening sawening banyu’ning Gusti, nu herang ngagenclang lir herangna cai di talaga kahuripan.
Sok sanajan eta cai talaga kahuripan moal bisa nandingan najan sakeclak oge kana herangna cai di alam caang poe panjang surga gunawi’ayu. Tapi lamun jang “Karsan” geus bisa ngungkulan tur hasil ngumpulkeun eta cai katresna pikeun di simbeuhkeun ka papada manusa engke dina poean lebaran, insya Alloh jang “Karsan” bakal leupas tina sagala bangbaluh hirup anu matak nyasarkeun lampah. Tina alatan hirup di dunya asa diteungteuinganan, jadi jelema lara balangsak.
Intina, jang “Karsan” ti mimiti ayeuna kudu bisa ngumpulkeun bekel mangrupa acining katresna Gusti, ari katresna teh disebut oge kacinta..atawa micinta, urang moal poho micinta kana ka’imanan anu disebut Rukum Iman jeung moal poho micinta kana ka’islaman nu disebut Rukun Islam. Seuhseuhanana urang bakal miboga rasa kaasih tur kacinta salawasna…, nyaeta : “Cinta ka Indung jeung Bapa….., Cinta ka Gusti’Na…., Cinta ka Rossul jeung para Nabi samemehna…., Cinta ka papada kaula jeung mahluk sejen’na…., Cinta ka diri urang katut Kulawarga sagemblengna. Kalayan urang baris ka’ancikan ku sifat sobar, daek tumamprak pasrah kana papasten hade jeung papasten goreng nu tumiba kadiri urang.”
MANG KARSAN KATUT BI KARWI TING ARUNGGEUK TANDA NGARTI KANA NAON ANU KUDU DIPILAMPAH KU MARANEHANANA, SAJERO HIRUP RUMAH TANGGA DINA NYORANG HIRUP SAGALA WALURAT… TAPI JAUH TINA SIFAT “SARAKAH”….?! Cag.
Senin pukul 14:02 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Bunda Simata Wayang, Ujang Diman, Azisabdul Abdulmuslim, dan 4 orang lainnya menyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (4)
GEUS BAWANING TI KUDRAT, KAYANING HIRUP MANUSA ESTU GUMULUNG JEUNG LEMBURNA, SUMENDER KANA ALAM SABUDEUREUNANA. AWORNA KAHIRUPAN MANUSA JEUNG LINGKUNGANANA TEH TETELA LAIN NGAN KEUR NYUMPONAN PANGABUTUHNA WUNGKUL, TAPI PIKEUN NGALESTARIKEUN SUMBER DAYA PEPELAKAN TITINGGAL KAHURUN SAPERTI TANGKAL KAWUNG NU AYA DIKEBONNA ABAH SUANTA.
PUASA AYEUNA TEH GEUS NINCAK POE KA TILU, TIWANCI HANEUT MOYAN BI KARWI MILU HEULA MANTUAN BEBERESIH DI KEBON KAWUNG ABAH SUANTA. SAKUMAHA PIGAWE’EUN AWEWE BEBENAH DIJERO SAUNG TERUS NGOREDAN JUKUT DI PIPIR JEUNG SABUDEUREUN SAUNG, DIPUNGKAS KU NGABERESKEUN SULUH KANA TEMPATNA. MANG KARSAN JEUNG ABAH SUANTA KEUR NGARORIS RANGGEUYAN BUAH CARULUK DINA TANGKAL KAWUNG ANU REK DIALA KEUR BEULEUMEUN, SAGALA RUPA PAKAKAS KAASUP CATANG PAMEULEUMAN CARULUK DISIAPKEUN KALAWAN TARAPTI. NEPI KA BEDUG LOHOR BI KARWI GEUS RENGSE BABANTUNA, TERUS PAMITAN KA ABAH SUANTA REK TATAHAR DI IMAHNA. MEMEH BALIK BI KARWI DIBERE DUIT SALAWE REBU KU ABAH SUANTA, MINANGKA UPAH ITUNG-ITUNG KULI NGABEDUG KAWAS DIBATUR WE CENAH. BUBUHAN GEUS TEU ASA JEUNG JIGA ABAH SUANTA KA KULAWARGA BI KARWI KATUT MANG KARSAN TEH, TI SAPRAK BI KARWI JEUNG KULAWARGANA DARATANG DEUI KA CIPARAJA TI PULO SUMATRA TUG TEPI KAHARITA.
SARENGSENA SHOLAT LOHOR KOJENGANG BI KARWI KA TEPAS IMAH BARI MAWA ANDEROK SAKOLA NYI INAH ANU SOEH REK DIKERODAN, GEK DIUK DIAMPARAN SAMAK ANU SASARI BARI NYARANDE KANA TIHANG BI KARWI NGAPUTAN SERAGAM SAKOLA ANAK’NA.
MA’LUM TIBASA MUNGGAH KENEH HATENA KAROBEDA KU INGET KA ANAK-ANAK NA, ATUH GELEBER LAMUNAN BI KARWI HIBER DEUI KUMALAYANG KA AWANG-AWANG BARI LEUNGEUNNA TAPIS PISAN KUCAS-KECOS NGAJARUMAT KAPUTEUNANA TEU IEUH KAGOK KU PANGLAMUNAN. NU DILAMUN’NA TAYA DEUI KUMAHA CARANA HAYANG AYA UNDAKNA KAHIRUPAN SAPOPOE, ANU DIPALAR SANGKAN BISA NYUGEMAKEUN ANAK MINANTU KATUT INCU NU KAREK BOGA DUA TI JANG “KOMAR” JEUNG TI JANG “KOHAR”.
RAS BI KARWI INGET SAPULUH TAUN KATUKANG, BASA DATANG TI SUMATRA LEBARAN NGAMIMITIAN GEUS DI CIPARAJA. ENYA OGE ASALNA LEMBUR SORANGAN TAPI TETEP WE ASA LEBARAN DI PADUMUKAN ANYAR, CUKLEUK LEUWEUNG CUKLEUK LAMPING JAUH KASINTUNG KALAPA CAN APAL NYUKCRUK DULUR NYASAR BARAYA DIMANA AYANA. MANGKA BARUDAK SATILU-TILU MALAH NU LALAKI MAH KEUR MEUJEUHNA BUTA TULANG BUTA DAGING REWOG KANA BARANG DAHAR MEUJEUH BEGER KANA PAKE, ARI PACABAKAN SALAKI TACAN BOGA NUPASTI UKUR KITU WE MILU KULA-KULI ANGKAT JUNGJUNG DI PABRIK ACI. SAKAPEUNG NGABEDUG MACUL DIBANTUAN KU BI KARWI MILU KULI TANDUR ATAWA METIK BUAH CENGKEH, LUMAYAN BISA DIPAKE MEULI BEAS OPAT LETER KEUR DAHAR DUA POE’EUN.
LEUPAS TINA LEBARAN MIMITI BI KARWI JEUNG MANG KARSAN RADA LELER NGARUMASNA NYANGHAREUPAN KAHIRUPAN SAPOPOE, SABAB GEUS BISA PASANG PETA USAHA KU CARA TATANEN DINA TANAH TITINGGAL KOLOTNA. DITAMBAH KU JANG KOMAR JEUNG JANG KOHAR ANU PRIHATIN DAEK MANTUAN BANGBALUH HIRUP NU JADI INDUNG BAPA, NYAETA SOK RAJIN MILU DIGAWE NGUMBAH MOBIL DI CICADAS. MATAK TEU WUDU BOH JANG KOMAR ATAWA JANG KOHAR BASA PINDAH ALAM TINA LALAGASAN KA ALAM RIMBITAN TEU NGAHESEKEUN TEUING BI KARWI JEUNG MANG KARSAN DA UKUR TINGGAL NAMBAHAN, KUSABAB BARUDAKNA NGALESA HAMPANG BIRIT JEUNG RIKRIK-GEMI. MAKE JEUNG BISA MEULI DOMBA JALU HIJI SEWANG KEUR BAWAEUN KAWIN.
SAKAPEUNG MAH MANI BATI KUMETAP LAMUN NEMPO ANAK BATUR NU KAWINAN DIPUPUJUHKEUN KU KOLOTNA, BI KARWI NGAN UKUR BISA NGURUT DADA ASA DOSA CAN BISA NYUGEMAKEUN KANU JADI ANAK-ANAKNA. TAPI ARI RAS DEUI KANA NASIB TIAJALI KUDU REPOK NGAJODO JEUNG MANG KARSAN, SOK SANAJAN TEU BOGA USAHA TUR PANGHASILAN ANU MATUH BI KARWI SATUHU SATIA KA MANG KARSAN. BI KARWI SADAR KANA KAAYAAN MUN NEMPO MANG KARSAN ANU INDIT SUBUH-SUBUH, BALIK MEH REUP-REUPAN MAGRIB BARI BEUBEUNANGAN UKUR SAPOE’EUN ATAWA DUA POE’EUN.
NAJAN KITU HATE BI KARWI SUKA, TEU REK NGALEULEUTIK HARTI TINA LADANG KESANG SALAKI. SAKITU OGE MANG KARSAN KAITUNG JALMA TEU BAUAN, SAGALA DAEK SAGALA DIPAJU. DINA PEGATNA RESIKO DAPUR SABAB MANG KARSAN AYA HALANGAN MUN REK LIAR GAWE, BI KARWI TEU IEUH NGABARUNGSINANG. ALHAMDULILAH SOK AYA NUMERE NGINJEUM-NGINJEUM BAE MAH, BOH KA “JURAGAN TAMMY” ATAWA KA “JANG DIMAN”.
DUUUR….BEDUG,. DITEMA KU SORA AZDAN ASHAR TI MASJID BABAKAN….., GEBEG BI KARWI REUWAS. NAHA CENAH NGALAMUN TEH KAMALINAAN GERENTESNA, KOLESED BI KARWI TURUN TI TEPAS MURU KA DAPUR,REK TATAHAR NYANGU JEUNG MASAK KEUR NYADIAKEUN ANAK KATUT SALAKI WAKTUNA DAHAR BUKA PUASA…!! Cag...heula.
19 jam yang lalu · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Bunda Simata Wayang, Ira Nurani, dan Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep menyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (5)
POE IEU TANAGA MANG “KARSAN” DIENYAKEUN BEDA JEUNG POE-POE SAMEMEHNA, SRANGENGE KAKARA SAGALAH MUPU NGALA CARULUK GEUS MEH AMPIR MEUNANG LIMA TANGKALNA. NU ENGGEUS-ENGGEUS MAH MEUNANG TILU TANGKAL OGE SOK MEAKEUN WAKTU NEPI KA LOHOR, PAJARKEUN TEH NGARAH NGOLAHNA SAKALIAN KALAWAN BISA NGAJUAL KA KOTA BARENG JEUNG BATUR. LUMAYAN CENAH NGIRIT-NGIRIT BIAYA ANGKUTAN, SABAB SOK BISA PAPATUNGAN MAYAR ONGKOSNA JEUNG PADA BABATURAN NU SARUA IANG CARULUK KA KOTA. ABAH SUANTA JONGJON, KEUR NYADIAKEUN TEMPAT PAMEULEUMAN CARULUK. KAWANTU PAMEULEUMAN MEUNANG NYIEUN MANG KARSAN ACAN WEWEG PISAN, TUR RADA LUHUR TEUING PANYANGGANA. DIBANTUAN KU NYI INAH, NGASONG-NGASONGKEUN RANCAK AWI SAKALIAN JEUNG PITALIEUNANA.
GEUS MEUNANG LIMA TANGKAL MUPU BUAH CARULUK LUMAYAN RADA POHARA LOBA, TULUY MANG KARSAN NGUMPULKEUN RANGGEUYANANA BARI DI SARIG’SIGKEUN TEPI KANA BONGKOTNA, SANGGEUS RENGSE NYARIGSIG TERUS RANGGEUYAN CARULUK TEH DUABONGKOT-DUABONGKOT DIBEUNGKEUTAN KUTALI AWI PARAGEUH NAKER. NINGGANG WANCI PECAT SAWED TEH MANG KARSAN GEUS NYALSE BISA REUREUH TINA GAWE. DA KITU CENAH AMANAT ABAH SUANTA ULAH MAKSAKEUN CAPE TEUING MIGAWENA, BISI NGAGANGGU KANA KASAIMBANGAN AWAK NU DIPAKE NGALAKSANAKEUN IBADAH PUASA. CUKUP WE DIGAWE MAH, NEPI KA SAMEMEH DUR BEDUG LOHOR.
MANG KARSAN REUREUH DIUK DINA JUKUT BARI AWAKNA NYARANDE KANA TANGKAL MAHONI, PANON DIPEUREUMKEUN SAKEUDEUNG TERUS NGATUR NAFAS MINANGKA MULANGKEUN RENGHAP PANGACIANANA TINA KACAPE. LELEMBUTANANA JIGA ANU MILU RINEH MEPENDE GERENTESNA HATE………”Emh masih bagja temen kula, saiki ana pengarepan olih duit hasil ngolah buah ceruluk ne Abah Suanta, bagen kula ra kebagean asal Bine karo si Inah bisa tuku kelambi lan sepatu lebaran”.
KITU HAREWOS BATIN MANG KARSAN WAKTU HARITA…! PUGUH TISAMEMEH SAMEN KANAEKAN KELAS, REK NAEK TI KELAS LIMA KA KELAS GENEP. NYI “INAH” NGAGARIYENG NGURIHIT HAYANG GANTI SAPATU KA MANG KARSAN KU SAPATU ANYAR, SABAB TI KWARTAL KADUA KENEH SAPATU NYI INAH TEH GEUS DOBOL DUANANA TEU BISA DIPAKE SAKALIEUN JENGKE-JENGKE ACAN. BOH MANG “KARSAN” ATAWA BI “KARWI” LAIN TEU NGADENGE KANA PAMAREDIH NU JADI ANAK, CUKUP DIBEBENJOKEUN SANGKAN NYI INAH DAEK MAKE SENDAL INDUNGNA MUN KA SAKOLA. BARI DIREREMA NGUPAHAN BUDAK, KE CENAH MUN BAPA MEUNANG REZEKI PASTI DIPANGMEULIKEUN.
PAMIKIRAN MANG KARSAN ANU SIKAPNA CARANG TAKOL DIWAYAHNAKEUN WE CENAH, NEPI KA TILU BULAN DEUI MAH. AREK DILAKSANAKEUN NYUMPONAN PAMENTA ANAKNA NU HAYANG MEULI SAPATU ANYAR. SABAB AYEUNA MANEHNA KEUR NYANGHAREUPAN PIGAWE’EUN ANU AYA PATALINA JEUNG USAHA JUAL BEULI CARULUK, ATUH PUGUH WE BUNGAH GEUS AYA GAMBARAN ASA BOGA CENGCELENGAN. HANAS ETA CENAH HARGA SAPATU TEH ENGKE MAH NEREKEL NARAEK DEUI, KUMAHA ENGKE WE SAGEUY LAMUN URANGNA KEYENG ARI KUDU TEU PARENG MAH ASA KACIDA TEUING.
DA ARI KUDU NUNGGUAN NEPI KA HARGA SAPATU TURUN DEUI NENJO GALAGATNA MAH PIMANA’EUN, ONGKOH JIGANA KU INOHONG NU DI LALUHUR OGE MOAL WAKA KAPIKIRAN SOAL HAHARGAAN NYEKEK RAHAYAT MAH. SABAB MARANEHANANA KEUR NYIEUN KARIWEUH SORANGAN BARALAP NGURUSKEUN PARTEY, PARIBASA CENAH ETA OGE KEUR KAPENTNGAN RAHAYAT. PADAHAL NYAO TEUING’LAH…..DA NU ENGGEUS-ENGGEUS GE KITU WE UKUR ALUS CANGKANG, ARI DIBUKA MAH MANAHORENG JERONA TEH SISIT KADAL WUNGKUL.
KIRA SAPANAKOL DEUI KANA BEDUG LOHOR, MANG KARSAN DIAJAK BALIK KU ABAH SUANTA KA SAUNG. SANGGEUS NUUSKEUN KESANG, MANG KARSAN PAMITAN REK MULANG KA IMAHNA. ABAH SUANTA TEU POHO MERE DUIT LIMA REBU PERAK KA NYI INAH LUMAYAN CENAH, KEUR MEULI CIWANG JEUNG RUJAK BANGKUWANG KE ARI GEUS BUKA PUASA.
MANG KARSAN LEUMPANG NGAGANDEUANG MURU KA IMAHNA DITUTURKEUN KU NYI INAH ANU NGAJINGJING PARANG, BAPA JEUNG ANAK PADA-PADA SARUA MAWA RASA KASUKA HATE BAGJA BOGA HAREPAN ANYAR DINA NYANG’HAREUPAN POE LEBARAN…..!!Cag...lanan.
03 Agustus jam 21:46 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Undang Cece, Bunda Simata Wayang, Azisabdul Abdulmuslim, dan 3 orang lainnya menyukai ini.
- Agus Firman. beurat bahasana kang Andi.... abdimah kedah uah uih macana...03 Agustus jam 22:21 · Tidak Suka · 2 orang
- Andi Sumirat. Naha nya, da asa kendor rante na mah...hahahahahaha, kmna wkul Kasep.....wilujeng saur ?03 Agustus jam 22:40 · Suka · 1 orang
- Azisabdul Abdulmuslim. lumayan keur d ajar maca jeung bahasa sunda nu tarapti...hehehe..maklum kg andi saya mah tos rada balelol..hehehehe...!04 Agustus jam 4:37 melalui Facebook Seluler · Tidak Suka · 1 orang
- Andi Sumirat. Sae ayi Azis, keun bae urang nikreuh we make basa sorangan. sami-sami pada diajar miceun ka era mun pareng urang make'na......hahahahahaha04 Agustus jam 7:43 · Suka · 1 orang
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (6)
MUNGGUH WELAS ASIHNA GUSTI NU MAHA SUCI NGAYAKEUN PAPASANGAN BEURANG SINARENG PEUTING, YEN PANGERAN NYIPTAKEUN BUMI ALAM KATUT PANGEUSINA PIKEUN NYUBADANAN KABUTUHAN MANUSA. MANUSA ANU PINUH KU RASA RUMASA, KUDU TUHU TUMUT IBADAH KA MANTEN’NA. SABAB GEUS KARASA PANGARUHNA KANA ROMANTIKA KAHIRUPAN MANUSA, SAPERTI NU KAALAMAN KU BI “KARWI” JEUNG KULAWARGANA.
SAPRAK NYI “INAH” DIBEJAAN KU BI “KARWI” REK DIPANGMEULIKEUN SAPATU ANYAR KE ARI LEBARAN, NYI INAH JADI BERAG TUR GUMBIRA WAE SAPANJANG NGALAKONAN PUASA. SABAB CENAH CEUK BI KARWI INSYA ALLOH SAPATU TEH KABEULI, ASAL SING GETOL WE PUASA, NGAJI, JEUNG SAKOLA. KUDU LOBA NGADU’A SUPAYA BAPANA LANCAR DAGANG CARULUK, BARI MEUNANG BATI ANU MATAK HALAL DIDAHARNA. TAPI KANGARANAN BUDAK SAUMUR NYI INAH TACAN BOGA PIPIKIRAN DEWASA, BARI ATOH TEH NYARITA KIEU….”Panginten engkin teh nya Ma, sapatu anu diangge ku Inah disebatna sapatu Caruluk….?” DITEMBAL KU BI KARWI……”Enya keun bae apan geuning haji Kartobi oge nelah haji Kadu, pedah eta ka tanah suci biayana tina duit halal ladang panen buah kadu.”…..CEUK BI KARWI BARI SEURI MARAHMAY, BUNGAH NEMPO BUDAK BEUNANG DI ENGKE’KEUN KAHAYANGNA.
“Atuh sakantenan engkin mah, Ema ngagaleuh buku Matematika, tos isin ku neng Acih, Inah sok nambutan wae teh..!”
“Heug, asal Inah getol ngaji jeung sakolana..nya !”
“Muhun.”
“Ulah getol mangkat wungkul, tapi kudu sing pinter…nya !”
“Bukuna atuh kumplitan, Ma !”
“Ari kitu kudu meuli buku naon deui ?”
“Hooor, apan buku Panca Sila sareng Basa Sunda ge teu acan gaduh, saur bapa Guru oge wayahna kedah meser sewang-sewangan !”
“Baruk, naha euweuh injeumeun di sakola ?”
“Aya mung teu cekap sok parebut…Ema, bukuna kirang ! Apan tempo-tempo tara kabagean…..!”
“Enya muga-muga we bapa Inah lancar usahana, ambeh kahayang Inah kacumponan dimana lebaran.”
KABUNGAH HATE BI KARWI KAEBAT KU PANGALAMAN REK MUNGGAH, BASA BALANJA KA PASAR WARUNGTILU. NYAKSENI KAAYAAN EKONOMI ANU APUNG-APUNGAN, MEH TEU KAHONTAL KU EUSI DOMPET PANTARAN MANEHNA. LAIN BEJA HARARESE KU DUIT, DA PUGUH TAUN IEU KAAYAAN KEUR PAILA. PRAH DEUIH PAILA KEUR SAREREA, KU HAJI “KARTOBI”, KU JANG “DIMAN” JEUNG KU JURAGAN “TAMMY” OGE CENAH MOMOT KAHIRUPAN KIWARI TEH KARASAEUN PISAN, PADAHAL MARANEHANANA TEH LAIN PANGUSAHA SAKATIGA. MALAHAN MAH “NENG SUSY” JEUNG “NOK MARYAM” GE AYEUNA MAH SOK KADENGE LUH-LAH MAKE JEUNG KA PAKGADE SAGALA, CACAKAN SALAKINA JARENENG JADI PAGAWE PAMARENTAH KACAMATAN CIBINONG. KU BI KARWI SORANGAN KAAYAAN AYEUNA TEH ASA KARASA PISAN TIGERATNA, MEUREUN TINGGAL SABARNA.
PAINGAN ATUH ABAH SUANTA ARI NGAGELENDUT NYARITA KA SALAKINA JEUNG KA MANEHNA DI SAUNG KEBON KAWUNG, TEU WELEH NGUPAHAN MERE PAPATAH. DINA BAKAL NYANGHAREUPAN HALODO ALATAN CUACA NU PANCAROBA…..TEU PUGUH WAKTU NGIJIH JEUNG MAMARENG’NA……POK ABAH SUANTA NYARITA : ”Jang Karsan, Nyi Karwi. Sing sabar sing kuat Iman, sing tetep aya dina ka-Islam-an, bisina urang nyorang paila panjang alatan tina cuaca anu teu walatra. Muga-muga mah sing geura aya parobahan, urang sering-sering ngadu’a bae ka Alloh Swt sangkan musibah anu keur tumiba ka nagara jeung bangsa urang sing buru-buru sirna.”
ENYA OGE CEUK PAMIKIR BI KARWI PAILA TEH GEUNING MANJANG, JEUNG KURANG-KURANGNA MAH MATAH POHO KANA BEBENERAN. GEURA WE PIKIR, TI PUSEUR PAMARENTAHAN KENEH GEUS RIRIBUTAN. HAHARGAAN NEREKEL NARAEK DER SILIH SUMPUTKEUN SEMBAKO TINA ATURAN PASAR, DITAMBAH PARA BAGAWAN BEUKI SILIH PABENTAR PAHAM TEU NYARAHOEUN DIHANDAP MAH BARANGKEAKAN. TEU TINGGALEUN HARGA BARANG PECAH JEUNG PAKEAN GEUS TEU KADONGKANG, PANTESAN ABAH SUANTA NGANASEHATAN KITU OGE. ARI INGET KADINYA MAH HATE BI KARWI TEH TEU MAROJENGJA TEUING, SANAJAN LOBA KABEUBEURAT.
ALLOH’HU AKBAR….ALLOH’HU AKBAR…! SORA ADZAN TI LEBAK NANDAKEUN GEUS DATANG WAKTUNA BUKA PUASA. BI KARWI SAKULAWARGA DALAHAR BALAKECRAKAN NGARIUNG DI TENGAH IMAH, DEUNGEUN SANGU SAAYA-AYA KANGARANAN DAHAR RAHAYAT NU SALILANA MEUNANG KATIGERAT…!!! Cag.
Sabtu pukul 14:09 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, MathBregpersibluphdeath MisidsCduamccoach, Bunda Simata Wayang, dan2 orang lainnyamenyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (7)
HASEUP NGELUN MUMBUL KALUHUR CAMPUR JEUNG SILALATU, KASURUNG LENTABNA SEUNEU DURUKAN TINA PAMEULEUMAN CARULUK. PAMEULEUMAN NU GEUS MEUNANG PASANG PETA DINA LAHAN TANAH KEBON NU DIGAPLAHKEUN, NGAHAJA NGARAH TEU MATAK RUSAK KANA PEPELAKAN SEJENA. ABAH SUANTA, MANG KARSAN, JEUNG BI KARWI, KATEMPO SIBUK MEMENER RANGGEUYAN CARULUK NU DIBEULEUM DINA GANGGANGAN HAWU PAMEULEUMAN, BARI DIGUAR DIBULAK-BALIK KU CAROK GANTAR NGARAH RATA KABEULEUMNA. AMPIR BEDUG LOHOR GEUS MEUNANG SAJIRANGAN MEULEUM CARULUKNA THE, LUMAYAN CENAH JADI ARI DUA KWINTALEUN MAH. ABAH SUANTA NITAH REUREUH KA MANG KARSAN SABAB BISI CAPE TEUING CENAH. KEUN ARI GEUS KARI NGOLAH ONAMAN, PIRA MEULAHAN JEUNG NYOKELAN MAH, GAMPANG.
MUNGGUH HIJI KAUNTUNGAN PIKEUN WARGA MUMUNGGANG CIPARAJA MAH, UTAMANA BARUDAK AWEWE JEUN IBU-IBU NGARASA BOGA AREP-AREPEUN. UNGGAL BULAN PUASA SOK MILU MANTUAN NGOLAH BARI NGABUBURIT, ITUNG-ITUNG KULI HARIAN MEULAHAN JEUNG NYOKELAN DAGING BUAH CARULUK MEUNANG MEULEUM. SALIAN TI BOGA BURUHAN TINA SALETER LIMA RATUS PERAK, JABA KU ABAH SUANTA SOK DIBAGI KALAWAN GARATIS CANGKALENG’NA DUA LETER SEWANG. KEUR DIJIEUN MANISAN, DAHAREUN POE LEBARAN.
BUDAYA KALANGENAN NGARAWAT TANGKAL KAWUNG JEUNG MUPU CARULUK TI MANGSA BIHARI, TETELA MASIH KASAKSEN KENEH NEPI KA KIWARI. OBYAGNA KEBON KAWUNG DINA MAPAG BULAN PUASA, HUSUSNA DI PILEMBURAN CIANJUR KIDUL UMUMNA DI TATAR PASUNDAN GEUS JADI KABIASAAN. ESTU NGAJADIKEUN CIRI ANU MANDIRI PIKEUN NGAGALI SUMBER DAYA KEBON RAHAYAT, KALAWAN EUYEUB KU NILAI EKONOMI. MUN DISASAR SABABIAHNA TIMANA JEUNG IRAHA TANGKAL KAWUNG MIMITI AYA, SAURANG OGE BIHEUNG AYA NU BISA NGARAMALKEUN SACARA ILMIAH TUR PASTI. NU PUGUH MAH TANGKAL KAWUNG BISA NGIPAYAHAN MANUSA NU MIBOGA AKAL BUDI, PIKEUN NGOKOLAKEUN CAI LAHANGNA JEUNG BUAH CARULUKNA. GEUS PUGUH ARI ACI, NYERE JEUNG INJUKNA MAH APAN TEU SAEUTIK BISA NGALANTARANKEUN MANUSA HIRUP JUGALA, KAWENTAR JADI JURAGAN TANGKULAK “ACI” JEUNG “INJUK”. TINGGAL URANG SING I’ATNA ULAH TALOBEH, KAHADE POHO SYUKURAN KANA NIKMAT RIZKI TI “GUSTI NU MAHA SUCI”
MALAH AYA ANU PANGHESENA DIALA TINA ETA TANGKAL KAWUNG NYAETA SIFAT ACINING “ZDAT” KALUHURAN BUDI, ARANG LANGKA BISA KATAEKAN KU MANUSA. TANGKAL ANU NGANDUNG PILOSOFI EUNTEUNG DINA LOLONGKRANG KAHIRUPAN, SABAB MUN DI MANUSA MAH LIR IBARAT JELEMA BEUNGHAR BASAJAN TARA DAEK MAMERKEUN K AYAAN JATI DIRINA. SANAJAN LOBA HARTA BANDA TEU MATAK JADI JUMAWA ADIGUNG ADIGUNA ASA AING PANGBEUNGHARNA, ESTU HIRUP SAHAYUNA TARA NGAGINDING DIRI NGAHIAS AWAK DAPON HIRUP SAJAJAR JEUNG BALAREA. TANGKAL KAWUNG PINUH KU RASA RUMASA YEN BANDA TAYA KINASIHAN DA UKUR DAMA TITIPAN, SABAB BUKTINA LAMUN GEUS REUNEUH TANGKAL LEBEUT BUAH HEJO DAUN DISEBAKEUN KEUR KAPENTINGAN HIRUP MANUSA.
SABALIKNA MANUSA DINA MULANGKEUN RASA TUMARIMA KA PADA MAHLUK ANU GEUS MERE CUKANG LANTARAN KAHIRUPANANA, SOK TARA MAKE WIWAHA JEUNG TEMAH WADI. LIR KEMBANG DAMAR KAANGINAN LUAK LEOK HIRUP TEU PUGUH, DAEK MALIRE LAMUN HIRUP GEUS KAPEPED BARI JEUNG BUTUH. LOBA KACONTOANANA PATANI GULA KUTUK GENDENG NYAREKAN TANGKAL KAWUNG, PAJARKEUN CENAH HASILNA GEUS BEDA JEUNG BAHEULA BEUKI DIEU TEH KALAH NGURANGAN. KALAWAN TEU SADAR YEN MANEHNA CAN PERNAH DAEK NGURUS TUR ICEUS KANA SIFAT JEUNG KAHAYANG TANGKAL KAWUNGNA SORANGAN.
TEU MATAK HERAN BASA ABAH SUANTA NGANYARAN NGURUS TANGAKAL KAWUNG NU LOBANA LIMA WELAS TANGKAL DINA TANAH KEBON UKUR SACANGKEWOK, WARGA ANU AYA DI MUMUNGGANG CIPARAJA PADA NYARITA. ASA KU KAKARAEUN CENAH AYA TANGKAL KAWUNG DIURUS TUR DIRIKSA KAWAS KANA PALAWIJA, TAPI BARANG NINCAK SATAUN KATEMPO HASILNA GEUNING ENYA, CENAH DEUI BAE. HORENG TANGKAL KAWUNG OGE SARUA JEUNG TUTUWUHAN SEJENA, BUTUH KU PANGRIKSA KATULATENAN LENGEUN MANUSA MUN HAYANG LOBA KAPETIK HASIL KAALA BUAHNA TUR MATAK BETAH KANA LINGKUNGANANA.
SAPERTI KAAYAAN POE HARITA DI KEBON KAWUNG ABAH SUANTA, TINA GAWE GOTONG-ROYONG, SAUYUNAN PINUH KU RASA KAKULAWARGAAN TEH HASILNA KAWILANG LUMAYAN. TINA SESA BUGA-BAGI KA WARGA JEUNG TATANGGA KEBON, CARULUK THE MAKE AYA KANA LIMA KWINTALNA. PUGUH WE MANG “KARSAN” GIAK NAKER BASA WAKTUNA DAGANG…….IANG CARULUK KA KOTA……..!!
SOK SANAJAN UKUR SA KECLAK “CAI LAHANG”, ABAH SUANTA NGARASA SUGEMA HATENA. PEDAH GEUS BISA PACIWIT-CIWIT REZEKI, MERE MAWEH TINA HASIL GAWE NU RANCAGE……..!!? Cag.
Minggu pukul 23:22 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Deden Sukmayadi, Agies Naila, dan 2 orang lainnya menyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (8)
MEUNANG DUA POE MANG KARSAN DAGANG CARULUK DI KOTA, SABAB CEUK ABAH SUANTA ULAH DIJUAL LANGSUNG KA TANGKULAK GEDE. TANGKULAK URANG KOTA MAH DAGANGNA TARA MAKE “SUNAH ROSULL” SOK MOPONTENG KANA BARANG BATUR NYAPIRAKEUN NGAMUMURAH HARGA, TEU CARA MUN BARANG GEUS AYA DINA LEUNGEUN MANEHANANA NGAJUAL TARA MAKE ATURAN. MEULI BARANG SAREBU NGAJUAL LIMA REBU, MUN PARENG AYA ANU NAWAR PAJARKEUN TEH POK NA…: ”SANES TEU KAHARTOS, MUNG NEMBE CEKAP KANA MODALNA PANAWIS TEH”.
HAL SAPERTI DILUHUR TADI KACIDA DIPAHINGNA KU ABAH SUANTA, OMAT-OMATAN KA MANG KARSAN MUN DAGANG CARULUK KA KOTA. KADE CENAH ULAH SOK NGARAWU KU SIKU NEANGAN REZEKI TEH, TAPI RAWU KU KULAK CANGGEUM BAGJA AWAK URANG SORANGAN. KUDU BISA SYUKUR MUN KEUR MEUNANG UNTUNG, KALAWAN SOBAR DIMANA PINANGGIH JEUNG KARUGIAN. SABAB LAIN KAUNTUNGAN SAMATA NU DIALA, TAPI KUDU MATAK JADI MANGFAAT KEUR DIRI URANG SARTA NGADATANGKEUN BEREKAH PIKEUN KULAWARGA.
SANAJAN MANG KARSAN KAASUP JELEMA CARANG TAKOL ANCAD LAER, TAPI NGESTU SATUHU KANA PANITAH BATUR. SABADA DAGANGANANA PEREN KALAYAN MEUNANG HASIL NU RADA LUMAYAN, MANG KARSAN MENTINGKEUN REK BALIK KA CIPARAJA. TEU WANI SUMPANG-SIMPANG KOMO MIHEULAAN BARANG BEULI MAH, LIAN TI JAJAN DAHAREUN DINA WAKTUNA BUKA PUASA JEUNG DAHAR SAUR. BERES SHOLAT SUBUH MANG KARSAN GEUS AYA DI TERMINAL JEBROD, TERUS NAEK MOBIL ELF UMUM JURUSAN KA CIADAUN.
KAWANTU JALAN NAGARA TI CIANJUR NEPI KA PAGELARAN MAH TARAHAL LALEGOK BALA KU KORAL, JIGA NAGARA EUWEUH BAPA-AN MUN SEUG PARENG DITATANYAKEUN SOAL NGOMEAN JALAN PAJAR CENAH CAN AYA ANGGARAN. TEU CARA MASANG IKLAN JEUNG POTO PAJABAT MANI PABADAG-BADAG. PAN ETA TEH MEUREUN AYA BIAYA MAYAR PAJEGNA SARUA JEUNG PAJEG ANU DIALA TI RAHAYAT, ATUH CENAH LAMUN MASANG IKLAN JEUNG POTO TEU MALAYAR MEUREUN ETA NUDISEBUT NGAGASAB BANDA NAGARA.
KAREK BISA NORMAL DEUI MOBIL TEH MAJUNA RADA GANCANG SANGGEUS LIWAT PUDUNAN RAWAKALONG, BUBUHAN JALAN KAREK MEUNANG NGA HOTMIX BARI JEUNG GEUS BULADIG DEUI. ATUH NEPI KA CPARAJA TEH LUMAYAN RADA KABEURANGAN, MEMEH LOHOR KAREK NEPI KA IMAHNA. KASAMPAK BI KARWI KEUR NUTUAN PARE KETAN NU MEUNANG BABON BASA KULI DEREP BULAN REWAH. CENAH KEUR NYIEUN RANGGINANG JEUNG OPAK, NYAMPAKEUN ANAK MINANTU KATUT INCU. BOH NU TI CISEWU KITU DEUI NU TI PANGALENGAN, MUN PARENG BARALIK DINA POE LEBARAN GEUS SAYAGI KU KADAHARAN.
SANGGEUS SALSE TINA DIGAWE MANTUAN PAMAJIKAN TATAHAR BARANG JIEUN BAHAN KEUR MAPAG LEBARAN, PASOSORE MANG KARSAN INDIT KA SAUNG KAWUNG ABAH SUANTA PIKEUN SETOR DUIT HASIL DAGANGANANA. PUGUH WE ABAH SUANTA BUNGAH SABAB MANG KARSAN BALIK KALAWAN SALAMET, BARI MAWA HASIL DAGANGAN ANU CUKUP NYUGEMAKEUN.
TINA SESA BARANG DAHAR, ONGKOS KENDARAAN JEUNG JAJAN SALILA MANG KARSAN AYA DI KOTA, DUIT LADANG CARULUK TEH KU ABAH SUANTA DIBAGI DUA JEUNG MANG KARSAN DITAMBAH KU DUIT LADANG GAWE DIKEBON. ATUH PUGUH WE MANG KARSAN KACIDA BUNGAHNA, MAKE KABAGEAN DUIT AYA “TUJUH RATUS LIMA PULUH REBU” PERAK NU TACAN PERNAH BOGA DUIT KEUR LEBARAN GEDENA KAWAS AYEUNA.
MANG KARSAN PAMITAN KA ABAH SUANTA REK BALIK MIKEUN DUIT KA PAMAJIKANANA, SINA DITEUNDEUN KEUR BALANJA MUN GEUS DEUKEUT WAKTUNA KA POE LEBARAN………! BI “KARWI” JEUNG NYI “INAH”, PADA-PADA NGASONGKEUN DAMPAL LEUNGEUN KALUHUR…..MUJI SYUKUR KA NU AGUNG TUMARIMA KA NU MAHA KAWASA…..., ANU TOS MASIHAN RIZKI KA KULAWARGANA…….?!! Cag heula.
Selasa pukul 17:26 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Om Hendra, Azisabdul Abdulmuslim, dan 2 orang lainnya menyukai ini.
- Bunda Simata Wayang. Hatur nuhun akh dongengna,,,sedih geuning upami di lenyepan mah...
Kajeun rizqi alit,,,ari di alana ku jalan halalmah bari jeung ku kasabaran karna Allah,,,karaos nikmatnateh geuning nya...
Wilujeng ngabuburit^_^Selasa pukul 15:25 · Tidak Suka · 2 orang - Andi Sumirat. Sawangsulna Bund, mana atuh kanggo buka puasa na...? hahahahahahahahaaha.....Selasa pukul 17:14 · Suka · 1 orang
- Ecky Awal Mucharam. Ass.w.w. Kang, sae pisan upami karyana dibukukeun.Kemarin jam 14:35 melalui · Tidak Suka · 2 orang
- Andi Sumirat. Aduuuuh....teu pisan" Pangersa, ieu mah tambi kaluman teuing. Hatur nuhun panglayad'na, wilujeng buka puasa wae...manawi ? hahahahaha.....Kemarin jam 16:50 · Suka · 1 orang
- Bunda Simata Wayang. kang Ecky@satuju pisan tah,,,leres kang Andi Sumirat,,,sae upami di bukukeun,,,
Bunda orang pertama anu bade ngagaleuhna,,,Insya Allah^_^
kanggo bukanamah kin masak heula tacan beres,,,xixixixiKemarin jam 16:55 · Suka - Andi Sumirat. Hahahahahaha....hatur nuhun Bund, ,,,seneng impun ?Kemarin jam 17:00 · Suka · 1 orang
- Bunda Simata Wayang. sawangsulna...Ath kantenan we upami di kintun mah seneng pisan,,,xixixixiKemarin jam 17:04 · Tidak Suka · 1 orang
- Lies Erawati. wilujeung siang bunda?10 jam yang lalu · Suka · 1 orang
- Bunda Simata Wayang. Lies Erawati@wilujeng sonten ayeunamah,,,xixixi6 jam yang lalu · Suka
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (9)
BRAY FAJAR NGUNIANG HUDANG, LIR SUMIRAT NARATAS JAGAT NU BIJIL TI BEULAH WETAN. CAHAYANA HURUNG MUBYAR KADIYA KUNANG, NYAANGAN ALAM BUANA PANCA TENGAH. MANGRUPA PANGBAGEA KA SAKUMNA MANUSA SANGKAN LILIR TINA IMPIANANA, NYARING DIRI MAPAG BEURANG. PIKEUN IBADAH NYIAR KIPAYAH. ENGGONING MAYUSAN TANGGUNG-JAWAB NANJEURKEUN PAPAGON AGAMA, NU KAASUP SABAGIAN TINA KAWAJIBAN MANUSA HIRUP KUMELENDANG DI ALAM DUNYA.
DI HIJI LEMBUR SINGKUR PERKEBUNAN, NELAH KAMPUNG “BEDENG CIUNCAL” KADUSUNAN KERTAMANAH. KA’ASUP AREAL ATAWA AFDELLING SUKAMANAH, WEWENGKON PERKEBUNAN MALABAR DI KACAMATAN PANGALENGAN. ARI NUJADI ASISTEN MINANGKA WAWAKIL JURAGAN KAWASA DI ETA AFDELING TEH, NYAETA RADEN SUTA ATMAWIJAYA. ANU GEUS POPULER SOK DISEBUT “JURAGAN ASISTEN” TULEN URANG SUNDA TEUREUH MENAK WEDALAN TI BANJARAN, NU KUNGSI NGALAMAN SAKOLA MULO DI BATAVIA.
CI’IBUN SUBUH NGAGARENDANG HERANG LIR MUTIARA KATRESNA, BIJIL TINA SELA PUCUH DAUN ENTEH NU NGEMPLOH HEJO. SAAB’NA MIMITI NGEBUL KALUHUR KAPATRI KU TIISNA HAWA BIHARI, NYURUP NYUSUP KANA PEPEDUT GUMULUNG NGAJADI HIJI MANGRUPA HALIMUN GUNUNG. GUNUNG PANANGGEUHAN KAHIRUPAN PIKEUN HURIPNA MANUSA NU NYICINGANANA, MUMUNGGANG SAGARA DARATAN NU PINUH KU TANGKAL PAKASABAN DISEBUT ENTEH NGARANNA.
REBUN-REBUN KENEH JANG “KOHAR” NU JENENG JADI “MANDOR TIMBANG” GEUS BEBERESIH DI KANDANG DOMBA, BARI SAKALIAN MARABAN DOMBANA NGARAH SALSE BASANA TEH. ARI NYI “ENTIN” PAMAJIKAN JANG KOHAR, KEUR KAPRAK-KEPREK NIPUNG REK NYIEUN CANDIL KETAN, MEUNGPEUNG JANG “HALIM” BUDAKNA NU KAREK UMUR SATAUN SARE KENEH. LUMAYAN CENAH NGIRIT-NGIRIT BAHAN JEUNG DUIT, NGARAH TEU SAGALA MEULI TEUING LALAWUH KEUR DAHAREUN ENGKE BUKA PUASA. MUNGGUH JANG KOHAR BISA DIGAWE DI PERKEBUNAN BUBUHAN MITOHA NU KATELAH PA “UBED” JADI MANDOR TANAMAN, MINANGKA BATI KUMAWULA KA MITOHA NYA DIJEUJEUH-JEUJEUH SINA DAEK DIGAWE. KU SABAB JANG “KOHAR” HIRUPNA NGALESA, GEDE TUMARIMA DIBARUNG BOGA LAKU-LAMPAH JUJUR. ANU TADINA DIGAWE SA-KASAMPEURNA DIBAYAR HARIAN, AYEUNA GEUS JADI PAGAWE BULANAN. KALAWAN GEUS MISAH TI IMAH MITOHA DI “RANCA MAUNG”, SABAB JANG KOHAR MEUNANG HAK BAGIAN NGEUSIAN BEDENG KARYAWAN DI CIUNCAL.
WANCI MELETEK PANON POE JANG KOHAR GEUS SAGED REK MANGKAT GAWE, NAJAN BARI PUASA TAPI TEU IEUH KENDOR SUMANGET DIGAWENA. MALAHAN SOK RADA DILEUWIHAN KUWAKTU MILU CUTAT-CATET DI TEMPAT PAGAWEANANA, ITUNG-ITUNG NGABUBURIT CENAH NGARAH DATANG KA IMAH TEU PATI KESEL TEUING NUNGGUAN WAKTUNA BEDUG MAGRIB. SANGGEUS PAMITAN KA NYI “ENTIN” JRUT JANG KOHAR TURUN TI IMAH KENCLING INDIT LEUMPANG NGAGEDIG, TEU IEUH TUTUMPAKAN BOH KANA SEPEDA SUMAWONA KANA MOTOR. LAIN TEU HAYANG CENAH, ETA OGE LOBA NU NAWARKEUN MAH MOTOR HONDA LEGENDA NGAN BAHRO TAYA SURATAN. KIRA SATENGAH JAM LILANA LEUMPANG…..JANG “KOHAR” GEUS TEPI KA PABRIK TERUS MURU KA BAGIAN PENGAWAS LAPANGAN. REK NYOKOT DAFTAR ABSEN, JEUNG BUKU KILOAN BARANG.
MEMEH JANG KOHAR INDIT DEUI NINGGALKEUN PABRIK, JANG KOHAR DICALUKAN KU PA “MAMAN” NUJADI MANDOR PABRIK. YEN CENAH JANG KOHAR DISAUR KUDU NGADEHEUS KA JURAGAN “MANDOR BESAR” DI EMPLASEMENT (Komplek Kantor Perkebunan Jaman Walanda), ATUH TEU WUDU JANG KOHAR NGARASA KAGET NAON SABABNA MANEHNA DI PANGGIL KU MANDOR BESAR…?! TEU TALANGKE JANG KOHAR NGAJUGJUG KA EMPLASMENT, NYUMPONAN PANGANGKIR ATASAN. SANGGEUS AYA DI RUANGAN JANG KOHAR DIBAGEAKEUN KU PASEMON NU MARAHMAY, TERUS SINA DIUK PAHAREUP-HAREUP SARENG “JURAGAN MANDOR BESAR” UKUR KAHALANGAN MEJA. KAWANTU MANDOR BESAR BOGA SIFAT DISIPLIN KANA TATA-TITI, ALUS ATIKAN JEUNG JEUJEUHAN HANDAP ASOR KA BAWAHAN. ATUH DINA NEPIKEUN SAGALA MASALAH TEH TEU WUDU BABARI KAHARTI GANCANG KATARIMA, BARI TEU ASA KASOROT MATA PIKEUN JINISNA. KUKITUNA UKUR MEMENITAN, JANG KOHAR GEUS KALUAR DEUI TI RUANGAN JURAGAN MANDOR BESAR.
SABOT LEUMPANG MURU KA SAUNG JANG KOHAR NGALAMUN JERONING HATENA, MIKIRAN KATERANGAN JURAGAN MANDOR BESAR BIEU DI KANTORNA. YEN DIRINA GEUS KATUDING CURALING. NYAETA CENAH KU POKALNA SI “DODO” SUPIR ANGKUTAN PUCUK, MERE LAPORAN KA MANDOR PABRIK. PAJAR MANEHNA SOK NYUMPUTKEUN PUCUK ENTEH MEMEH DISORTIR, KALAWAN SOK DIJUALNA KA BANDAR ENTEH HEJO DI HARJASARI NU KATELAHNA “BABAH MENG’LIE”. MALAH KIWARI KABEH STAF BAGIAN PRODUKSI KEUR OBYAG MARIKSA PEMBUKUAN BARANG, BISI ENYA AYA SALISIH ASUP JEUNG KALUARNA BARANG NU NYURIGAKEUN. TAPI SAMEMEH WARTA’NA KAUNINGA KU “JURAGAN ASISTEN”, MANDOR BESAR GEUS NGUTUS PA “USEP” KEPALA KAAMANAN PIKEUN NGAYAKEUN PANALUNGTIKAN…..!!
EMH….KASEBELAN PISAN TAH SI “DODO”…! MANAHORENG TEU REUREUH MANEHNA NGARAH-NGARAH KA DIRI AING, SANGKAN AING MEUNANG CILAKA……WIWIRANG DIKOLONG CATANG…?!! KITU GERENTES HATE JANG “KOHAR” BASA TEPI KA SAUNG PANIMBANGAN……..! Cag heula.
Selasa pukul 23:57 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Bunda Simata Wayang, Undang Cece, dan Deden Sukmayadimenyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (10)
NYEBARNA ISU ATAWA BEJA JANG “KOHAR” SOK NYUMPUTKEUN PUCUK ENTEH KALAWAN DIJUALAN KA BABAH MENG’LIE, TI POE KA POE BEUKI NYEBAR KA PAGAWE PABRIK KATUT PAMETIK ENTEH DI KEBON NA SEWANG-SEWANGAN. ATUH JADI IBUR SALELEMBUR MATAK GEMPAR SA PERKEBUNAN, PADA TEU NYANGKA CENAH JANG KOHAR BET KITU PETA.
MUNGGUH ARI OMONG SOK HARUS BATAN GOONG KAWANTU LUMANGSUNGNA DI PILEMBURAN, TEU MATAK HERAN NGAJADIKEUN LOBA SANGKAAN NU LAIN-LAIN. NINGGANG KA JELEMA NU BOGA BIWIR NYIRU ROMBENGEUN, BEJA TEH TINA SAJEUNGKAL SOK JADI SA DEUPA.
PIKEUN WARGA PERKEBUNAN NU TEU PATI LOBA NYAHO KANA “BEUNDENG’NA” SILIH MUSUHAN ANTARA JANG “KOHAR” JEUNG SI “DODO”, TANGTU UJUG-UJUG SU’UZDON PERCAYA KANA HAL-HAL NU PINUH KU KAGORENGAN. TAPI KEUR KADANG WARGA ANU APAL KANA KASANG TUKANG PAGETRENGNA SI DODO JEUNG JANG KOHAR, PASTI MOAL WAKA PERCAYA KANA BEJA MUN ACAN AYA BUKTINA.
TILU TAUN KA TUKANG BASA JANG “KOHAR” LALAGASAN SOK NGIDERKEUN DAGANG GULA ANU JANG “KOMAR” LANCEUKNA TI CISEWU GARUT, NU MEH PAEUNTEUNG-EUNTEUNG JEUNG WEWENGKON PANGALENGAN. BUBUHAN KEUR DI CIPARAJA KENEH SOK RAJEUN DAEK IANG GULA KA KOTA, MUN PARENG DITITAH KU ABAH SUANTA. INDIT NGALALANA DAGANG TEH SOK NGAPRAK KA KONTRAK ENTEH MALABAR, NEPI KA BEDENG-BEDENG PADUMUKAN KARYAWAN PERKEBUNAN. HIJI MANGSA JANG KOHAR NAWARKEUN GULA KA BEDENGNA PA UBED DI RANCA MAUNG, PEDAH KAMARI AYA TALATAH TI TATANGGANA CENAH AMBU “SARI” PAMAJIKAN MANDOR UBED BUTUH KU GULA KAWUNG.
KABIRUYUNGAN KU MILIK NU TARA PAHILI-HILI, BAGJA TEU PAALA-ALA. MUN CEUK PANTUN MALAYU MAH….“PUCUK DICINTA ULAM TIBA”, MAKSUD HATE NAWARKEUN GULA AYA TAMBAHNA, JANG KOHAR MAKE PANGGIH JENG CALON BEBENE. HIJI BUDAK AWEWE KEWES PANTES, RUPA BASAJAN TAPI SONAGAR HENTEU KAMPUNGAN. PUTRA BUNGSU MANDOR UBED NU KEUR MEUJEUHNA RUMAJA PUTRI, NGARAN PANJANGNA MAH “ENTIN SUMARTINI” NGAN NENEH’NA SAPOPOE NELAH “NYI ENTIN”.
PUGUH NYI ENTIN TEH HIJI MOJANG NU KEUR MANGKAT BEGER MUNGGARAN, BARI BOGA RUPA BASAJAN TAPI NYARI GEULIS BAWANA NGAJADI. PAMEUNTEU NGADAUN SEUREUH IRUNG MANCUNG KUWUNG-KUWUNGAN TARANGNA TEJA MENTRANGAN, GADO LIR ENDOG SAPOTONG LAMBEYNA MIRIP GONDEWA ARI IMUT NGAGELENYU MANI KAREU’EUT, MATAK GEUGEUT LAMUN PATEUTEUP. MUNGGUH PANGAWAKAN JANGKUNG LENJANG BUUK HIDEUNG GALING MUNTANG, CANGKENG LENGGIK LIR CANGKENG PAPANTING. KATAMBAH PAKULITAN KONENG UMYANG MUN LEUMPANG MACAN TEUNANGAN, ESTU PAYUS TEUREUH WANDA MOJANG PRIANGAN. CEUK URANG DINYA MAH NYI “ENTIN” TEH KAASUP BENTANGNA, DI ANTARA LEMBUR BEDENG KONTRAK MALABAR MAH.
ARI RENGKAK PARIPOLAHNA, NYI ENTIN TEH LUNGGUH TIMPUH ANDALEMI DIBARUNG KU AMIS BUDI. TARA CEGIHAN KA LALAKI SUMAWON’NA KA PADA ISTRI ESTU RENGKUH HORMAT KA IBU RAMA, HANDAP ASOR KA UNGGAL JALMA. NAJAN KITU TEU KAASUP DUSUN BAU LISUNG BUBUHAN SAKOLA TAMAT SMEA, MALAH KUNGSI LULUS KURSUS NGAPUT SAGALA. ATUH TEU MATAK HERAN KAUM LALAKI PADA KAJAMPARING ATI, LOBA PAMUDA KAPENTANG ASMARA CINTA.
ANU MATAK TI BARANG GOK JANG KOHAR KA BEDENG PA UBED NAWARKEUN GULA KAWUNG KA AMBU SARI, JANG KOHAR JADI TEU PUGUH RAMPA SANGGEUS PAADU TETEUP JEUNG NYI ENTIN NU KALUAR TI IMAH BARENG JEUNG INDUNGNA REK MILU MILIHAN GULA DAGANGAN JANG KOHAR…..! MEMEH POK NAWARKEUN GULA JANG KOHAR KALAH MOLOHOK NGEMBANG KADU MATA SIMEUTEUN, BET TEU PUPUGUH HATE JANG KOHAR JADI RATUG TUTUNGGULAN. DINA GERENTES HATENA TEU NYANGKA SACONGO BUUK, GEUNING DI KONTRAK MALABAR AYA KEMBANG NU MANGKAK LIGAR KATURUBAN DANGDAUNAN SEUNGITNA ANGIN-ANGINAN. AYA ASMARA NGAHUDANG RASA KACINTA MARUDAH PAGALIWOTAH, KEUN SIAH…KEUN SIAH SUGAN TACAN AYA HALANGAN, GEUNINGAN COCOK JEUNG LELEMBUTAN….!! Cag.
Rabu pukul 9:23 · Suka · · Berhenti Langganan
- Bunda Simata Wayang dan Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep menyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (11)
AYA JALAN KOMO MEUNTAS PIKEUN JANG KOHAR. BASA DIPAPADONAN KU AMBU SARI YEN NGIRIMAN GULA KAWUNG TEH CENAH ULAH TELAT, KUDU MAYENG SAMINGGU SAKALI UNGGAL POE JUMA’AH. SABAB KEUR KIRIMKEUNEUN KA NYI “NENGSIH” ANAK PA UBED JEUNG AMBU SARI ANU CIKAL, USAHANA KANA DAGANG MUKA WARUNG “COLENAK” JEUNG SALAKINA DI PASAR PANGALENGAN.
PUGUH JANG KOHAR NYANGGUPAN PISAN BARI NGARASA BUNGAH TAYA PAPADANA, NGAMANGGA’KEUNANA OGE MANI UNGGAL RENGHAP. BARI AWAK RENGKUH TUNGKUL SIRAH MEH NEPI KANA TUUR, PERSIS JIGA HAYAM PELUNG KEUR KONGKORONGOK TI PETERNAKAN HAYAM PA “UWOH” DI WARUNGKONDANG. SANAJAN JANG KOHAR NU SAKOLANA TEU LUHUR TAPI APAL KANA TATA KRAMA. DINA NYANGHAREUPAN WANOJA NU HERANG MENCRANG BISA NGAWILAH RENGKAK TUR PARIPOLAH. MANA WAKTU KEUR DAGANG, JEUNG IRAHA MANGSANA KUDU WAWANOHAN.
SANGGEUS PAHEUT JANGJI JEUNG AMBU SARI JANG KOHAR PAMITAN, NGAHAJA API-API SASALAMAN HEULA KA AMBU SARI. PADAHAL UTAMANA MAH HAYANG SASALAMAN PATAREMA PANANGAN JEUNG NU GEULIS NYI “ENTIN SUMARTINI”.
DAMPAL LEUNGEUN JANG KOHAR DIASONGKEUN KANA DAMPAL PANANGAN NYI ENTIN, NU LEMES TUR RAMO-RAMONA NU MARUCUK EURIH MANI LUCU. ATUH NYI ENTIN OGE SARUA TEU ASA-ASA, NARIMA DAMPAL LEUNGEUN JANG KOHAR. GAP DUANANA SASALAMAN. NAHA ASA AYA MAHNIT BEUSI PERSANI NAPEL KANA DUA DAMPAL LEUNGEUN NONOMAN NU NYAKOP HESE LESOT. PROK DUA PASANG PANON PAAMPROK DIADU TETEUP MANI SEUKEUT……GELENYU NYI ENTIN IMUT KAREU’EUT. IMUT NU MATAK NGIRUT BET JIGA PANGJAJAP KATRESNA NU MATURAN SOROT SOCA, DEG….CENAH HATE JANG KOHAR DEG-DEGAN, SEREDET…..SEBLAK…..NGALENYAP TER….HATENA NGAGETER MAPAY LEUNGEUN PARAT KANA DAMPAL NU PACEKEL PAGEUH NAKER. BIWIR JANG KOHAR ENGAB SAEUTIK REK NGOMONG TEU BISA POK, KALAH HAROSHOS TEU PUGUH….SARTA NGAHAREWOSNA TEH…: “Ma..manggha atwuh Nyi, dikanthun heuwla…ku akhang” KITUNA TEH MEH TEU KADENGE, TEURUS DIJAWAB KU NYI ENTIN TATAG NAKER BUBUHAN NYI ENTIN MAH TERPELAJAR ATUH….: “ Mangga Kang, didua’keun nya sing salamet mulih ka bumi” CEUK…..NYI ENTIN BARI IMUT NGAGELENYU.
LEOS JANG KOHAR NINGGALKEUN BEDENG PA UBED BARI MAWA HATE NU GULIGAH PISAN, ATUH GULA DAGANGAN PRANG-PRING TEU NYESA SABONJOR-BONJOR ACAN. KATAMBAH AYA HAREPAN BAKAL BISA MEUNANG KASEMPETAN KEKENALAN JEUNG NYI MOJANG LENJANG BENTANG’NA KONTRAK MALABAR. SABOT LEUMPANG NGAJUGJUG KA PAMEGATAN KENDARAAN NU JURUSAN KALUAR KONTRAK, SUNGUT JANG KOHAR TEU EUREUN NGAHARIRING LAGU “MAWAR BODAS”. ANU SOK DIHALEUANGKEUN KU YAYAN JATNIKA TEA, TAPI MUN GEUS TEPI KANA LEBAH REF’LAGUNA DI LIWAT TARA DITERUSKEUN. SIEUN ENYA DIKIEUNA CENAH KA ALAMAN KU MANEHNA NU LENJANG GAGAL KATEANG, TUNGTUNGNA WIRAHMA LAGU DI TENORKEUN JADI PINDAH KANA LAGU “PANGANTEN ANYAR”……..!
POE ISUKNA SANGGEUS JANG KOHAR AYA DEUI DI IMAH LANCEUKNA NYAETA JANG “KOMAR” DI CISEWU, TEU WUDU JANG KOHAR ALEWOH KA LANCEUKNA NGABEJAKEUN MEUNANG ORDER PESENAN GULA KAWUNG TI AMBU SARI DI KONTRAK MALABAR. PUGUH WE ATUH JANG KOMAR OGE LAIN DEUI ATOHNA PUGUH NYASAT GEUS RADA LILA KARASA LESU DAGANG KANA NGABANDAR GULA.
MA’LUM LOBA BEJA TI INOHONG NAGARA CENAH EKONOMI NU TEU WELEH DEFISIT PACEKLIK KU DUIT, ULAH-ULAH MUN SALAH NGOLAH RUPIAH BAKAL KALINDIH KU DOLAR ANTUKNA NAGARA BISA NGALAMAN TELER DEUI KU MONETER. KITU SOTEH TEUING “ALESAN WUNGKUL” NGARAH KAPI’ANDEL DA CENAH RAHAYAT MAH MOAL NYARAHO’EUN IEUH, TAPI ETA BUKTINA GEUNING JAUH TANAH KA LANGIT JEUNG DEFISIT. KAHIRUPAN PARA INOHONG NU KACIRI SUGIH MUKTI BUNCIR LEUIT LOBA DUIT HASIL TINA PAGAWEAN TEU PIRA, UKUR NGUTAK-NGATIK ANGGARAN NAGARA BARI TEU IEUH NGARASA DOSA. PADAHAL MUN MARANEHANANA TURNI KADESA-DESA BAKAL NEMBRAK RAHAYAT KATARA LARA BALANGSAK, KURANG SANDANG KATUT PANGAN, PADAGANG SEPI JEUNG RUGI PATANI NGAN UKUR PINUH DAKI………!!! Cag heula…
Kamis pukul 22:52 · Suka · · Berhenti Langganan
- Bunda Simata Wayang, Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep, dan Undang Cecemenyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN(12)
GEUS MEUNANG OPAT JUMA’AH HARTINA GEUS AYA KANA OPAT KALINA JANG KOHAR NGANTEURAN DAGANGAN GULA KAWUNG KA AMBU SARI. KALAWAN JANG KOHAR TARA NGARASA GAPLAH, TEU WELEH MEUNANG PANGBAGEA TI PRIBUMI NU BOGA IMAH. UTAMANA BISA PANGGIH BEUKI WANOH JEUNG NYI ENTIN, NU AYEUNA GEUS WANTER SONAGAR NYUGUHAN CAI SAGALA.
ATUH SALIAN TI KITU JANG KOHAR GEUS DUA KALI KUNGSI PANGGIH JEUNG PA “UBED” BAPANA NYI ENTIN, MALAH BASA PANGGIH KADUA KALINA MAH PA UBED NGAJAK NGOBROL PANJANG LEBAR KA JANG KOHAR. JEUNG NGADAK-NGADAK DEUIH PA UBED TEH BET NGARASA RESEP KATARIK KU POLAH CARITA JANG KOHAR, ANU BASAJAN TUR SOPAN APAL KANA TATA-KRAMA. DINA CUMARITA DATAR NGAWIRAHMA KARASA KOMA PEUN’NA, ECES JENTRE PUGUH ENTEP SEUREUH’NA.
NINCAK BULAN KA TILU JANG “KOHAR” WAWANOHAN JEUNG NYI “ENTIN SUMARTINI”. BET GEUS KARASA TUMUWUHNA BIBIT-BIBIT KEMBANG KATRESNA NU MANGKAK LIGAR, MEKAR NYEBAR MAWA HEGAR KA DIRINA SEWANG-SEWANGAN. JAMPARING ASIH ANU BIHARI KIWARI KAPIPIT ATI, SUMARAMBAH KANA BAYAH MUKAKEUN GALURA CINTA NU NYANGKARUK NA GUHA GARBA. ITU IEU PADA-PADA KEDAL UCAP PASINI JANGI PASANG SUBAYA, PIKEUN SILIH PIKA’ASIH NA MANGSA SEDIH SILIH BELAAN MANGSANA LARA. BATU TURUN KEUSIK NAEK….”JANG KOHAR PURUN NYI ENTIN DAEK”……GINULURAN KU DAULAT NU PINANGGIH BAGJA REPOK JODO NGONGKON SONO, HATE SAPUK SAUYUNAN SAATI NGAJADI HIJI DIRI MUNTANG KA YANG AGUNG MUGI TEPUNG DI BALE NYUNGCUNG……..!!!
KATINDIH KARI NGAJADI KATAMBAH BAGJA DURIAT KOLOT MAH UKUR TILAWAT MO MUNGPANG KAHAYANG ANAK, PA UBED KATUT AMBU SARI BUNGAH NEMPO ANAK GEUS BOGA PILIHANANA. TAPI MUNGGUHING PIHAK AWEWE BABASAN DULANG TINANDE TEU BISA SAKAHAYANG HATE, KUDU TUMUT KANA WAKTU MILIH WANCI NU MUSTARI KATANGTUAN TI KULAWARGA LALAKI. TUWUH WUJUD TAKDIR DIRI SADRAH RUPA KODRAT AWAK, MUNGGUHING HYANG MAHA WIDHI KERSANING NU MERBANG ALAM JANG KOHAR JEUNG NYI ENTIN RESMI JADI PAPACANGAN…….!!!
LAIN DEUI MATAK GEUNJLEUNG’NA, GUYUR KA BATUR SALEMBUR PATAREMA PABEJA-BEJA YEN NYI “ENTIN” GEUS DITANYAAN KU JANG KOHAR. MALAH AMPIR KALOLOBAANANA KADANG WARGA NGANAHA-NAHA, PAJARKEUN TEH MANGLEBARKEUN NYI ENTIN KUDU MEUNANGKEUN JANG KOHAR MAH. NAJAN ENYA OGE JANG KOHAR TEH KAASUP PAMUDA KASEP DEDEG SAMPE RUPA HADE. TAPI ARI PANTAR NYI “ENTIN” NU KALUARAN SAKOLA ES EM KA, ASA PIRAKU DEUI CENAH KUDU BOGA SALAKI KA TUKANG GULA. KITU MUNGGUHING SIFAT MANUSA NU SALAWASNA GEUS DILIMPUDAN KU BUDAYA HALIYAH DUNYA, TARA NGARAGANGAN TUR NGAHARGAAN PAMANGGIH BATUR. MOPOYANKEUN KANA DATANGNA PAPASTEN, NU CAN PUGUH MARANEHANANA OGE BISA NYUBADANAN MUN KATIBANAN TAKDIR TI PANGERAN NU “MAHA WENANG”……
BEJA, PABEJA-BEJA. NEPI KAHILIR KAPIPIR-PIPIR, PATAREMA MAPAY REUMA. PUGUH NING NYI “ENTIN” TEH KEUR LOBA NU PADA NGALANGLANG NGAHELARAN, ITU IEU HAYANG JADI KI’KINDEUWAN. PANG-PANGNA KEUR PAMUDA TUR PARA JAJAKA GANDANG KONTRAK MALABAR, MANI SABAN POE NGARINTIP BARI NALUNGTIK NGADODOHO SUGAN BISA NGAJODO. ARI HEUG AYEUNA TINGGAL BEJANA PUGUHWE CENAH KABEH PAMUDA ASA KAHINA, HANAS GEUS AGUL PAGAYA-GAYA WURI-WURI BET TEU MANGGAPULIA ELEH SET KU TUKANG GULA.
NINGGANG DATANG BEJA KA HIJI PAMUDA, ANU SASAT JEUNG NYI “ENTIN” URUT BATUR ULIN TI LEULEUTIK NYOBAT PISAN TI KEUR BUDAK. PARENG GEDE NINCAK DEWASA MANEHNA KAPINCUT DURIAT, KADENGENA ETA BEJA KU CEULI MANEHNA CENAH ASA KABENTAR GELAP TENGAH POE ERNG-ERNGAN. KAWANTU TIBEH DITU KUKUBUK KA UNGGAL HULU, GEER GEHGERAN AMBON SORANGAN. DIBEJA-BEJA KASABAN PAMUDA YEN CENAH, NYI ENTIN MAH SABENERNA GEUS PAPACANGAN JEUNG MANEHNA TI KEUR SAKOLA KENEH.
TAYA LIAN ETA PAMUDA TEH….., NYAETA SI “DODO” ANAK PANGSIUNAN MANDOR “CENTENG”. NU GEUS GAWE JADI SUPIR MOBIL TREUK ANGKUTAN PUCUK DI KONTRAK MALABAR. PUGUH WE HANJELU LAIN DIKIEUNA ASA DITINCAK HULU NGOMONGNA TEH TEU BISA NARIMA KITU BAE CENAH. SOK PADAHAL MENEHNA KU NYI ENTIN GEUS KUNGSI DIWAWADIAN KALAYAN DARIA., YEN NYI ENTIN KA MANEHNA TEH REK NGAKU DULUR MANJANGKEUN BABARAYAAN……!!
DA KITU….PAMUDA MAH. MUNGGUH GEUS KALIMPUDAN KU RASA DURIAT KA AWEWE NU JADI PAMEPES HATE, REK DIPAPALERKEUN GE HESE. NUPUGUH MAH SI "DODO" JADI MALIK, AMBEK NYEDEK TANAGA MIDEK. SUMBAR-SUMBAR KAMANIGAN, CENAH REK NGAKALAKEUN JANG “KOHAR” SANGKAN BATAL PANGANTENAN…….!! Cag…antosan.
Kemarin jam 0:52 · Suka · · Berhenti Langganan
- Azeng Cell, Bunda Simata Wayang, dan Undang Cece menyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (13)
KANGARANAN PAMUDA NU KEUR NGARANDAPAN TUNGGARA RASA, ALATAN KA BEGAL BUAH HATENA MURANG-MARING MARUDAH PERBAWANA. HIRUP NGARASA ARAL JEUNG SUBAHA KURANG-KURANGNA MAH MATAK LEUNGITEUN WIWAHA, KITU KAAYAAN NU TUMIBA KANA NASIB SI “DODO” HARITA. KANA GAWE JADI TALANGKE TAYA SUMANGETNA PISAN, UNGGAL POE GAWENA UKUR NGEREM DI ENGGON BARI NYANGKERE SARE NYIRNAKEUN HATE. KITUNA TEH MEUNANG SAWATARA WAKTU TAPI LILA-LILA MAH TEKADNA GEUS GILIG BOGA, HATE JULIG REK NGAROGAHALA JANG KOHAR SANGKAN PISAH TI NYI “ENTIN” SABAB TEU KAWAWA NARIMA KANYATAAN. SASAT ASA DI PACOK HEULANG CENAH, NGARASA ASA PANG HAK MANEHNA PIKEUN JADI JODONA NYI ENTIN. KARI-KARI AYEUNA TALI ASIH NU NYABEULAH TI MANEHNA, NGALAMAN PEGAT TEU LAKSANA KAPIDURIAT……!!
PUGUH PASIFATAN SI DODO TEH KACIDA GUMEDE NA AYA DI KONTRAK MALABAR TEH DUMEH ETA BOGA BAPA PANGSIUNAN MANDOR CENTENG, ZAMAN DI KONTRAK AYA KENEH TUAN “HENDRICK”. WAKTU MEMEH MULANG KA NAGRI “HOLAND” TUAN HENDRICK NGASUPKEUN HEULA SI DODO, DIGAWE JADI SUPIR TREUK DI PERKEBUNAN PUGUH WE ATUH ASA BOGA ANGGEUHAN. ASA AING PANG ISTIMEWANA TI ANTARA PAGAWE SEJEN, PEDAH DIJEUJEUHKEUN SASAT KU TURUNAN TI INCU BUYUT NU KUNGSI MIBOGA PERKEBUNAN MALABAR.
KU PERBAWAANA HATE NU TEU WELEH PANAS ASA KARERAB NYALIARA TEU PUGUH RASA. SABAB KEUKEUH MANEHNA ASA DI TEUNGTEU’INGANAN KU NYI ENTIN “SUMARTINI” MAKE DAEK DIKAWIN KU JANG KOHAR. NYA DINA HIJI MANGSA SAMINGGU MEMEH JANG KOHAR JEUNG NYI ENTIN DI RAPALAN. SI DODO KUNGSI NGALAKSANAKEUN NIATNA REK NGAROGAHALA KA JANG KOHAR, MANEHNA NGAHAJA MEGAT DI JALAN BASA JANG KOHAR BALIK DAGANG NU PANUNGTUNGAN. TAPI DINA EMPRONA MAH SI DODO MENTA DIANTEUR KA SI GEMBOL, KENEK TERUK ANGKUTAN MANEHNA NU NGARAN ASLINA SI “KEMOD”. ALESANANA TEH LAIN SIEUN CENAH TAPI NGARAH AYA SAKSI KA BALAREA, KUMAHA UNGGAH PETA MANEHNA BISA NGELEHKEUN JANG KOHAR NU GEUS DIANGGAP MARU MUSUH SATRU KABUYUTAN.
NU DIPAKE UJUB NGUNTUP NGUYUP BARIS BISA NGELEHKEUN JANG KOHAR, PEDAH ETA MANEHNA BOGA ANDELAN KUNGSI MILU DIAJAR JURUS KARATE. WAKTU JEUNG BAPANA GUGURU KA “SIMPAY JHONY”, SOBAT MEDOKNA TUAN HENDRICK. KITU OGE NGAN TIBANG WE BISA JURUS “UDE - UKE” NU TEU PATI PERELE, BARI JEUNG MEUNANG IZAJAH UKUR NEPI KA SABUK HEJO. TAPI HOHOAKNA KA BATUR SOK LEUWIH TINA ATURAN, MUN PASALIA PAHAM JEUNG BATUR SAPAGAWEAN SAUTAK-SAEUTIK SOK PAMER LEGEG KARATE. MA’LUM ATUH. DA KITU ILAHARNA LAMUN JELEMA KAREK BOGA PANGABISA BARI LADANG SUMOGOL DIAJARNA, SOK ASA AING PANGBISANA KA DIRI BATUR TEU WELEH MOPOYAN NGANGGAP LUMAYAN.
SOK PADAHAL LAMUN SI “DODO” APAL KANA USIK JANG KOHAR. ANU GEUS NGAGEM TUR CANGKEM ULIN MAENPO JEUNG IBING PENCA DI PAGURON SILAT “PA UTAY”, SALASAWIOS GURU MAENPO SOHOR WEDALAN TI PASAR KADUPANDAK. JIGANA SI DODO KUDU MIKIR SARATUS KALI WAE MAH. LAMUN MANEHNA HAYANG BISA NGARUBUHKEUN KUDA-KUDA JANG KOHAR, UPAMA NGALAMAN ADU HAREUPAN BITOTAMA SACARA SATRIA. KAWANTU JANG KOHAR TEH KAASUP MURID NU SATUHU TIGIN KANA JANGJI TARA MUNGPANG KANA PANITAH DIAJAR, GUGURU JUJUR BARI JEUNG JUNUN LULUS BANGLUS PATEPUNG JEUNG TILU MULUD. JANG KOHAR BISA NAMATKEUN GUGURUNA, DINA PANANGGALAN OPAT WELAS. SARTA KAPILIH KU MAHA GURU PIKEUN DIWIRID ULIN “KARI” JEUNG TENGGEUL “MADI”, MANGSANA JANG KOHAR HATAM “NGABUNGBANG” NA HULU CAI.
TAPI BEDA DEUI PANGAWERUH JEUNG ANU TUMERAP KA DIRI JANG KOHAR MAH, KA APING KU BAG-BAGAN NGAJI, KATAMBAH JANG KOHAR GEUS BOGA DADASAR AGAMA. ANU MATAK DINA NGAMALKEUN TUR MAMAWA PANGARTINA, TEU IEUH NGAJADIKEUN GEDE HULU ADIGUNG-ADIGUNA ASA AING PANGPINTERNA. NAJAN DIRI GEUS KASIPUH KU ELMU KA ASAH KU PANGABISA, JANG KOHAR TETEP HIRUP DARIA. MIRIP-MIRIP NGELMU PARE BEUKI LEUBEUT EUSI BUAHNA, BEUKI NGELUK TUNGKUL RANGGEUYANANA………..??! Cag antos heula….
13 Agustus jam 21:58 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Bunda Simata Wayang, Cilla Riani Hermansyah, dan 2 orang lainnya menyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (14)
BASA JANG KOHAR LEUMPANG NGAGANDEUANG NGALAGENA PISAN, MENTAS BALIK DAGANG NU WEKASAN. NGAHAJA NIKREUH NGEUREUYEUH MAPAY JALAN NU NGEMBAT NGAGALURA MEULAH LAHAN PERKEBUNAN, JALAN KORAL DIANTARA LOLONGKRANG RAJEGNA TANGKAL ENTEH NU LEUBEUT KU PUCUK JEUNG NGEMPLOH HEJO KU DAUN. KAREK OGE LEUMPANG MEUNANG SAPENGKOLAN, KEUR JONGJON LEUMPANG. ANA RONGHEAP TEH TI BEH LEBAK GAWIR SAWAH BEBEDAHAN AYA NU DATANG MURU KATENGAH JALAN LANGSUNG NUTUP JAJALANEUN JANG KOHAR, MANA HORENG SI KEMOD ALIAS SI GEMBOL DITUTURKEUN KU SI DODO ANU NGURUNYUNG PANDEURIEUN SI KEMOD. PASEMON SI DODO BAKETUT HASEUM LAJAG-LEJEG GIGIRIN SI KEMOD BARI NULAK CANGKENG NGUNTUP NAKER SIGANA TEH. ARI JANG KOHAR GEUS TAKI-TAKI, NEMPO GALAGAT DUA JELEMA ANU JIGA BOGA MAKSUD TEU HADE KA DIRINA. SERENGEH SI DODO NYERENGEH SEMU NGECE JEUNG SEURI SINIS DITUJUKEUN KA JANG KOHAR, TEU LILA SI DODO NYENTAK BARI CURUKNA NUNJUK KA JANG KOHAR, POKNA TEH :…”Hei, silaing nu ngaran Kohar teh euy ?” JANG KOHAR UKUR NEMBAL SAHAYUNA …..”Enya, ari kitu ?”….PUGUH ATUH SI DODO BEUKI MUNCERENG….“Heh…humayua teuing sia, surup ka patutna…make hayang ngawin nyi Entin ?” DIJAWAB KU JANG KOHAR, KU CARITAAN NU MATAK NYENTUG KARASANA KEUR DIRI SI DODO MAH…”Ah meureun geus kitu we kersa ti ajali, kuring kudu ngajodo jeung nyi Entin….!” REYY…..BEUNGEUT SI DODO NGADADAK BEUREUM EUCEUY, LIR BEUSI ATAH BEULEUM. ASA DIBIBITA DIPAPANAS PISAN, TEU KAWAWA NAHAN NAFSUNA DER WE MERE PARENTAH KA SI KEMOD SANGKAN NGAHURUP JANG KOHAR.
MUNGGUHING JELEMA MUN GEUS DILIMPUDAN KU NAFSU NU TEU KABENDUNG AMARAH TEU KAWADAHAN, SAGALA TINDAKANANA TARA IEUH MAKE ITUNGAN. RASA AING BOGA KABISA NAJAN KUMAPALANG, NGANGGAPNA KA BATUR TEH BAKAL GAMPANG DI PERUHKEUNANA. ANU MATAK DINA NGALAKSANAKEUN NIATNA NGARAPONAN JANG KOHAR GEUS TEU MAKE ATURAN, DINA PIKIRNA SI DODO KUMAHA WAE CARANA NGAROGAHALA JANG KOHAR BURU-BURU ANGGEUS. KALAWAN NIAT UTAMANA SANGKAN JANG KOHAR BISA CILAKA, ALATAN TATU MEUNANG PANANDASA TI MANEHNA.
SABALIKNA PIKEUN JANG KOHAR WAKTU MEUNANG PANARAJANG TI SI DODO JEUNG SI KEMOD ESTU DARIA PISAN NARIMA'NA, KUKUH PENGKUH KANA ATURAN MAKALANGAN ANU TEU BOGA NIAT SAEUTIK OGE HAYANG MALIKEUN PANIATAN JAHAT TI PIHAK LAWAN. MUNGGUH GEUS KASIPUH KU PANGAWERUH HATAM KU PANGABISA, JANG KOHAR TENANG NAKERANAN MAPAG PANARAJANG LAWAN. UKUR NGAGUNAKEUN KEMBANG ULIN TINA JURUS “BAYU NUNGGUL” BARI KUDA-KUDA TEU NGESER NAJAN SA ISED, AWAK JANG KOHAR MUTER LIR KOLECER KATEBAK ANGIN NU TUMERAPNA KA SI DODO JEUNG SI KEMOD LAIN DEUI KAGETNA. KU TEU NYANGKA CENAH MUSUH TEH BET BOGA PANGABISA, SAKITU DIREMPUG KU DUAAN TAPI AWAK MUSUH CAN BISA KATOEL-TOEL ACAN.
GEUS AYA SAPULUH MENIT NA NU TARUNG CAN MANGGIH TUNGTUNG, PANARAJANG ANU DUAAN MIMITI NGENDORAN KATARA NAFAS NA OGE MANI NGOS-NGOSAN. NGARAN NU KAJURUNG KU NAFSU DINA DERNA TANAGA GANCANG NGURANGAN, ARI JANG KOHAR NGALAYANAN PATELAK BARI MIKIR NEANGAN JALAN NGARENGSEKEUN. KUMAHA CARANA NYADARKEUN SI DODO SANGKAN TEU KALALANJOAN, DA LAMUN NGARAH JANG KOHAR DAEK DELEKA MAH TITATADI OGE SI DODO JEUNG SI KEMOD GEUS TING GOLEPAK. MOAL BOA LANAGSUNG RUBUH NYUNGKUR NYARIUM TANEUH, KILANG BARA TEU MEUNANG TATU NU RADA PARNA MAH. LEBAH KASEMPETAN NU KASAKITU KALINA JANG KOHAR TEU LOBA MIKIR DEUI, URAT BEUHEUNG SI DODO NU NYAMBUNG TINA TIKORO KANA SYARAF IRUNG DI SINTREUK KU JANG KOHAR MAKE TANAGA SATENGAHNA. SI DODO NGOCEAK DENGEK NAHAN NYERI NUPOHARA, SEDENGKEUN SI KEMOD HARITA NGAGERUNG SABAB URAT TUUR DI TOTOG KU DUA RAMO JANG KOHAR. KARASANA KU SI KEMOD TUUR NYERI JEUNG LINU MATAK LEULEUS NGAREY MAPAY BITIS, SUKUNA JADI TEU BISA DI GERAKEUN SAEUTIK-EUTIK ACAN. PAMUSTUNGANANA SI DODO JEUNG SI KEMOD TING RUMPUYUK KANA TANEUH, TERUS NGESOD DUANANA MILIH DARIUK DINA JUKUT SISI JALAN.
TI SAPRAK KAJADIAN HARITA NEPI KA JANG KOHAR SALAMET KAWIN KA NYI ENTIN, SI DODO MASIH TETEP PANASARAN HAYANG NGAKALAKEUN NGAROGAHALA JANG KOHAR, NAJAN WANINA UKUR KUKUBUK TI KAJAUHAN.
“Kang…, atos beres jam tangan teh…?” CEUK NYI ENTIN ANU NOROJOL TI TENGAH IMAH MURU KA TEPAS, NGAHUDANGKEUN LAMUNAN JANG KOHAR. RENJAG ATUH JANG KOHAR HATENA NGARENJAG REUWAS, PUGUH NGALAMUN KAMALINAAN. SIDIK TITADI OGE JAM TANGAN MAH GEUS BERES, KARUNYA CENAH KA PAMAJIKAN NU ENGKE SORE REK NGABUBURIT MILU SHOLAWAT MINGUAN JEUNG IBU-IBU DI MADRASAH PERKEBUNAN ….!! Cag lanan…
Jumat pukul 14:07 · Suka · · Berhenti Langganan
- Papah Widi, Bunda Simata Wayang dan2 orang lainnya menyukai ini.
- Lisa Bela. its very very good, akangJumat pukul 17:05 · Tidak Suka · 1 orang
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (15)
ALATAN BETAH KENEH HIRUP GUMELAR DI ALAM DUNYA KALAYAN NGARASA NIKMAT NYANGHAREUPAN IBADAH NU PINUH KU KA’IKHLASAN TASYAKUR TUR TADAKUR, TEU KARASA NGAJALANAKEUN PUASA TEH GEUS NEPI KA POE ANU KA SALIKUR. SAKABEH KAUM MUSLIMIN JEUNG MUSLIMAT PADA OBYAG GOYANG MIDANGDAM PANCEN PIKEUN MAPAG POE LEBARAN, PANG-PANGNA KEUR BARUDAK NU MANGKAT RUMAJA NGURIHIT KA INDUNG BAAPA HAYANG PANGMEULIKEUN BAJU MUN PARENG TAMAT PUASA’NA.
PON KITU DEUI PANGARUHNA HAWA DINA NYANGHAREUPAN POE LEBARAN NU TUMIBA KA PARA PAMETIK ENTEH, TEU WUDU MATAK JADI BAHAN OBROLAN MANJANG DI SAUNG PANIMBANGAN TEMPAT PAGAWEAN JANG KOHAR TEA. UTAMANA KEUR KAUM AWEWE ITU IEU SILI TEMPAS PATEMBALAN, PADA LUH-LAH SOK SIEUN CENAH TEU MEUNANG SUMBANGAN POE LEBARAN TI PIHAK PERKEBUNAN. PUGUH GEUS LAIN RAHASIAH DEUI BOH KEUR PAJABAT SUMAWONA RAHAYAT, YEN HAHARGAAN SEMBAKO KATUT BAHAN-BAHAN SEJENA KEUR KAPERLUAN LEBARAN TEH NARAEK TEU MAKE ATURAN. JIGANA GEUS MATUH WE SABAN WAKTUNA NYANGHAREUPAN LEBARAN, PARA PADAGANG LALADANG BARI ANJA’CLANG PAGIRANG-GIRANG TAMPIAN NAWARKEUN HARGA SAKAREP HATENA SORANGAN. SEDENGKEUN KABIASAAN PIKEUN PARA PAGAWE DI PERKEBUNAN MAH, TI MIMITI PAGAWE PANGKAT TUG NEPI KA PAGAWE PETIK SOK RAJEUN MEUNANG SUMBANGAN NUDISEBUT HADIAH POE LEBARAN. NINGGANG DI KAAYAAN MARAHAL SAPERTI AYEUNA BARI KOMO CENAH AYA BEJA “ENTEH SADUNYA” KEUR TURUN HARGANA, ATUH PUGUH WE MATAK HARIWANG KA SAKABEH KARYAWAN SOK SIEUN PIHAK PERKEBUNAN TEU BISA NYUBADANAN HADIAH LEBARAN.
ARI JANG KOHAR HARITA KEUR ANTENG NYIEUN KOLOM DAFTAR HADIR, JEUNG JUMLAH KILOAN BARANG DINA BUKU ANU ANYAR. BUBUHAN RADA NYALSE SABAB GEUS BIASA LAMUN DINA BULAN PUASA MAH, PAMETIK SOK RADA TELAT DINA AREK ARINDITNA JEUNG WAKTU DARATANG TI KEBON’NA. DURR…BEDUG LOHOR, JANG KOHAR NYELANG HEULA KA TAMPIAN REK NGALAKONAN SHOLAT DUHUR DI TAJUG KIDULEUN SAUNG. LIWAT BA’DA LOHOR PAMETIK GEUS NUNGTUTAN DARATANG KA SAUNG PANIMBANGAN. TAPI NYAKITU KUAYANA PANGARUH BEJA NGEUNAAN JANG KOHAR DITUDUH SOK NGAJUALAN PUCUK ENTEH, DI SAUNG TEH TEU RECOK HANEUTEUN KU HEUREUY ATAWA GALECOK SEMPAL GUYON GOGONJAKAN SAPERTI BIASA. NGAN HENTEU WE DISEBUT COMBREK TIISEUN TAYA NU NYARITA, PARA PAMETIK UKUR NYARITA SAPERLUNA BARI SILIH KICEUPAN KU JURU PANON MERE PERTANDA TONG LOBA CUMARITA.
MEMEH WANCI ASAR PAMETIK GEUS PADA MULANG KA KAMPUNG BEDENGNA SEWANG-SEWANGAN, TINGGAL JANG KOHAR DIBATURAN KU TILUAN TUKANG PANGGUL NUNGGUAN ANGKUTAN PUCUK BAWAEUN KA PABRIK. TEU LILA KURUNYUNG TREUK ANGKUTAN DATANG MANI NYEMPRUNG TARIK NAKER KU SUPIRNA DI EREM EUREUN DISAKALIKEUN, PUGUH WE KAAYAAN JALAN JADI MULEK KEKEBUL TANEUH GARING ASUP KA JERO SAUNG. PANTO MOBIL DIBUKAKEUN JRUT SUPIRNA TURUN, MANAHORENG SI DODO JEUNG SI KEMOD KENEK MATUHNA. DIBATURAN KU SAURANG DEUI HIJI LALAKI JANGKUNG GEDE, KUMIS BAPLANG PIPI KEMBU PINUH KU BULU CAMBANG BEWOSAN MILU TURUN NUTURKEUN ANU DUAAN.
PUGUH WE TUMERAPNA KA KANU ARAYA DI SAUNG LAIN DEUI AMBEKEUNANA, TEU KAWAWA “AKI ANANG” PAGAWE PANGGUL PANGKOLOTNA….RADA NYENTAK NYARITA DITUJUKEUN KA SI DODO :….”Cik atuh boga kira nyupiran mobil teh euy ?”.... “Apan nu di saung teh jelema, sing sopan saeutik mah”. GANTAWANG TEH SI DODO NEMBALAN BARI NYAMPEURKEUN AKI ANANG ANU KEUR NYUSUTAN KEBUL TINA PANON’NA, SARTA POK SI DODO NYAREKAN….”Eeh ngalawan sia ka aing, teu boga rumasa sia sakongkol sok malingan pucuk jeung mandor sia ?”….CEUK SI DODO, UJUG-UJUG NUGUH NU LAIN-LAIN. KITUNA TEH SI DODO BARI NGAHEUMBATKEUN PEUREUP BULEUD, JEKUK KEUNA PISAN KANA HULU ANGEN AKI ANANG. PUGUH WE AKI ANANG NU GEUS BOGA UMUR BARI BEUTEUNG KAAYAAN PUASA, AWAK AKI ANANG LANGSUNG NGARUMPUYUK TEU ELING-ELING NYANGSAYA KANA PALANG PANGDIUKAN.
SABAR OGE AYA WATESNA CEUK PIKIR JANG KOHAR. BASA SI DODO REK MINDO NONJOK JEUNG NGANGKATKEUN DAMPAL SUKU, REK NYEJEK NYUNGSANG KANA AWAK AKI ANANG. JANG KOHAR NGAN SAKICEUP LUNCAT BARI NGARAWEL PIGEULANG LEUNGEUN SI DODO. TERUS DICENTOK DITILEP SALAPAN PULUH DARAJAT, AWAK SIDODO JADI MALIK NUKANGAN AKI ANANG. WAKTU SI DODO NGABADUG HAYANG LEUPAS TINA PANYEREK, PANG’RANGKET JANG KOHAR DIBEREAN NGANTEUR TANAGA SI DODO KU GERAKAN KARI JEUNG MADI, MICEUN NGINJEUM TANAGA DEUNGEUN BARI TETEPOKAN SI DODO DIJEJEK NGAGUNAKEUN KEUNEUNG. ATUH TEU ANTAPARAH DEUI…..KALAYANG AWAK SI DODO JIGA ANU KEUR TUTURUBUN MEUNTAS KAMALIR SAUNG. AWAK SI DODO NOTOG KALUAR MENERAN PISAN KANA PELEK BAN MOBIL TREUK NU EUREUN SISI JALAN. GEBRU AWAK SI DODO NAMBRU NUTURKEUN SIRAHNA, NU LEUWIH TIHEULA NGABENTUR BEUSI PELEK BAN MOBIL. TEU WUDU ATUH AYA SORA NGABELENTRANG, KAWASNA MAH TARANG JEUNG HUNTU SI DODO PABENTAR NAMPRAK KANA PELEK BAN.
MEUNANG SAWATARA LILA SI DODO TEU USIK-USIK, JANG KOHAR REUWAS KAREUREUHNA’KEUN. SARTA GURA-GIRU JANG KOHAR NITAH SI “BASON” PAGAWE PANGGUL, SUPAYA NGABEJAAN MANDOR PABRIK SAKALIAN NGALAPORKEUN DUMEH GEUS AYA KAJADIAN DI SAUNG PANIMBANGAN………!! Cag….heula.
23 jam yang lalu · Suka · · Berhenti Langganan
- Bunda Simata Wayang dan Dheffa Dwi Roessalammenyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (16)
PUGUH WE LAIN DEUI MATAK HARENGHENG DEDENGEAN, IBUR SALELEMBUR PERKEBUNAN. TINA NGEUNAAN KAJADIAN DI SAUNG PANIMBANGAN, KU AYANA SI DODO DIRAWAT SAPEUTING DI PUSKESMAS PANGALENGAN. ALATAN PATELAK JEUNG JANG KOHAR, ANU MAKSUDNA HARITA BEBELA PANGMEUNANGKEUN AKI ANANG. NGAKIBATKEUN TEU WUDU SI DODO NGALAMAN TATU TARANGNA BANCUNUR SARTA DUA SIKI HUNTUNA AYA NU PUNGGLAK. ATUH TEU HERAN SI DODO REK BALIK KA IMAH BEDENGNA TEU BISA LEGEG SAMEMENA, SABAB RADA KAGOK JEUNG ERA SEURI PEDAH KATEMPO OMPONG. DIJEJERAN KUNU JADI PAMAN TI BAPANA NYAETA PA “UDUNG”, ANU JENENG JADI PAGAWE KANTOR KACAMATAN, SI “DODO” ANTUKNA AREK LAPOR. KA PULISI. PIKEUN NGALAPORKEUN JANG KOHAR, ANU DISANGKA GEUS NGANIAYA KA DIRI MANEHNA. KIRA JAM DALAPAN SAMULANGNA TI PUSKESMAS SI DODO DIANTEUR KU PA UDUNG, GEUS AYA DI KANTOR PULISI PANGALENGAN. NEPI KA RENGSENA DIPARIKSA SALAKU SAKSI PELAPOR NU JADI KORBAN.
KAJADIAN PATELAKNA SI DODO JEUNG JANG KOHAR, TEU BISA DIBUNI BAU DISUMPUT SALINDUNGKEUN DEUI. MALAH KAEMPER-EMPER KA EMPLASEMENT JURAGAN ASISTEN, KALAYAN LAPORAN HASIL PANALUNGTIKAN KAPALA KAAMANAN PERKEBUNAN GEUS KATARIMA KU JURAGAN ASISTEN KATUT STAFNA. MUNGGUH JURAGAN ASISTEN DINA NARIMA SAGALA RUPA HAL PERKARA, ESTU SOK DARIA JEUNG BIJAKSANA. KITU DEUI TINA PERKARA PATELAKNA SI DODO JEUNG JANG KOHAR, NU NIMBULKEUN SI DODO MEUNANG TATU PUNG’LAK HUNTU. JURAGAN ASISTEN GEUS MARENTAHKEUN KA “MANDOR BESAR” SANGKAN PERKARA ANU GEUS DILAPORKEUN KU SI DODO KA PIHAK BERWAJIB, KUDU DI URUS CENAH SAPURATINA NEPI KA RENGSE SABAB DUANANA OGE SARUA PADA PAGAWE.
KANGARANAN JELEMA NU SALILANA TARA BOGA RASA CODEKA TUR HARAK KA SASAMA SAMODEL JANG KOHAR, PUGUH WE KAJADIAN PATELAK JEUNG SI DODO DI SAUNG PANIMBANGAN PIKEUN JANG KOHAR MAH LAIN DEUI MATAK JADI PIKIRAN NU KACIDA BEURATNA. KOMO BASA KADENGE CENAH SI DODO GEUS NGALAPORKEUN MANEHNA KA NU BERWAJIB MAH, HATENA TEU WELEH GEGEBEGAN SOK SIEUN KALALANJOAN DIRINA UNGGAH BALE WATANGAN. ANU MATAK BASA MEMEH INDIT KA PAGAWEAN, JANG KOHAR JEUNG NYI ENTIN KATUT ANAKNA ARINDIT MURU KA IMAH MITOHANA DI BEDENG RANCA MAUNG. SANGGEUS AYA DI IMAH PA UBED JEUNG AMBU SARI, JANG KOHAR BEBEJA SACEREWELENA TINA HAL KAJADIAN PATELAK JEUNG SI DODO DI SAUNG PANIMBANGAN TEA. NU AHIRNA AYEUNA KUDU URUSAN JEUN NU BERWAJIB. BUBUHAN PA UBED KOLOT GEUS LEGOK TAPAK GENTENG KADEK, DINA NARIMA BEJA KITU TI JANG KOHAR TEH TEU NGATARAKEUN TEUING GEUMPEURNA BEDA JEUNG AMBU SARI PANGAWAKAN AWEWE MAH SOK LAIN DEUI TUMERAPNA. SANGGEUS JANG KOHAR MIHAPEKEUN NYI ENTIN JEUNG BUDAKNA KANU JADI MITOHA, JANG KOHAR BURU-BURU INDIT DEUI MURU KA TEMPAT PAGAWEANANA. BARI HATE MAROJENGJA NGARASA HANJAKAL GEUS KALIASAN NGAWARAH SI DODO NEPI KA JADI URUSAN.
ENYA BAE TEU KUNSI SAPOE HARITA TEH KIRA WANCI MANJING KA ASAR KA SAUNG PANIMBANGAN AYA NU DATANG, NYAETA JANG “USEP” KAPALA KAAMANAN DIBARENGAN KU HIJI ANGGOTA PULISI TI POLSEK PANGALENGAN. SANGGEUS DIJELASKEUN MAKSUD KADATANGANANA SARTA JANG KOHAR NGARTI KANA TUGAS NU DIEMBAN KU PULISI HARITA, YEN JANG KOHAR KUDU MILU KA KANTOR PULISI PIKEUN DIPARIKSA DIPENTA KATERANGAN NGEUNAAN PERKARA PATELAK JEUNG SI DODO TEA. JANG KOHAR NURUT KANA PARENTAH KALAWAN DIANTEUR KU JANG USEP NINGGALKEUN SAUNG PANIMBANGAN, BARI DITUTURKEUN KU ANEUTEUP PARA PAGAWE PANGGUL NU PINUH KU RASA KAMELANG. SABAB PUGUH GEUS NGARASA KACO’O JEUNG KAAYOMAN, KU KANYAAH JANG KOHAR DINA PRAKNA MANCEN GAWE ESTU GETEN TULATEN MERHATIKEUN KA PAGAWE RENDAHAN.
NINGGANG DI AKI “ANANG” ANU NYASATNA JANG KOHAR TEH MAKSUD BEBELA KA DIRI MANEHNA, TINA PANANDASA SI DODO TEA. BET KAGAGAS KABINA-BINA. HATENA NYEBLAK NEMPO JANG KOHAR DIBAWA KU PULISI, NALANSA CAMPUR NGAHELAS NU NYALIARA SAKUJUR AWAK. TEU KAAMPEUH NAHAN GETERNA RASA ANU TERUS NAEK KANA KONGKOLAK MATA, TEU KARASA BEREBEY….CIPANON AKI ANANG NYURUNGKUY LALAUNAN KALUAR MAPAY PIPI NU GEUS KARIPUT. BIWIRNA ENGAB BARI NGAGETER SARTA BIJIL SORA HAROSHOS…”Bral Jalu, di du’akeun ku aki….sing salamet…!” DITUNGTUNGAN KU DU’A PAMENTA…”Mugi Gusti nangtayungan ka jang Kohar, amiin” CEUK AKI ANANG BARI NGUSAP BEUNGEUT KUDUA DAMPAL LEUNGEUNA.
BEJA JANG KOHAR DIBAWA KU PULISI GEUS NYEBAR KA BALAREA, MALAH KA PA UBED JEUNG AMBU SARI KATUT NYI ENTIN OGE GEUS DIBEJAAN KU PA “MAMAN” SALAKU MANDOR PABRIK DUNUNGAN LANGSUNG JANG KOHAR. YEN JANG KOHAR SAMENTARA CENAH DIBAWA HEULA KU PULISI, SARTA TEU POHO PA MAMAN MIKEUN SURAT “PARENTAH NANGKEP” TI PULISI DIBIKEUN KA NYI ENTIN. LAIN DEUI NYI ENTIN REUWASNA. TEU KARASA MANEHNA NGAGOAK SASAMBAT KA JANG KOHAR…LES…”NYI ENTIN”…KAPIUHAN TEU INGET DI BUMI ALAM…!! Cag, antos sakedap.
11 jam yang lalu · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Undang Cece, dan Bunda Simata Wayang menyukai ini
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN(17)
MEUNANG SATENGAH JAM NYI ENTIN KAPIUHAN ALATAN MEUNANG KAREUWAS NU POHARA, KU TEU NYANGKA BAKAL PAPISAH JEUNG NU JADI SALAKI LANTARAN KEUNA KU MUSIBAH ANU KEUR PANTAR KULAWARGA MENEHNA MAH KACIDA BEURATNA. SASAT TI SAPRAK KAWIN NGABINA RUMAH TANGGA TUG NEPI KA HARITA, PAPISAH UKUR TI BEURANG KASELANG KU PAGAWEAN, ASA CAN PERNAH MANEHNA KALEUNGITAN PEUTING SAUMUR DI PIHUKUM KU SALAKINA. KAWANTU DURIAT LANJANG JEUNG BUJANG, LAMUN GEUS EUNTEUP GEUGEUT LENGKET MASKET, HESE MUN SARE TEU SILIH PARENDE.
SANGGEUS LELER TINA KAPIUHANANA NYI ENTIN DI INUMAN CAI HERANG MEUNANG NGAJIAD KU PANGDU’A NA USTAD “SOLEH” TI CIKERUH, NYI ENTIN SINA NARIK NAFAS PANJANG SANGKAN DADA KARASA LEGA DEUI. GEUS LELER PISAN SARTA NGARUMPUL DEUI LELEMBUTANANA POK NYI ENTIN NYARITA SEMU DAREUDA KA AMBU SARI…..”Duh kumaha atuh Ambu, meureun kang Kohar teh engke di tahan ku pulisi ?” “Mangkaning sakedap deui bade lebaran” SORA NYI ENTIN SEMU NGALIMBA PINUH KU RASA NALANGSA…, ANU DITEMBALAN KU AMBU SARI SARUA PADA NYARITA DUMAREUDA ARI RAS NEMPO WARUGA NU JADI ANAK KEUR MEUNANG KATUNGGARAAN…”Keun we heula Nyai mah tong loba pikiran, angur urus budak bebenjokeun saperti biasa!” CEUK AMBU SARI DITUNGTUNGAN KU NGECLAKNA CIPANON AMBU SARI, TEU KAWAWA NANDANGAN NALANGSA.
PIKEUN PA “UBED” MAH NU HARITA GEUS NGARTI KANA DUDUK PERKARANA, NGARASA BOGA KAWAJIBAN NGAPING NGAJARING NU JADI ANAK JEUNG INCU NU KEUR MEUNANG KAMUSIBATAN. MANEHNA SINGKIL REK MITEMBEYAN LUMAKU NGURUSKEUN MINANTU, DA CENAH GEUS AYA TALATAH TI PA MAMAN. YEN MANEHNA KUDU BURU-BURU NEPUNGAN JURAGAN “MANDOR BESAR”, NU DI UTUS KU JURAGAN ASISTEN MERMANAKEUN URUSAN IEU DI KANTOR PULISI.
ARI DINA PAMIKIRNA PA UBED CENAH, LENGKAH KA HIJI KUDU NGUTUS JELEMA. PIKEUN NGABEJAAN JANG “KOMAR” DI CISEWU, SANGKAN BEJA NGEUNAAN JANG KOHAR MEUNANG KAMUSIBATAN GANCANG NEPI. KALAWAN PASTI JANG KOMAR BISA NYELANG HEULA NGABEJAAN KA BESAN’NA, NYAETA MANG “KARSAN” JEUNG BI “KARWI” NU MANGKUK DI CIPARAJA. TEU TALANGKE DEUI PA UBED HARITA GURA-GIRU NITAH JANG “MAKSUM”, TUKANG OJEG ANU GEUS PERNAH NGANJANG KA IMAH JANG KOMAR DI CISEWU TEA.
SATULUYNA PA UBED BEBEJA KA AMBU SARI, YEN MANEHNA REK NGADEUHEUS KA JURAGAN MANDOR BESAR DI BUMINA. GEUS TEU SABAR HAYANG GEURA NYAHO KANA PITUDUH PIGAWE’EUNANA, JEUNG SANGKAN PERKARANA PUGUH BULE HIDEUNGNA. TEU NGALOBAKEUN CATUR PA UBED NYEMPRUNG SEMU RUSUH NGAJALANKEUN MOTOR BEBEK NA RADA DITARIKEUN SAGALA, KEUN BAE CENAH. ITUNG-ITUNG NURUTAN BUDAK NGORA WE SAKALI-KALIEUN MAH MEUNANG MOAL MATAK DITEWAK KU PULISI. SADATANGNA KA BUMI JURAGAN MANDOR BESAR, ENYA BAE GEUS PADA NGADAGOAN PA UBED TEH. MALAH DIKERSAKEUN “KASONDONG” JURAGAN ASISTEN OGE TOS NGARIUNG CALIK NGIRING DI PAVILIYUN BUMI DINESNA JURAGAN MANDOR BESAR. ATUH DER WE BARADAMI HARUSU NAKER, DIJEJERAN KU JURAGAN ASISTEN. KALAWAN SAGALA RUPA LENGKAH PILAMPAHEUN NGURUS PERKARA KA KANTOR PULISI TEH, DI SERENKEUN SAPURATINA KU JURAGAN ASISTEN KA JURAGAN MANDOR BESAR.
RENGSE RIUNGAN KALAWAN LANCAR NU NGAHASILKEUN KASALUYUAN SAREREA, DITULUYKEUN KU ACARA BUKA PUASA BARJAMAAH SARENG JURAGAN ASISTEN. ARI PA UBED MAH MOAL MILU BUKA BARJAMAAH CENAH, MAKSA REK MULANG BAE MENTA IZIN KA JURAGAN MANDOR BESAR. LANTARAN INGET KA ANAK JEUNG INCU, BISI DI IMAH KUMAHA ONAM. ENYA WE BARANG DATANG KA IMAHNA GEUS WAKTUNA BUKA PUASA, KASAMPAK TEH NYI “ENTIN” KEUR SUMEGRUK CEURIK BALILIHAN BUDAK DITANGKEUP DINA LAHUNAN…, HATENA LUMENGIS KANYENYERIAN….EMUT KA SANG PANUTAN NU KEUR NYORANG PAMARIKSAAN DI PANGALENGAN..! Cag heula. ..ah.
Kemarin jam 13:52 · Suka · · Berhenti Langganan
- Tantan Spa, Azisabdul Abdulmuslim, Undang Cece dan 2 lainnya menyukai ini.
- Syamsul Ramli. Emang betul, Akang Andi itu kaya akan bahasa,,,, wilujeng sukses ahSelasa pukul 20:54 · Tidak Suka · 1 orang
- Andi Sumirat. Hahahahahahahaha.....bahasa sakapanggihna, bubuhan sok minggonan di Cilangkap ngadon ngaliwet, wilujeng wengi Kasep ? hahahahahahahaha....Selasa pukul 21:02 · Suka · 2 orang
- Syamsul Ramli. kang Andi teh dimana linggihna? pami aya waktos hoyong silaturrahmi ah sareng kang Andi SumiratSelasa pukul 21:07 · Suka
- Andi Sumirat. Alhmdlilah...tara matuh padumukan teh, kumaha ka peutinganana we manawi....? hahahahahahahahahaSelasa pukul 21:28 · Suka · 2 orang
- Tantan Spa. apan mantan dalang wk wk wk wk wk wkSelasa pukul 21:35 · Tidak Suka · 2 orang
- Andi Sumirat. Hahahahahahahaha....kade ah THR ?Selasa pukul 22:13 · Suka · 2 orang
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN(18)
MA’LUM KASEBUTNA TUKANG OJEG ANU GEUS LOBA PANGALAMAN DINA HAL PERJALANAN KA UNGGAL DAERAH, APAL KANA JAJALANEUN MOTONG ATAWA NAKUL NGARAH TEREH NEPI KANU DITUJU. SAPERTI JANG “MAKSUM” HARITA ANU DITITAH NGABEJAAN JANG KOMAR, DINA LUMAKUNA TEH KACIDA LANCARNA UKUR SAJAM SATENGAH GEUS TEPI KA CISEWU.
RONGHEAP JANG MAKSUM MURU KA IMAH JANG KOMAR NU KABENERAN KASAMPAK AYA DI IMAH, KEUR MANTUAN NENG “EDAH” NGABONJORAN GULA KAWUNG JUALEUN POE ISUKAN…”Asalamualaikum, kang Komar kumaha damang ?” CEUK JANG MAKSUM BARI NGASONGKEUN DAMPAL LEUNGEUN NGAJAK SASALAMAN KA JANG KOMAR…”Wa”alaikum salam, alhamdulilah cageur waktu ayeuna mah” TEMBAL JANG KOMAR BARI NEMBONGKEUN PASEMON RADA KAGET, DUMEH TAYA IBER TIANGGALNA JANG MAKSUM NGANJANG KA MANEHNA. “Euleuh-euleuh itu jang Maksum, hiyap atuh ka jero”. NENG EDAH MAIRAN SALAKINA NGABAGEAKEUN JANG MAKSUM NU KAREK DATANG...."Mangga Ceu, hatur nuhun". JAWAB JANG MAKSUM BARI KALACAT UNGGAH KA TEPAS IMAH.
SANGGEUS RINEH BARI SILIH CACAPKEUN KABUNGAH, PRIBUMI NGAJAK JANG MAKSUM NGARIUNG DI TEPAS IMAH. DEREKDEK ATUH JANG MAKSUM NYARITAKEUN PAMAKSUDANANA, YEN MANEHNA DI UTUS KU PA UBED MITOHANA JANG KOHAR. PIKEUN NEPIKEUN WARTA NGEUNAAN KAJADIAN PATELAKNA ANTARA JANG KOHAR JEUNG SI DODO, NU NGAKIBATKEUN SI DODO NGALAMAN TATU PARNA HUNTUNA TEPI KA MURAG DUA. SARTA CENAH AYEUNA JANG KOHAR TEH GEUS DIBAWA KU PETUGAS PULISI KA PANGALENGAN, KALAWAN DUKA KUMAHA NASIBNA.
GEBEG ATUH JANG KOMAR NGAGEBEG LAIN MEUMEU’EUSAN NGADENGE NUJADI ADI BAWA KU PULISI, AWAKNA KARASA LEULEUS TAYA TANGAN PANGAWASA BET TEU NYANGKA NU JADI ADI UNGGAH BALE WATANGAN. GEUS NGARASA TEGER DEUI MAH HATENA HARITA JANG KOMAR GANCANG NYIEUN KAPUTUSAN, YEN MANEHNA KUDU BURU-BURU NYELANG HEULA BALIK KA CIPARAJA REK NGABEJAAN INDUNG BAPANA. TUTAS JANG MAKSUM PAMITAN MULANG DEUI KA PANGALENGAN, JANG KOMAR KATUT NENG EDAH SASADIAAN REK MAKSAKEUN CENAH INDIT AYEUNA KAJEUN BUKA PUASA NGADON DAHAR DI JALAN. BEBEKELAN SAPURATINA, KU NENG “EDAH” GEUS DIASUPKEUN KANA JINGJINGAN KULIT NU MARANTI. ARI JANG KOMAR MARIKSA HEULA MESIN MOTORNA BISI NGARANDAPAN MOGOK DI PERJALANAN, NGABENSINAN MAH ENGKE WE CENAH DI PARAPATAN WARUNG MANG “UDAN”, BARI SAKALIAN MIHAPEKEUN GULA KAWUNG DAGANGANANA. TARAPTI KUNCA-KONCI PANTO JEUNG JANDELA, JANG KOMAR NITIPKEUN ANAKNA SI “OTONG” SINA NGENDONG DI AKINA. RADA TEU PATI MELANG CENAH, SABAB GEUS MIMITI PERE SAKOLANA NYANGHAREUPAN POE LEBARAN.
KAAYAAN KEUR HALODO MAMARENGAN KAWANTU MOTOR SUPRA FIT JANG KOMAR MAH HADE USEN ASAK RAWAT, ATUH JANG KOMAR NGAJALANKEUN MOTORNA SABATAE PISAN HAYANG GEURA NEPI KA TUJUAN. CIPANDAK ENGGEUS KALIWAT CIUJUNG KAREK KALANGKUNG MANGSA BUKA PUASA DATANG, JANG KOMAR GEUS AYA DI SINDANGBARANG. PIKEUN NGABATALAN BUKA PUASA JANG KOMAR JEUNG NENG EDAH, EUREUN HEULA NYARIMPANG KA WARUNG DI PARAPATAN.
TEU LOBA NU DIDAHARNA UKUR NGINUM CAI ENTEH AMIS LALAWUHNA GORENG CAU JEUNG BALA-BALA, DITUHURKEUN KU CIBOTOL AQUA MATAK SEGER KARASA JAGJAG KANA AWAK. JANG KOMAR NYELANG HEULA SHOLAT MAGRIB DI MASJID KAUM SINDANGBARANG, BARJAMA’AH HEMPAK SHOLAT SEJA SUJUD KANU AGUNG NENEDA KANU KAWASA SANGKAN DIJAUHKEUN TINA PANCABAYA. BERES SHOLAT BARJAMA’AH JANG KOMAR KATUT NENG EDAH NERUSKEUN DEUI PERJALANAN, NGAJUGJUG KA MUMUNGGAN CIPARAJA NU AYA DI BATULAWANG. ….!! Cag ngaso heula.
Kemarin jam 6:16 · Tidak Suka · · Berhenti Langgana
- Anda, Undang Cece, dan Bunda Simata Wayang menyukai ini
- Ayah Maura Achmad. ngasona bari ngopi....tinggal pesen miwarang uki....hahahahaKemarin jam 6:22 via seluler · Tidak Suka · 1 orang
- Andi Sumirat. Hahahahahahahaha....pasti donk. Siap-siap saja nanti nganter mang Karsan ke Pangalengan, sebagai Kuasa Hukum jang Kohar...? hahahahahahahahahahahaha......Kemarin jam 6:24 · Suka · 1 orang
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN(19)
JAUH TEU BURUNG CUNDUK ANGGANG GEUS BISA DATANG, SABA’DA WANCI SHOLAT ISYA JANG KOMAR JEUNG NENG EDAH GEUS TEPI KA IMAH INDUNG BAPANA. KASAMPAK IMAH TEH SUWUNG PANGEUSINA PANTO HAREUP JEUNG PANTO DAPUR DIKONCI KUNU BOGANA, HORENG MANG KARSAN JEUNG BI KARWI KATUT NYI INAH HARITA KEUR BARJAMA’AH SHOLAT TARAWEH DI MASJID BABAKAN. ATUH KAPAKSA JANG KOMAR NGAJAK NENG EDAH, MILU NGARIUNG NGALOBROL HEULA JEUNG PADA URUT BABATURAN DI WARUNGNA JANG DIMAN.
JAM SALAPAN JAMA’AH TARAWEH GEUS LEKASAN TI JERO MASJID PAPAHEULA MURU KALUAR BARI GALECOK, UTAMANA BARUDAK NU KEUR MEUJEUHNA DEUDEGLER BAREUKI HEUREUY. BEDA DEUI JEUNG KOLOT KALUAR TI MASJID SALSE NAKER, TEU WELEH TINGGERENDENG MARACA WIRID JEUNG DZIKIR MUNAJAT KA GUSTI KADENGENA MATAK KETIR MAWA KELAR KANA PIKIR. ARI NYI “INAH” NU KALUAR MIHEULAAN KOLOTNA LULUMPATAN JEUNG PADA BATURNA, BARANG TEPI KA WARUNG JANG DIMAN GOK PANGGIH JEUNG JANG KOMAR PUGUH WE SATEGAH NGAJERIT NYAMBAT NGARAN LANCEUKNA. GABRUG NYI “INAH” NGAGABRUG JANG KOMAR TEUS MUNTANG KA NYI EDAH BARI ALEWOH TATANYA…”Akang, euceu, iraha sumping ?” CEUK NYI INAH…”Tadi, bada isya.” …”Dimana ari ema jeung bapa In ?” TEMBAL JANG KOMAR, BARI MALIK NANYA KA NYI INAH. “Itu ema sareng bapa mah, di palengker keneh.” NYI INAH NEMBALAN DEUI. TEU LILA BI KARWI NGURUNYUNG KA LEBAH WARUNG UJANG DIMAN, DITUTURKEUN KU MANG KARSAN TUKANGEUNANA. BARANG GOK PAAMPROK JEUNG ANAK MINANTU DINA KAAYAAN LAIN WAYAH, PUGUH MATAK KAGET CAMPUR ATOH SUKABUNGAH KABINA-BINA. SANGGEUS SILIH CACAPKEUN KASONO DI HAREUPEUN WARUNG, MANG KARSAN NGAJAK BURU-BURU BALIK KA IMAHNA BARI MAWA RASA NU POHARA BAGJANA.
TAPI RADA BEDA TUMERAPNA KANA RARASAAN HATE BI KARWI HARITA, KU DATANGNA JANG KOMAR JEUNG NENG EDAH KA CIPARAJA. BET NAHA HATE MANEHNA KASELAPAN HAWA TINGSAREBLAK, JIGA-JIGA AYA TOTONDEN ANU TEU HADE. KITU MUNGGUH HATE NUJADI INDUNG LAMUN GEUS ANAK BARANAHAN SOK TARA KASAMARAN RASA, SALAWASNA GUMULUNG JEUNG RASA TIMBURU HONCEWANG KU KAHARIWANG SIEUN KUBISI REMPAN KUSUGAN. SALILA LALEUMPANG NGABRING NUJU KA IMAH, MANG KARSAN GALECOK NANYAKEUN KA JANG KOMAR KAAYAAN BESAN DI CISEWU. JEUNG TATANYA KUMAHA CENAH KAAYAAN JANG KOHAR DI PANGALENGAN, NAHA OSOK DILONGOKAN KU MANEHNA. ANU DIJAWAB KU JANG KOMAR TEU PATI PERELE MA’LUM BARI MIKIR NEANGAN PICARITAEUN ANU HADE, SANGKA DINA NEPIKEUN BEJA ULAH MATAK JADI MAMALA KA INDUNG’NA. BARANG GEUS TEPI AYA DI IMAH ATUH BRAK WE SAREREA DALAHAR BALAKECRAKAN, NGAHUAP LINGKUNG BANGUN ANU NIKMAT PISAN. NGAN HANJAKAL PASEMON BI KARWI KEUR DAHAR OGE GEUS KATARA BANGUN NU ALUM BEUKI BEDA KARASANA, YEN TINA PANENJO PANON BATIN MANEHNA, YEN RENGKAK POLAH JANG KOMAR DINA CUMARITANA JIGA AYA PANGREKA BASA.
BERES DALAHAR POK MANG KARSAN NANYA KA JANG KOMAR….”Aya perlu naon Mar, tara biasane mamangkatan teh muru ka bengi ?” JANG KOMAR GANCANG NGAJAWAB…”Puguh enya Pa, aya perlu pisan kudu buru-buru ditepikeun ka Bapa jeung Ema”. GOROLANG WE JANG KOMAR NGADADARKEUN MAKSUD DATANG KA CIPARAJA TEH NYAETA REK NEPIKEUN BEJA. YEN JANG “KOHAR” ADINA TADI BEURANG GEUS DI BAWA KU PULISI KA PANGALENGAN, ALATAN GEUS DITUDUH NGANIAYA KA BATUR SAPAGAWEANANA NU NGARAN SI “DODO”.
HULENG…..MANG KARSAN NGAHULENG MIRAGA MENENG TEU LEMEK TEU NYAREK, SAJONGJONGAN MAH OLOHOK BENGONG TAYA PIOMONGEUN. TAPI LAIN DEUI KAAYAAN BI KARWI HARITA, LANGSUNG NGAGOAK CEURIK TERUS NGAGABRUG KA NENG “EDAH” MINANTUNA. BARI MIDANGDAM PAJAR CENAH, PAINGAN ATUH TIBARANG DATANG KU MANEHNA GEUS KARASA BAKAL MEUNANG KANALANGSA….”Emh…Bapa, na kumaha atuh pikarepeun urang ayeuna, keur nulungan si Ujang ?” CEUK BI KARWI DUMAREUDA DITUJUKEUN KA MANG KARSAN JEUNG KA JANG KOMAR.
ANU DITUNGTUNGAN KU RASA NEKAD, BAWANING MELANG TUR HARIWANG BI KARWI MAKSA HAYANG INDIT AYEUNA KENEH KA PANGALENGAN. KEUN BAE CENAH KUMAHA ENGKE WARAGAD MAH, ASAL BURU-BURU PAPANGGIH WE JEUNG ANAKNA NU KEUR MEUNANG KAMUSIBATAN. TAPI AHIRNA BI KARWI BEUNANG DIPEPER KAREPNA KU MANG KARSAN, SABAB CENAH MANG KARSAN AREK TATANYA HEULA KA ABAH SUANTA KUMAHA KUDUNA LAMUN HAYANG NULUNGAN NU JADI ANAK TUNGGARA DI PANGUMBARAAN…!! Cag heula.
2 jam yang lalu · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Bunda Simata Wayang, Agus Firman, dan Undang Cece menyukai ini.
- Agus Firman. ngaso heula ngaso heula.... iraha bade diteraskeun kang andi... maos tulisan kang andi teh janten emut ka wa kepoh....47 menit yang lalu · Tidak Suka · 2 orang
- Andi Sumirat. Hahahahahahaha....., aduh eta Ujang. Kamana wungkul atuh ?40 menit yang lalu · Suka · 1 orang
- Bunda Simata Wayang. Agus Firman@boa,,,boa,,,ieu jalmina nu namina wa kepoh teh,,,xixixixi35 menit yang lalu · Tidak Suka · 1 orang
- Andi Sumirat. Hahahahahahahahahaha.....na Bund, sok kabawa sakab-kaba ?22 menit yang lalu · Suka
- Agus Firman. @Bunda Simata Wayang, enya oge.... sok kang andi geura siaran deui ah.... hehheheheh21 menit yang lalu · Tidak Suka · 1 orang
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (20)
GEUS RADA LELER TINA KAREUWASNA BI KARWI DAEK DIAJAK KU MANG KARSAN MANGGIHAN HEULA KA ABAH SUANTA, SAKALIAN CENAH JANG KOMAR JEUNG NENG EDAH REK SILATURAHIM MEMEH LEBARAN. SABADA TUTULAK PANTO JEUNG JANDELA IMAH, BRING WE SAREREA KAASUP NYI “INAH” NU ACAN KABURU SARE MILU MURU KA SAUNG KAWUNG ABAH SUANTA. KASAMPAK ABAH SUANTA KEUR NGABAHEUHAY DITEPAS SAUNGNA BARI MELENYUN UDUD ROKOK JARUM COKLAT, MEUNANG MEULI BASA BALIK TARAWEH TI WARUNG JANG DIMAN. BARANG MIREUNGEUH AYA NU NGABRING MURU KA SAUNG MANEHNA, ABAH SUANTA RADA SAGED NYIDIK-NYIDIK NU DARATANG KA LEBAH DINYA. MANAHORENG TEH GEUNING MANG KARSAN SAKULAWARGA, MALAH MAKE AYA JANG KOMAR JEUNG PAMAJIKANANA SAGALA. ATUH PUGUH WE ABAH SUANTA NGARASA ATOH, DUMEH GEUS DI’ANJANGAN DINA KAAYAAN KEUR SEPI NYORANGAN. SABADA MANG KARSAN ULUK SALAM, TERUS DI HIYAPKEUN KU ABAH SUANTA SEMAH KABEH SINA ARUNGGAH KA TEPAS, DARIUK NGARIUNG BARI DISUGUHAN CAI LAHANG HANEUT SA GELAS SEWANG. TEU LILA ANTARANA POK ABAH SUANTA MUKA CARITA…”Bagea mang Karsan, bi Karwi ? CEUK ABAH SUANTA BARI NULUYKEUN CARITANA…”Geuning eta aya jang Komar katut neng Edah, iraha daratang ti Garut ?” JANG KOMAR GANCANG NEMBALAN..”Muhun Abah, punten we yeuh ngaganggu, tadi bada isya abdi sareng pun bojo dongkap ka dieu teh, ngahaja mios pasosore ti rorompok ngarah iuh di jalanna…!” DITEMPAS DEUI KU ABAH SUANTA....“Enya sukur we ari calageur bageur mah, sarta salamet di perjalanan, kahade lamun rek indit-inditan jauh teh kudu tarapti”. CEUK ABAH SUANTA, NAMBAHAN KU PANGWAWADI. “Alhamdulilah Abah, lancar dugi ka dieu teu aya naon-naon di jalan teh geining”. TEMBAL JANG KOMAR NUTUP PANANYA ABAH SUANTA.
“Cing aya naon ieu teh mang Karsan, bi Karwi oge jang Komar, bangun aya nu rek dibadamikeun. Atawa ngahaja hayang nganjang ka Abah sakulawarga ?” hehehe…ABAH SUANTA GANCANG MARIKSA PAMAKSUDAN MANG KARSAN, DITUNGTUNGAN KU NGAHEHEH SEURI LEUTIK. ATUH TEU TALANGKE MANG KARSAN POK NYARITAKEUN PAMAKSUDANANA, YEN MANEHNA SAKALIAN BEBEJA KA ABAH SUANTA REK INDIT PEUTING IEU KENEH KA PANGALENGAN SABAB JANG KOHAR MEUNANG KAMUSIBATAN. ANU AHIRNA MANG KARSAN NYELEHKEUN KA JANG KOMAR SANGKAN NGAJELASKEUN, TINA PERKARA JANG KOHAR NU AYEUNA KEUR DIPARIKSA DI KANTOR PULISI PANGALENGAN.
ATUH BARABAT WE JANG KOMAR NYARITAKEUN TI MIMITI KAJADIAN JANG “KOHAR” PATELAK JEUNG SI “DODO”, KA ABAH SUANTA. NEPI KA JANG KOHAR DIBAWANA KU PULISI, KITU OGE CENAH DUMEH MANEHNA MEUNANG BEJA NU DIBAWA KU JANG MAKSUM. UTUSAN TI PA UBED, MITOHANA JANG KOHAR TEA…..”Kitu manawi Abah, pangna abdi sareng pun bojo maksakeun wengi-wengi oge, ngadongkapan pun Bapa sareng pun Biang kadieu”. CEUK JANG KOMAR NUTUP CARITAANANA…“Oh kutan kitu nyah, pangna bi Karwi maksa hayang buru-buru indit ka Pangalengan teh ?” ABAH SUANTA MAIRAN CARITA JANG KOMAR, BARI UNGGUT-UNGGUTAN. “Leres Abah, tah kumaha atuh numutkeun pamendak Abah, da pun Bapa mah batan sakitu buktosna panginten, sagala rupina tangtos nyelehkeun ka abdi…!” JANG KOMAR HUMANDEUAR, MENTA PAMANGGIHNA ABAH SUANTA PIKEUN NYIAR TAREKAH NULUNGAN JANG KOHAR NUJADI ADINA.
SAKEDAPAN ABAH SUANTA NGARENGHAP PANJANG BARI NGAREGEPKEUN CARITA JEUNG PASEMON NU HARITA ARAYA DI TEPAS SAUNG KAWUNG, TEU LILA POK ABAH SUANTA NYARITA DARIA NAKER…”Kieu…bi Karwi mang Karsan oge jang Komar. Ari perkara anu geus jadi urusan jeung pihak berwajib mah, teu bisa digurung gusuh bisi melengkung bekas nyalahan. Pareng urang mun keur aya dina nete semplek nincak semplak kitu salah kieu lain, tungtungna sok olok-tombok beak ka modal-modalna “. CEUK ABAH SUANTA NGAMIMITIAN MERE PAMANGGIHNA, KA MANG KARSAN KATUT KULAWARGANA.
JANG KOMAR PANASARAN HEULA, GANCANG MOTONG KALIMAT ABAH SUANTA…”Punten Abah, maksad cariosan Abah teh olok-tombok kumaha manawi ?” DINA NULUYKEUN OBROLANANA ABAH SUANTA ANTARE NAKER…”Oh jadi jang Komar can kungsi ngalaman, nguruskeun pasualan nu aya patalina jeung aturan hukum ?” ABAH SUANATA MALIK NANYA KA JANG KOMAR. “Numawi bujeng-bujeng ngalaman Abah, apan kauninga ku Abah oge abdi mah ukur husu kana buburuh rumasa taya kabisa”. TEMBAL JANG KOMAR, BARI NGISEDKEUN BUJURNA SANGKAN RADA DEUKEUT KA ABAH SUANTA. “Heug atuh ke urang jelaskeun ku Abah, ngeunaan perkara “penganiayaan”, saluyu jeung anu keur kaalaman ku jang Kohar ayeuna….tapi ke lanan Abah rek nyieun kopi heula..!!”…CAG ANTOSAN.
Jumat pukul 13:43 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Undang Cece, Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep, Bunda Simata Wayang, dan 2 orang lainnya menyukai ini.
- Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep. tong lila teuing abah nyieun cikopina..bantut yeuh...hahahahahaJumat pukul 18:19 melalui seluler · Tidak Suka · 1 orang
- Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep. cangkeul ngantosan sambungana...Jumat pukul 22:55 · Suka · 1 orang
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (21)
REGOT ABAH SUANTA NGUYUP HEULA CAI KOPI PANAS CEKES NGAHURUNGKEUN BENSIN GAS, SUT TUNGTUNG ROKO JARUM COKLAT NU NYELAP DINA BIWIR TEH DISUNDUT. TERUS DIKENYOT…SEREBUNG HASEUP ROKOK DIKALUARKEUN BANGUN KARASA NIKMATNA NGINUM CIKOPI BARI UDUD, MUNGGUH DINA WANCI MAJU KA PEUTING. TEU LILA POK ABAH SUANTA NULUYKEUN WANGKONGANANA..
“Kieu atuh jang Komar. Supaya bapa jeung indung Ujang reugreug kana maksud pamanggih Abah, ayeuna urang wincik heula hiji-hiji nyaeta ngeunaan perkara nu keur disanghareupan ku jang Kohar, anu cenah geus dituduh ngarogahala atawa nganiaya si DODO. Kahiji. Sanajan ayeuna bi Karwi maksa dina kaayaan peuting hayang ka Pangalengan, arek naon da percuma. Sabab datang kaditu oge, moal ujug-ujug jang Kohar bisa bebas, tapi kudu ngaliwatan proses anu tangtu”.
Kaduana. Tong tagiwur sok sanajan Abah can nyaho duduk pasualanana tapi pulisi oge moal gana-gana wani ngayakeun tindakan nangkep tur mariksa jang Kohar, lamun fakta-fakta hukumna teu nyumponan sarat panalungtikan sakumaha anu dilaporkeun ku si DODO. Mana komo jaman ayeuna mah, geus teu bisa pulisi sagawayah ngayakeun tindakan diluar aturan nu geus ditangtukeun. Kusabab eta naon bae alesanana ngandung harti jang Kohar teh, geus sacara sah ngalakukeun pagawean ngalanggar hukum”. REG ABAH SUANTA EUREUN HEULA NYARITANA, NYELANG NGARENGHAP NGENYOT UDUD’NA…
“Nu disebut nganiaya, nyaeta pagawean nyieun rasa nyeri sacara badaniah kana diri atawa kana awak batur, upamana bae nyiwit nepi ka boleksek, nyabok neunggeul jeung sajabana boh make leungeun kosong sumawonna make pakarang. Eta pagawean nganiaya teh kudu nepi ka nimbulkeun akibat kanu dianiaya’na, naha timbul rasa nyeri tea atawana nimbulkeun tatu. Malah natrat pisan dina hukum pidana, nu disebut pagawean ngahaja ngaruksak kasehatan awak batur. Upamana wae mukakeun jandela kamar batur anu keur sare tengah peuting, seug nimbulkeun batur asup angin nepi ka hareeng eta teh ageus asup kana unsur penganiayaan”. SURUPUT ABAH SUANTA NGUYUP HEULA CAI KOPINA…
“Ari wujud penganiayaan anu ditulis dina buku K.U.H.P aya opat wujud penganiayaan tur resiko hukumna beda-beda, upamana….”Penganiayaan Biasa”, Penganiayaan Ringan”, “Penganiayaan Direncanakeun”, jeung “Penganiayaan Beurat”. Eta kabeh wujud penganiayaan teh miboga sifat delik hukum anu disebut delik materil, nyaeta pagawean ngalanggar hukum anu ditungtungan ku ayana sabab jeung akibat. Kacuali penganiayaan nu direncanakeun, jeung penganiayaan beurat. Penganiayaan biasa jeung penganiayaan ringan mah ngandung azas kausalitas pikeun dua pihak-atawa leuwih, nu keur boga sengketa atawa perkara penganiayaan. Anu matak hukum pidana geus mere toleransi atawa geus ngijinan, yen pikeun ngarengsekeun perkarana salian ti ku cara proses hukum pidana umum. Tapi oge bisa ditempuh ku jalan kakulawargaan nu disebut konvensasi kaperdataan, nyaeta si pelaku dimeunangkeun mere ganti rugi ku magrupa harta benda upamana duit pikeun biaya ngubaran si korban. Anu prak-prakan jeung tata carana diatur ku aturan perundang-undangan, kalawan ngutamakeun norma-norma kahirupan masyarakat satempat. Jadi kahade lamun aya perkara penganiayaan “biasa” bisa direngsekeun cukup di kantor pulisi, lain ngandung harti di titiha ku pulisi sok sanajan kalolobaanana mah nya kitu tea sok nimbulkeun timburu nu lain-lain”. ABAH SUANTA NYEUNGEUT HEULA ROKO, TERUS NGEPLUK UDUD PERSIS JIGA PAKSENGOK ATAWA KARETA SULUH JURUSAN CIBATU-GARUT MULEK MINUHAN TEPAS SAUNG…..
LEBAH ABAH SUANTA NYEUNGEUTKEUN ROKO, POK JANG KOMAR NANYAKEUN HEULA…”Punten Abah. Dupi penganaiayaan anu dituduhkeun ka pun adi, kalebet kana penganiayaan naon manawi ?”……ABAH SUANTA GANCANG NEMBALAN…”Tah alus jang Komar tumanya teh. Lamun nurutkeun carita jang Komar yen kaayaan korban nyaeta si DODO geus bisa dipariksa di kantor pulisi, eta kaasupna kanu disebut penganiayaan biasa sakumaha nu ditulis dina Pasal 351 ayat (1) KUHP”. JANG KOMAR UNGGUT-UNGGUTAN, POK NANYA DEUI…”Dupi di hukumna sabaraha taun pasal eta teh Abah ?”........Eum nya lumayan we, keuna ku ancaman hokum penjara dua taun dalapan bulan !” CEUK ABAH SUANTA MERE JAWABAN ANU PASTI KA JANG KOMAR. “Aduh abot oge nya Abah, upami kitu mah. Kumaha atuh panginten pun adi teh, teras di tahan ”. JANG KOMAR HUMANDEUAR, DISUSUL KU ABAH SUANTA NAMBAHAN NYARITA….”Ari soal ditahan jeung henteuna mah jang Komar, kumaha pertimbangan nu berwenang, sabab aya katangtuanana”. JANG KOMAR NGOREJAT RADA CENGKAT DIUKNA, NGADENGE ABAH SUANTA NYARITA KITU TEH BARI POK NGOMONG…”Pertimbangan kumaha Abah, cobi atuh jelaskeun !” CEUK JANG KOMAR MENTA PENJELASAN NU LEUWIH JENTRE. “Kieu jang Komar, oge mang Karsan katut bi Karwi. Dina pertkara penganiayaan biasa jeung penganiayaan ringan, pulisi diwenangkeun bisa nahan pelaku jeung bias henteu nahan pelaku nu dina hal ieu meureun jang Kohar tea. Dina dua katangtuan wewenang nahan pelaku diluhur tadi, gumantung kana pertimbangan anu obyekfif ti pihak pulisi. Upamana bae, pelaku puguh padumukanana jeung pagaweanana, aya anu ngajamin ti pihak nu dianggap bisa tanggung jawab, teu hariwang pelaku bakal kabur, jeung oge bisa dijamin ku mangrupa harta atawa duit saluyu jeung aturan hukum acara anu berlaku”.
SANGGEUS SAREREA NGARTI KANA KAAYAAN POSISI JANG KOHAR DINA NYANGHAREUPAN URUSANANA JEUNG SI DODO, ABAH SUANTA NUTUP CARITAAN DITUJUKEUN KA MANG KARSAN JEUNG BI KARWI….“Taaah lamun geus cindek kalawan ngarti duduk pasualanana sarta puguh pikiraneunana, jung bae isukan mah mang Karsan milu jeung jang Komar ka Pangalengan. Bi Karwi jeung nyi Inah mah, cicing we di lembur dagoan. Angguran mah urang du’akeun, sing buru-buru rengse kalayan lancar”. TEU NGALOBAKEUN DEUI CARITA MANG KARSAN SAKULAWARGA MARULANG KA IMAHNA, DIJAJAPKEUN KU PANEUTEUP ABAH SUANTA NU MILU TUNGGARA RASA DUMEH KA MARANEHNA GEUS ASA JEUNG KULAWARGA….!! Cag antosan heula.
Jumat pukul 23:06 · Suka · · Berhenti Langganan
- Bunda Simata Wayang,Cilla Riani Hermansyah, Ayah Maura Achmad dan2 lainnya menyukai ini.
- Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep. eta mang karsa jeung bi karwi ka gajh heula teu nganggo panutup....? hahahahahahahhaaaaJumat pukul 22:59 · Suka · 1 orang
- Andi Sumirat. Hahahahahahaha.....moal daekeun atuh Aki Adri na oge, eraeun apan kang Ubon na sok milu ngepok ? hahahahahahahahahahaJumat pukul 23:01 · Suka
- Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep. hahahahaha....Jumat pukul 23:02 · Tidak Suka · 1 orang
- Andi Sumirat. Lain nya, rek lebaran teu boga duit.....tapi seuri ku ngeunah bae Jang Dasep ? hahahahahahahahahaha.....Jumat pukul 23:04 · Suka
- Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep. duit loba oge percumah ari teu bisa seuri ngeunah mah...Jumat pukul 23:20 · Tidak Suka · 1 orang
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (22)
POE SAPTU BADA SHOLAT SUBUH MANG KARSAN JEUNG JANG KOMAR KATUT NENG EDAH GEUS SASAYAGIAN REK MIANG KA PANGALENGAN, TI PEUTING KENEH MANG KARSAN MESEN TUKANG OJEG ANU RADA TAPIS MAWA MOTORNA NYA ETA MAKE MOTOR OJEG SI JAKA TI CISALADAH. ARI BI KARWI KACIRI BIWIR PANON CARINDUL BALAS CEURIK SAPEUTING JEPUT PIKIRAN INGET KANU JADI ANAK, CACAP TEU SARE PISAN GAWE TERUS WIRIDAN DISELANG KU SHOLAT SUNAT TAWASULAN MUNTANG TULUNG KA PANGERAN.
MANG KARSAN GEUS PAHEUT PASINI JANGJI KA BI KARWI, LAMUN PARENG PERKARANA RENGSE KALAYAN BERES ROES REK GANCANG MULANG. SAKALIAN JANG KOHAR JEUNG JEUNG INCU KATUT MINANTU NYAETA NYI ENTIN REK DIBAWA KA CIPARAJA, NUMATAK BI KARWI HENTEU NEUGTREUG HAYANG MILU JEUNG MANG KARSAN KA PANGALENGAN. KAWANTU PINUH KU RASA TUMARIMA KANA KAAYAAN SAGALA WALURAT, HIRUP TINA USAHA KOREH-KOREH COK TIBANG BISA TEPUNG GEULANG JEUNG KABUTUHAN. SOK SANAJAN TEU BISA SUMPUT SALINDUNG TINA RASA NGUYUNG NGAHURUN BALUNG, BI KARWI SADRAH NGAJURUNG LAKU KA SALAKINA NU REK MANGKAT NEANG ANAK INCU JEUNG MINANTU NU KEUR MEUNANG KATUNGGARAAN.
NYI INAH ANU NYAKSIAN MANG KARSAN SAGED DANGDAN DI PATENGAHAN, BUDAK TEH KALAH KA CARINAKDAK CIPANONAN MEREBEY MAPAY PIPINA. ETA DUMEH HAYANG MILU JEUNG BAPANA DICARAM TEU DIAJAKAN. SABAB CENAH LAIN WAKTUNA AYEUNA MAH, ENGKE WE LAMUN GEUS SALSE NYI INAH REK DIBAWA NGANJANG KA PANGALENGAN.
SAGALA RUPA KAPERLUAN BOH KEUR DIJALAN JEUNG KEUR NGURUSKEUN JANG KOHAR DI KANTOR PULISI, GEUS DISIAPKEUN KU MANG KARSAN SANGKAN ULAH NGARIPUHKEUN TEUING KA PRIBUMI NU DIANJANGAN. PUGUH NYAKITU SIFAT MANG KARSAN MAH KAASUP JELEMA RUMASAAN SALILANA TARA HAYANG NYUSAHKEUN BARAYA JEUNG BABATURAN, MUN LUMAKU EMBUNG TAMBUH NYANYABAAN TARA ARAL CUKUP HIRUP SEDERHANA TUR BASAJAN. SANGGEUS MANGGIH BONGBOLONGAN TI ABAH SUANTA, NGEUNAAN NYANGHAREUPAN HIJI PERKARA ANU TUMIBA. KATAMBAH MANG KARSAN DIBERE DUIT DUA RATUS REBU KU ABAH SUANTA BASA BALIK TI SAUNG KAWUNG PEUTING TADI. LUMAYAN CENAH CEUK ABAH SUANTA, KEUR NAMBAH ONGKOS OJEG KA PANGALENGAN. ATUH MANG KARSAN NGARASA TEGER PANCEG TIMBUL HATE TEUNEUNG LUDEUNG, CEUK PIKIRNA MUN PARENG JANG KOHAR TAYA NU NGURUS REK DI URUSKEUN KU LEUNGEUN MANEHNA SORANGAN.
PIKEUN NAPAKURAN LAKUNING HIRUP NU NYURUP NYANDINGKEUN NASIB MANUSA, SALAWASNA SOK GEDE PANCEN ARAL SUBAHA. MUN SEUG TEU KA IMBANG KU TANGTUNGAN MIRAGA TAQWA TUR IMAN, MOAL BOA HIRUP LEUPAS TINA UGERAN NUKANG NONGGONG KA PANGERAN NU MURBENG ALAM. MUNGGUH COCOBA KEUNA KA BI KARWI NU KAITUNG GEUS MASAGI TUR NASTITI, NAJAN HATE RAJET ARI RAS KU’TAKDIR DIRI TAPI TEU WELEH GUMATI KA “NU MAHA SUCI”. KALIASAN TAYA BARANG KINASIHAN, NAJAN AWAK SASAMPAYAN BANDA MAH TATALANG RAGA. BOGA DUIT “TUJUH RATUS LIMA PULUH REBU PERAK”, LADANG DAGANG ANCOAN POE LEBARAN RIDHO LILAHI TA’ALA DIBAHANKEUN KA MANG KARSAN. JANG “KOMAR” KATUT NYI “EDAH” SUJUD MUNJUNGAN INDUNG MUNDUT DU’A REK MIANG MULANG, MANG KARSAN OGE PAMITAN SEJA LUNTA NGALALANA REK NGARIKSA ANAK INCU’NA.
DIPIRIG “IMUT MALATI” KEMBANG MAWAR LIR “GUGUPAY” NGAJURUNG MANG “KARSAN” LUGAY, REK MIPIT WANGSIT BIHARI SUGAN MANGGIH KA ADILAN. DITETEUP TI KAJAUHAN KU BI “KARWI” JEUNG NYI “INAH” NU JAJAP KA SISI JALAN, HATE PINUH PANGHAREPAN MUGI “GUSTI” NANGTAYUNGAN. KARAYAP LEUNGEUN BI “KARWI” NGUSAPAN SIRAH NYI “INAH” PANGUSAP SUNGKAWA RASA, KEDAL LISAN DINA HATE LIRIH KU JANGJI PASINI. JANGJI LAMUN BUDAK GETOL NGAJI KAPARENGKEUN BOGA RIZKI, NAWAETU LEBARAN MEULI SAPATU…….
KALINDIH CAN RIZKI NYAI LAIN EMA UDAR SUBAYA HAMPURA HENTEU DIHAJA, PUGUH EMA KEUR TIBELAT RASA MEUNANG COCOBA. RASA CIDRA NU GUMURUH JEROEUN DADA BET TEU WASA NAHAN CIMATA, BI KARWI TUNGKUL NYIUM EMBUN-EMBUNAN ANAKNA BARI NGAHAREWOS MEH TANPA SORA….”Emh….Nyai anaking anak ema, masing sabar jeung tawekal…, ema jangji rek usaha neangan rizki keur gantina”…!! Cag heula.
21 jam yang lalu · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Deden Sukmayadi,Bunda Simata Wayang, dan 2 orang lainnya menyukai ini.
- Maya Putry. aduh.. Kang andi,abdi,maca krmn ti kang andi,tekarasa,cai mata bet ngulucur wae,.ko hate bet asa nyeri..dui jadi hayag uih,inget ka klarga.20 jam yang lalu melalui seluler · Tidak Suka · 1 orang
- Andi Sumirat. Nenk Maya@ Tonk cengeng ari jadi urang Indonesia, kudu tahan banting ? hahahahahahahahahahahaha11 jam yang lalu · Suka · 1 orang
- Maya Putry. ih...eta kang andi mani kitu..tdi ge langsg tos naroskn ka dnngan iraha ath abdi uih teh ka tnh air...,gera2ath lah d plngkn.....11 jam yang lalu melalui seluler · Tidak Suka · 1 orang
- Andi Sumirat. Sae nenk Maya, sok urang bantuan ku Du'a, mugi dunungan sing sadar miwarang mulih ka Indonesia ? amiiiin9 jam yang lalu · Suka · 1 orang
- Maya Putry. muhun kang insaallah,tos pusing lah,mkrn mslh caroge.37 menit yang lalu melalui seluler · Suka
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (23)
TEU KACATUR DI JALANA MANG KARSAN ANU DIBONCENG KU SI JAKA, JANG KOMAR KATUT NENG EDAH, GEUS NAREPI KA CISEWU SAMEMEH WANCI LOHOR. SANGGEUS SILATURAHMI JEUNG NUJADI BESAN, MANG KARSAN PAMITAN REK NERUSKEUN PERJALANAN KA PANGALENGAN. MALAH JANG KOMAR JEUNG NENG EDAH OGE DIJURUNGKEUN KU PA BISRI MITOHANA JANG KOMAR, SINA MILU MATURAN MANG KARSAN. NGARAH SAKALIAN CENAH BARI NGABEBERAH DULUR NU KEUR BANCANG PAKEWUH, KEUN TONG JADI HARIWANG KA BUDAK CENAH DA DIURUS IEUH KU NINI’NA.
JANG KOMAR NU NGABONCENG NENG EDAH DINA MOTOR NA NGADIUS MAJU TI HEULA, KEUR PANUDUH JALAN, DITUTURKEUN KU MOTOR SI JAKA NU NGABONCENG MANG KARSAN. PUGUH JANG KOMAR GEUS MANUKNA LARSUP KA WEWENGKON PANGALENGAN, NYAHO JALAN PAMOTONGAN NU NAKUL SANGKAN GANCANG TEPI KANU DITUJU. BARANG DATANG KA IMAH PA UBED SAMEMEH ASAR, TEU WUDU MATAK RARIWEUH OGE. SABAB NYI ENTIN, AMBU SARI KATUT NENG EDAH PADA-PADA NAMPLOKEUN KANALANGSANA SILI RANGKUL BARI MIDANGDAM CEURIK KANYENYERIAN. ASAK BABADAMIAN SAREREA SAPUK REK BESUK JANG KOHAR KA KANTOR PULISI DI PANGALENGAN, SAKALIAN CENAH BEBEKELAN KADAHARAN SACUKUPNA KEUR BUKA PUASA. ENGKE DI KANTOR PULISI. ABRINGAN NU NGAJUGJUG KA KANTOR PULISI NAMBAHAN JADI TILU MOTOR, NYAETA MOTOR NU DIBAWA KU PA UBED NGABONCENG NYI ENTIN ARI AMBU SARI MAH TEU MILU DA KABAGEAN NUNGGUAN INCU.
BARANG DATANG KA KANTOR PULISI SAREREA KAGILIRAN DIPARIKSA KATEPE’NA SEWANG-SEWANGAN MALAH KADAHARAN OGE, TEU LUPUT TINA PAMARIKSAAN SALUYU JEUNG KATANGTUAN KU PETUGAS PIKET POE HARITA. BERES MARIKSA TAMU PETUGAS PIKET KAKARA NGALUARKEUN JANG KOHAR TI KAMAR TAHANAN BARI DIBEJAAN AYA NU BESUK, SATULUYNA JANG KOHAR DI BESUK KU MANG KARSAN DIJERO ROHANGAN ANU HEURIN USIK PINUH KU KERETAS BERKAS JEUNG SAJABANA. MA’LUM TEA ATUH TEU DIKAMPUNG TEU DI KOTA KASEBUT KANTOR PULISI NEPI KA KIWARI MASIH JAUH TINA STANDAR KABUTUHAN, DUKA NAON ALATANANA MAH NGAN CEUK SAKAOL CENAH LOBA TEUING CURUK PANUNJUK. MANG KARSAN NGUSAPAN SIRAH JANG KOHAR ANU NYUUH TAPAK DEKU DINA LAHUNAN BAPANA, NYI ENTIN DIUK TUKANGEUNANA BARI RAMBISAK KU CIMATA.
SELANG SATENGAH JAM KA KANTOR PULISI AYA NU DATANG OPATAN, SIHORENG TEH JURAGAN MANDOR BESAR DIBARENGAN KU PA MAMAN MANDOR PABRIK. DITEMA KU JANG USEP KAPALA KAAMANAN NUTURKEUN TUKANGEUNANA, BARI NGIRINGKEUN SI DODO NU NGELUK TUNGKUL JIGA BUEUK MEUNANG MABUK. SANGGEUS DIJERO KANTOR JURAGAN MANDOR BESAR JEUNG NU SEJENNA DISAUR KA ROHANGAN BAPA KAPOLSEK, SATERUSNA GALUNTRENG NGOBROL SIGA AYA NU KEUR DIBADAMIKEUN. TEU SAWATARA LILA JURAGAN MANDOR BESAR DITUTURKEUN KU PA MAMAN KALUAR TI ROHANGAN KAPOLSEK, TERUS NYAMPEURKEUN KA MANG KARSAN SAKULAWARGA NU KEUR AYA DI ROHANGAN TEMPAT NGABESUK JANG KOHAR. SABADA SILATURAHIM JEUN KULAWARGA JANG KOHAR, DEREKDEK WE JURAGAN MANDOR BESAR NGAJELASKEUN PASUALANANA.
YEN KADATANGANANA KA KANTOR PULISI KAHIJI REK NGURUSKEUN PERKARA PATELAKNA SI DODO JEUNG JANG OHAR, KADUANA REK NEPIKEUN WARTA. YEN SI DODO KA TOHYAN KALAYAN NYATA, SALILA IEU GEUS “MITNAH” JANG KOHAR PAJAR SOK NGAJUALAN PUCUK ENTEH KA BABAH MENGLIE. ANU PADAHAL MAH SANGGEUS DITALUNGTIK KU KAPALA KAAMANAN MANAHORENG NU SOK NGAJUALAN PUCUK ENTEH GILINGEUN TEH NYATANA MAH SI DODO JEUNG SI KEMOD KENEK TREUK ANGKUTAN. MASALAH IEU SAUR JURAGAN MANDOR BESAR GEUS DIJONGHOK’KEUN DI EMPLASEMENT, ANTARA BABAH MENGLIE JEUNG SI DODO KATUT SI KEMOD. ITU IEU PADA NGARAKU TERUS TERANG YEN SI DODO NGAGASAB PUCUK ENTEH PERKEBUNAN TEH GEUS AYA KANA OPAT TON LEUWIH, SALUYU JEUNG CATETAN TIMBANGAN NU AYA DI PEMBUKUAN BABAH “MENGLIE”.
DUMASAR KANA HAL ETA CENAH SI “DODO” GEUS MENTA HAMPURA KA PIHAK PERUSAHAAN KALAWAN KASADARAN SORANGAN, SI DODO CENAH HAYANG NYABUT PERKARA ANU KU MANEHNA GEUS DI LAPORKEUN KA PULISI. KU AYANA KATERANGAN TI JURAGAN MANDOR BESAR KITU TEH, ATUH PUGUH WE JANG KOHAR KATUT KULAWARGANA NGARASA AYA HAREPAN YEN JANG KOHAR BISA AYA DI IMAH MANGSA POE’NAN LEBARAN.
“Tah kitu jang Kohar, badaratna mah nu matak tadi bapa babadamian sareng bapa Kapolsek teh. Tapi henteu gampang, tetep kudu ngaliwatan aturan anu geus ditangtukeun ku hukum acara, nyimpulna mah meureun bapa poe Senen isuk-isuk kadieu deui pikeun ngarengsekeunana”. KITU AMANATNA JURAGAN MANDOR BESAR KA JANG KOHAR, OGE KA SAKABEH KULAWARGA NU ARAYA DIDINYA….!! Cag heula.
28 Agustus jam 22:05 · Suka · · Berhenti Langganan
- Bunda Simata Wayang,Ripan Adipraja Wiguna dan 2 orang lainnya menyukai ini.
- Andi Sumirat. Sae tah nuhun we aya cita-cita mah, mung dalah dikumaha....Abah mah kumaha nu ngarora bae....ngiringan....dulang tinanceb ? hahahahahahahahahahahaha....28 Agustus jam 23:30 · Suka
- Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep. insya allah kin mah urang ngayakeun komunitas/paguyuban28 Agustus jam 23:33 · Suka
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (24)
MUNGGUH HIRUP’NA MANUSA SALILANA TARA AYA DINA HIJI MARTABAT SOK RAJEUN BAE KEUNA KU OWAH GINGSIR, NU TADINA NGARASA AING ADI LUHUNG HIRUP PINUH KU UJUB RIA TAKABUR ASA PANGJAGONA. HIRUP GEUS TARA DAEK MACA KANA TANDA-TANDA KA AGUNGAN ALLOH SWT, PARIBASA LAMPAH PARIPOLAH SALILANA MINCULAK MENGPAR TINA BAG-BAGAN AGAMA. CUL DOGDOG TINGGAL IGEL TUNGGUL DIPARUD CATANG DIREUMPAK, SAMARUK HIRUP REK LANGGENG KUMAWASA SA UMUR DUNYA. TEU NYUNGSI KA PASINI SULAYA TINA PANGRASA, YEN PANGARTI NU JADI CIRI KAGAGAHAN ANU RONGKAH KATUT PANGKAT TUR KABEUNGHARAN NU DIPIBOGA…? “ETA KABEH BAKAL HELAS EUWEUH PAEDAHNA, TANPA HIRUP DIBARENGAN KU KA IMANAN JEUNG KA TAQWA’AN KA NU “MAHA KAWASA”.
KITU EUN’TEUNG NU KA TINGGALEUN DINA RENGKAK LACAK KAHIRUPAN SI “DODO” BALAS TUNGKUL TEUING HIRUP KABOBODO TENJO, NGUMBAR AMARAH NGAGUGU NAFSU NU MATAK KADUHUNG BADAN ANU KATEMPUHAN. SANGGEUS KATOHYAN LAMPAH SASARNA MIT’TENAH KA DIRI BATUR KIWARI TAMIANG MEULIT KA BITIS MALINDES KA DIRI SORANGAN. SANAJAN NASIB PAGAWEAN SI “DODO” DI PERKEBUNAN TEH TINGGAL NUNGGU KAWIJAKSANAAN JURAGAN ASISTEN, NU BAKAL NIBANKEUN GANJARAN KUMAHA BULE HIDEUNGNA AKIBAT TINA PAGAWEAN NGAGASAB BARANG PAUSAHAAN. TAPI KALAWAN PINUH KASADARAN SI “DODO” GEUS SUMEREN NYANGGAKEUN BEUHEUNG TEUK-TEUKEUN TIKORO GORKEUN, REK DISIK-SIK DIJIEUN KUNYIT DICACAG DIWALANG-WALANG SADRAH TUR PASRAH KANU JADI DUNUNGAN.
MALAHAN MAH KU PANGJEUJEUH DEUI TI PAMAN’NA, SI DODO GEUS NGADEUHEUS KA BAPA KADES DI KANTOR DESA SUKAMANAH. KALAWAN KASADARAN SORANGAN TANPA AYANA PAKSAAN TI SAHA BAE, MANEHNA GEUS GILIG REK SILIH HAMPURA JEUNG JANG KOHAR. SARTA MANEHNA NYIEUN SURAT PERNYATAAN DAMEY KAKULAWARGAAN DISAKSIKEUN KU KEPALA DESA, SARENGSENA DI KANTOR DESA SI DODO BURU-BURU NGADEUHEUS KA JURAGAN MANDOR BESAR. SURAT PERNYATAAN DAMEY TEH DIPASRAHKEUN KA JURAGAN MANDOR BESAR PIKEUN SYARAT SAKUMAHA ANU DI SARANKEUN KU BAPA KAPOLSEK DI PANGALENGAN.
GEUS KITU ILAHARNA MUNGGUH PIKEUN HIJI INOHONG NU PINUH KU RASA PANGABDIAN KANA PANCEN GAWE, TUR GETEN TULATEN TIGIN KANA JANGJI NYAAHAN KA SASAMA PAGAWE BAWAHAN. GEDONG SIGRONG TENGAH LAUTAN PAMAYANG LABUH KA PUHU, PUGUH ANJEUN NAHKODA’NA ULAH KAPALANG NYA BELA. SAPERTI ANU DI TEMBONGKEUN KU JURAGAN MANDOR BESAR HARITA, HENTEU NILIK KANA WANCI TARA NGITUNG MILANG WAKTU NAJAN DINA POE MINGGU. KULAWARGA JANG KOHAR DIWAKILAN KU MANG KARSAN JEUNG PA UBED DIONDANG KU JURAGAN MANDOR BESAR KA EMPLASEMENT, PIKEUN NGAYAKEUN BABADAMIAN NGARIUNG NYIEUN PERDAMEYAN JEUNG KULAWARGANA SI DODO. POE MINGGU PABEUBEURANG KIRA-KIRA JAM SALAPAN KABEH KULAWARGA TI DUA PIHAK DIJEJERAN KU KAPALA DESA GEUS NGARUMPUL DI EMPLASEMENT, KALAWAN MEUNANG CATUR NU NGABUKUR MERELE KU PADA JEMBARNA HATE DINA WEKASAN RIUNGAN TEH BATU TURUN KEUSIK NAEK. PIHAK KULAWARGA SI DODO PURUN NGAHAMPURA, PIHAK JANG KOHAR DAEK SAPUK DEUI SAUYUNAN SILIH LUBARKEUN KASALAHAN.
DINA SEUH’SEUHANANA PIHAK PERUSAHAAN GEUS MERE KAWIJAKSANAAN PIKEUN MANTUAN BIAYA NGUBARAN TATU JEUNG URUT MEULI HUNTU PALSU SI DODO, NYAETA KU MANGRUPA DUIT SALUYU JEUNG JUMLAH WARAGAD NU AYA DINA KWITANSI. LAIN DEUI NGARASA BUNGAHNA MANG KARSAN JEUNG PA UBED NYAKSIAN BABADAMIAN LANCAR, KALAYAN AYA BERKAH PIKEUN MAPAG HAREPAN ANYAR ISUKAN KA PANGALENGAN MUGA ANAK BISA KALUAR….! Cag antosan heula.
Senin pukul 9:50 · Suka · · Berhenti Langganan
- Bunda Simata Wayang, Deden Sukmayadi dan 2 orang lainnya menyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (25)
LAMUN URANG GEUS BIASA NGAJALANKEUN TUGAS SALUYU JEUNG ATURAN KALAWAN DIBARENGAN KU KARANCAGEAN DINA NERAPKEUNANA, TINANGTU PINANGGIH JEUNG HASIL NU DIPIHAREP. KALAWAN BAKAL DITARIMA KU BALAREA UTAMANA ANU MIKABUTUH PANYALINDUNGAN JEUNG PANGAYOMAN TI PARA APARAT PENEGAK HUKUM.
SAKUMAHA ANU GEUS KA MA’LUM DINA SATIAP NGURUS PERKARA NU AYA PATALINA JEUNG MASALAH HUKUM, JIGANA TI SAPRAK NAGARA URANG MERDEKA CAN BISA LEUPAS TINA TATANAN BUDAYA HUKUM EWUH PAKEWUH. SOK PADAHAL DINA AGEMAN NAGARA JEUNG PALSAFAH NAGARA, YEN NAGARA URANG TEH NGANUT KANA WUJUD NAGARA HUKUM. DUMASAR KANA SIFAT BUDAYA EWUH PAKEWUH TADI, TEU SAEUTIK NGAJADIKEUN SUMEBARNA TIMBURU BUTA PIKEUN NU TEU KABAGEAN KU SIFAT EWUH PAKEWUH NYAETA RAHAYAT LEUTIK.
NEPI KA AYA KABEJANAKEUN KUNU LEUKEUN NALUNGTIK PAJAR HUKUM DI NAGARA URANG GEUS DISKRIMINATIF, ATAWA CEUK BAHASA LEGEGNA MAH GEUS PILIH KASIH. DUKA TEUING ENGGEUS DISKRIMINATIF NA DUKA TEUING ACAN, TAPI DA ARI ENGGEUS MAH MEUREUN KUDU EUREUN HENTEU SAPANJANG ZAMAN DI PIARA. PIKEUN PI’EUNTEUNGEUN KAHAREUPNA, HAL IEU TEH AKIBAT TINA LILA TEUING SILIH SALINGKUHAN KANA ATURAN HUKUM ANTARA PANGAYOM JEUNG ANU DI AYOMANANA. ANU MATAK ULAH SEUNGGAH TUR HERAN, LAMUN KAPARENGKEUN RAHAYAT HESE DIBAWA BENER’NA.
DINA GANTI TAUN ROBAH ZAMAN MAWA RUPA RINEKA BASA, PANGAYOM HUKUM GEUS CUNDUK NANJEURKEUN WIBAWA. KASUNGSI DINA ALAM REFORMASI NU NGAJUNGJUNG HARKAT DEMOKRASI, GEUS LAIN WANCI ATURAN HUKUM DIBUNI BUNI DEUI. DISEBUTNA OGE ALAM KATERBUKAAN. KA SING SAHA BAE JALMA NU MERLUKEUN PANYALINDUNGAN JEUNG PANGAYOMAN HUKUM, WAJIB DIBEJAAN ATURANANA.
SAPERTI ANU DIJALANKEUN KU PIHAK PULISI DI PANGALENGAN DINA TATACARA NGARENGSEKEUN PERKARA PATELAKNA SI DODO JEUNG JANG KOHAR, ESTU SALUYU JEUNG ATURAN NU GEUS DITANGTUKEUN. ANU MANA TUMERAPNA KA JALMA INOHONG SAPERTI JURAGAN ASISTEN JEUNG MANDOR BESAR, ATURAN ANU DITERAPKEUN KU PULISI SACARA FAKTUAL, OBYEKTIF TUR NETRAL KACIDA MATAK SUGEMA’NA. TAPI KATARIMANA KU JALMA PANTAR PA “UBED” JEUNG MANG “KARSAN” KATUT KULAWARGA SI DODO, JADI MATAK LIEUR KALAWAN KARASA BARABE PISAN.
SOK PADAHAL KABEH SYARAT-SYARAT ANU DIANGGAP SAH NURUTKEUN HUKUM PIKEUN NGARENGSEKEUN PERKARA SACARA KAKULAWARGAAN, ENGGEUS KAHARTI NEPI KA RINCI BASA DI RIUNGKEUN POE SENEN ISUK-ISUK KU BAPA KAPOLSEK JEUNG STAFNA. YEN ATURAN NU SABENERNA LAMUN NGARENGSEKEUN PERKARA PIDANA NU AYA PATALINA JEUNG PAGAWEAN NGALANGGAR KAPERDATAAN SAPERTI PENGANIAYAAN NU DILAKUKEUN KU JANG KOHAR. PULISI WAJIB MAWA PARA PIHAK KA HAREUPEUN “NOTARIS”, PIKEUN NYIEUN JEUNG NGE’SAHKEUN SURAT PERNYATAAN PERDAMAIAN TI DUA BEULAH PIHAK.
KUSABAB NOTARIS RADA JAUH TI KANTOR PULISI NYA KAPAKSA JURAGAN MANDOR BESAR JEUNG KULAWARGA JANG KOHAR KATUT KULAWARGA SI DODO, ARINDIT JEUNG PULISI MAKE DUA MOBIL MURU KA KANTOR NOTARIS. PERSIS JAM LIMA SORE JANG KOHAR BISA KALUAR TI KANTOR PULISI BARI DIBERE BUKTI SURAT KALUAR. KALAWAN JANG KOHAR MASIH DIWAJIBKEUN LAPOR DIRI SAMINGGU DUA KALI, DINA UNGGAL POE SENEN JEUNG KEMIS SABULAN LILANA. MEMEH MARULANG JURAGAN MANDOR BESAR MERE PARENTAH HEULA KA JANG KOHAR JEUNG SI DODO, SANGKAN POE ISUKAN DARATANG KA EMPLASEMENT PIKEUN NGADEUHEUS KA JURAGAN ASISTEN PERKEBUNAN…..! Cag heula.
Selasa pukul 4:19 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Iis Rahmadi, dan Ripan Adipraja Wiguna menyukai ini
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (26)
DAG DULUG DUGDAG…..DULUG DUGDAG…., DAG DULUG DUGDAG….., TABUH BEDUG SORA DULAG MAPAG LEBARAN, PATEMBALAN SILIH TEMA DI PILEMBURAN…TI BADA WANCI ASAR KENEH BARUDAK GEUS NARABEUH DULAG DI MASJID BABAKAN….!!
BI “KARWI” NU DIUK DINA BANGBARUNG BARI NGAHURUN BALUNG HATE PINUH KU KABINGUNG, TI ISUK MELUK TEU PUGUH LAKU NYORANG BEURANG SUMOREANG NGAREP-NGAREP NU NYARABA DATANG. ARI NYI “INAH” NU TI BEURANG KENEH KEUR BUBURUH, NGIDERKEUN BEAS BAGEAN ZAKAT TI IMAHNA KATUA ER-TE, PIKEUN DI TEPIKEUN KA WARGA NU KACATET NARIMA ZAKAT DI MUMUNGGANG CIPARAJA. AMPIR GEUS WANCI MAGRIB, MANGSA REK MUNGKAS BUKA PUASA NYI INAH CAN AYA BALIK KA IMAH.
PUGUH BUDAK TEH SASAT KAGEGERINGAN HAYANG MAKE SAPATU WEUTEUH DINA POE’AN LEBARAN, NGAN KUSABAB JIGANA BIHEUNG NGALAMAN. TAPI NYAETA KUMAHA ATIKAN JEUNG DIDIKAN MUNGGUH JIWA RAGA BUDAK MAH, PAN CENAH LIR KERTAS NU BODAS NYACAS. DINA ENGGONING NGAREKA TULISAN JEUNG KALIMAT ANU MUNGGARAN, IPIS KANDELNA AKSARA KUMAHA PANGREKA INDUNG JEUNG BAPA KATUT KULAWARGA SABUDEUREUNANA. SAMODEL NYI “INAH” GEUS MEUNANG PANGDIDIK NU GUMATI TI NUJADI KOLOTNA, SASAT LULUS BANGLUS TINA MAK’NA KALARA BALANGSAKAN NGABUAH JADI LUHUR BUDI KUMAWULA KA INDUNG BAPA HADE HATE KASASAMA. KITU PERBAWA SIFAT NU TUMERAPNA KANA ADAT KAHIRUPAN NYI “INAH”. ANU TI LEULEUTIK DIBAWA HIRUP BIBILINTIK KU KAPEURIH, MANGSA KEUR BUDAK NGALAMAN SANGSARA BUBUARA NYABA KA PULO SUMATRA. DUR BEDUG MAGRIB WANCI BUKA PUASA ANU LEKASAN NYI INAH NGURUNYUNG DATANG KA IMAH, BARI BALIK MAWA DUIT LIMA PULUH REBU PERAK UPAH NGIDERKEUN BEAS ZAKAT. BARANG SONG DUIT TEH DIASONGKEUN KA INDUNGNA LAIN DITAMPANAN, TAPI KALAH KA GABRUG WE BI “KARWI” NGAGABRUG AWAK NYI INAH SATERUSNA BUDAK TEH DIGALENTOR DICIUMAN. DEUDEUH NAKERANAN BARI TEU EUREUN DICEUNCEURIKAN, TEUING NAON ALESANANA NU PUGUH MAH BI “KARWI” NGARASA NALANGSA KABINA-BINA RASA DOSA ASA NAPEL BAE…..NA’ DIRINA.
ALLOH’HU AKBAR, ALLOH’HU AKBAR, ALLOH’HU AKBAR, …LA’ILAHAILALLOH ALLOH’HU AKBAR…., ALLOH’HU AKBAR WALILA IL’HAM…?!!
BADA MAGRIB, GEMA TAKBIR BARIJIL TI UNGGAL “MASJID” NU DIPIRIG KU DALINGDNGNA ANGIN PEUTING. NITIP HARIRING NU KEUR MEPELING NGAGUNG’KEUN ASMA PANGERAN, HAWAR-HAWAR TANDES PISAN SORANA KUMALAYANG DI AWANG-AWANG. LIR KI PATIH UNGGUL JURIT BALAREA SURAK AMBAL-AMBALAN MAPAG NU MULANG TI PANGPERANGAN. MENTAS PERANG LAIN SA’PERANG-PERANGNA TAPI PERANG WAJIB TI “YANG WIDHI ”. TUTAS MERANGAN HAWA NAFSU NU NYANGKARUK DINA KALBU, MIPIT WANCI POE FITRI
MAJU KA PEUTING SORA TAKBIR MATAK KETIR NAJAN LUMPAT HAYANG NYINGKAH TURUN GAWIR UNGGAH PASIR, MANUSA MO BISA NGALAWAN TAKDIR. KAWANTU DI IMAH NGAN UKUR INDUNG JEUNG ANAK BARI HIRUP TAYA KADANG JAUH KA SANAK, ANTUKNA BI “KARWI” REUJEUNG NYI “INAH” DUAAN SILIH UBARAN KU KADEUDEUH TUR KAHEMAN. BI “KARWI” JEUNG NYI “INAH” PADA SADAR KANA KAAYAAN TAYA DEUI HAREPAN DATANG IWAL TAQWA JEUNG KA’IMANAN, DUANANA SAGED SAYAGA NGALA CAI WUDHU KA JAMBAN. RAP MUKENA JEUNG BEBEKELAN, KENCLING INDIT MURU KA MASJID BABAKAN NIAT REK MILU “TAKBIRAN”…… ?! Cag…, antosan bagian pamungkas.
Selasa pukul 16:30 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda dan Tammy Hendrasetia, Undang Cece, Bunda Simata Wayang, Maya putry dan 4 lainya menyukai ini.
- Tulis komentar...
ISUKAN...POE...LEBARAN (27)
CIRINA MANUSA MAH LAMUN DAEK MAPATAHAN JEUNG DAEK DIPAPATAHAN, ARANG LANGKA PINANGGIH JEUNG HIRUP KA CINGCIRIHI. MANAHORENG GEUNINGAN SAGALA PASUALAN OGE KU DAEK IHTIAR JEUNG DAEK BABARENGAN TUR DAEK TATANYA MAH, TEU WELEH WE SAPAMUNDUT GINULURAN SAPANEJA TINEKENAN ANJOG JEUNG HIJI KABAGJAAN. ANU MATAK URANG ULAH SOK ARAL DINA MANGGIH PANCABAYA, SALAWASNA KUDU SABAR BARI JEUNG USAHA TUMAMPRAK MUNTANG NEDA SIH PIWELAS KANU MAHA KAWASA. WAYANG MANA WAYANG MANA JANAKA WAYANG ARJUNA, HAYANG MANA HAYANG KUMAHA………HAYANG DI PIASIH KU “MANTEN’NA”
JANG KOHAR JEUNG SI DODO GEUS AYA DI PAYUNEUN JURAGAN ASISTEN PERKEBUNAN, DUANANA NGARELUK TUNGKUL TEU WASA PAAMPROK TETEUP JEUNG DUNUNGAN BANGET RISI KU RASA AJRIH. PAPATAH TI JURAGAN ASISTEN SAEUTIK TAPI PATRI, PANGPANGNA NGAHAREPKEUN NAON NU GEUS DI PILAMPAH KU JANG KOHAR JEUNG SI DODO ULAH DIPIGAWE DEUI. KALAWAN JURAGAN ASISTEN NEPIKEUN BEWARA KA DUANANA YEN HASIL RAPAT PARA INOHONG PERKEBUNAN, BOH JANG KOHAR OGE SI DODO DITIBANAN HUKUMAN ADMINISTRASI. NYAETA JANG KOHAR TEU MEUNANG TUNJANGAN BEAS SAGANTANG SALILA TILU BULAN GAJIHAN, SEDENGKEUN SI DODO DI SKOR TINA GAWE JADI SUPIR ANGKUTAN GENEP BULAN LILANA. MINANGKA PANGBUBUNGAH TI JURAGAN ASISTEN NGAWAKILAN PAUSAHAAN, JANG KOHAR JEUNG SI DODO DIBERE TUNJANGAN POE LEBARAN KU MANGRUPA DUIT DI AMPLOPAN. DITAMBAH KU BINGKISAN RUPA-RUPA KUEH KALENG JEUNG INUMAN SA KANTONG KERESEK SEWANG. DI PUNGKAS KU KALIMAT SALAM KA ISLAMAN TI JURAGAN ASISTEN, NGUCAPKEUN MINAL AIDZIN WAL FAIDZIN, HAMPURA CENAH LAMUN BAPA LOBA DOSA KA MARANEHNA.
GEUS HEULA KECAP SAMEMEH MANGKAT, CENAH MANG KARSAN SASADU KA PA UBED NUJADI BESAN. YEN LAMUN JANG KOHAR BISA KALUAR TI KANTOR PULISI REK TERUS DIBAWA BALIK, SAKALIAN JEUNG YI ENTIN LEBARAN DI CIPARAJA. ATUH PA UBED KATUT AMBU SARI TEU IEUH NGORETKEUN ANAK MINANTU REK DI BAWA KUNU JADI BESAN TEH, SUKUR WE CENAH MALAR KABEBERAH DUMEH TAS MEUNANG MUSIBAH. BADA ASAR MANG KARSAN PAMITAN KA PA UBED JEUNG AMBU SARI MAWA JANG KOHAR KATUT NYI ENTIN KA CIPARAJA, JANG KOMAR NGAJAK MANG KARSAN MAKE JALAN LIWAT KA CIWIDEY SANGKAN BISA BARI BALANJA OLEH-OLEH BAWAEUN BALIK.
MEMEH BEDUG MAGRIB MANG KARSAN NU DIBONCENG KU SI JAKA, JEUNG JANG OHAR ANU NGABONCENG NYI ENTIN GEUS TEPI KA KOTA CIWIDEY. BARI NGADAGOAN BUKA PUASA NYI ENTIN JEUNG JANG KOHAR BALANJA HEULA KA PASAR MALEM, BUBUHAN AYA DUIT BEKEL TUNJANGAN LEBARAN TEA. JANG KOHAR NITAH NYI ENTIN MEULI “SAMPING KEBAT” CORAK RERENG BATIK KUMELI, JEUNG “MUKENA” KEUR INDUNGNA. ARI MANG KARSAN INGET KA ANAKNA NU HAYANG SAPATU WEUTEUH, KAWANTU GEUS KITU RIZKINA DUIT PAMAWA TI CIPARAJA TEU KACOCENG SAPESER-PESER ACAN SABAB KABEH KAPERLUAN NGURUS PERKARA DI TANGGUNG KU PERKEBUNAN. ATUH SABATAE PISAN MANG “KARSAN” HAYANG NGALAKSANAKEUN PAMENTA ANAKNA TEH, DUIT NA DIPASRAHKEUN KA JANG KOHAR NGARAH SAKALIAN CENAH BISA DIPAPANTES PANGMILIHANKEUN SAPATUNA KU NYI ENTIN.
NGARAH SALSE DI JALANA MANG KARSAN JEUNG JANG KOHAR KATUT SI JAKA SAROLAT ISYA HEULA, RENGSE SHOLAT MANG KARSAN SAPARAKANCA NERUSKEUN DEUI PERJALANAN SEJA MULANG KA BATULAWANG. KEBAT LUMPAT BALUNGBANG TIMUR JALAN GEDE SASAPUAN, MAWA HATE CAANG PADANG NARAWANGAN MANG KARSAN LUGINA RASA TUMANINAH BALIK KA IMAH. MOTOR NGABERUNG MAJU TARIK NYURUWUK NYUSUP NEMBUS GUNDUKAN HASEUP PEPEDUT, HAWA TIIS NYECEP KANA SUNGSUM BALUNG KASEBROT CI’IBUN GUNUNG.
HARIRING TEU WELEH NYANDING DIAPING KU INDUNG PEUTING UNGGAL SUKLAK JEUNG SIKLUKNA GEUS PUGUH NU DI KOTA’NA, PUJI DZIKIR SORA TAKBIR NGAMBAH JAGAT SABAN DESA TEU REUREUH PATEMA-TEMA. MANG KARSAN KATUT JANG KOHAR GEUS LIWAT KA BALEGEDE TERUS MUDUN TI NARINGGUL NGAJUGJUG KOTA CIDAUN, MOTOR NYEMPRUNG KA KULONKEUN MAPAY JALAN TATAMBALAN PARAT ANJOG KA SINDANGBARANG.
KASIMBUTAN KU HALIMUN WANCI NEPI KA JANARI WAKTU NGAGAYUH KA SUBUH MUMUNGGANG KASAWANG TI KA ANGGANGAN, LEMBUR MATUH PADUMUKAN SALIN JINIS MINDAH RUPA HURUNG MANCUR PERBAWA TARBIR NU AGUNG. MANG KARSAN DATANG KA CIPARAJA LANGSUNG MURU KA IMAHNA, KASAMPAK PAMAJIKAN JEUNG ANAKNA DARIUK DI PANYAWERAN KAREK BARALIK TAS MILU TAKBIRAN.
MIREUNGEUH NU NYABA DATANG BI KARWI JUNG CENGKAT HUDANG LEUNGEUN RANGGAH NGUCAP DO’A DZIKIR JEUNG TAKBIRAN, DIWALER KUNU DARATANG MILU TAKBIR DI BURUAN TANDA SYUKUR KA PANGERAN MUSIBAH GEUS KALIWATAN…..!!?
“TRANG TRANG KOLENTRANG……SI LONDOK PAEH NUNDUTAN,…
NYI INAH ULAH HARIWANG ………...ISUKAN…POE…LEBARAN……
TRANG TRANG KOLENTRANG………..MESAT GOBANG KABUYUTAN…
NYI INAH BUNGAH BUNGANGANG…….TULUS MAKE SAPATU LEBARAN”.
BILIH AYA ANU KASABIT NAMI KA SEBAT NAMA JALARAN HENTEU DIHAJA, MUGA KERSA NGAHAMPURA. ABAH SUANTA SAPARAKANCA NYANGGAKEUN WILUJENG BOBORAN SYIAM 1 SYAWAL 1432-H, MINAL AIDZIN WAL FA’IDZIN NEDA DIHAPUNTEN LAHIR TUMEKANING BATHIN. KEMBANG PINITIK SINEBARAN SARI-SARI, TUTUP LAWANG MUNGKAS CARITA…..CAG ....TAMAT.
Rabu pukul 22:24 · Tidak Suka · · Berhenti Langganan
- Anda, Bunda Simata Wayang,Undang Cece, Dasep Setiawan Chonim-anu'kasep, Maya Putry dan 4 orang lainya menyukai ini.
- Tulis komentar...